Beranda

Laman

Sabtu, 18 Agustus 2012

Gelenyu Indung Peuting

gambar kenging tina kompasiana lur... Indung peuting geus ngagupay kalayan dibarung simpe na alam. Padahal can lami sora petasan, mercon jeung lodong silih tembalan bari surak barudak anu atoh rehna bulan puasa rek dipungkas ku dintenan idul fitri anu kantun ngetang jam jaman deui.Hape nu ngagoler ngadadak ngagibrig tandaning aya telepon lebet atanapi aya pesen anu dikintun namina es em es. Rada hoream ningali hape teh da panangan nuju ranggem ku kertas, sapu oge elap da nuju beberes kamar ngarencangan pun bojo nu ti tatadi sumanget ngabuburak meja rias nu pinuh ku barang teu pararauguh.Geuning hape ngagibrig teh aya panggilan anu lebet, ari pas diangkat teh orokaya rada ngahuleng sabab dina waktu nu samporet kudu indit ti imah nedunan perintah tugas nu memang geus kawajiban sanajan waktuna meuni asa kararagok. Komo deui pun bojo rada nyureng pedah rek ditinggalkeun deui padahal jangji ngabantuan beberes kamar. Tapi dalah dikumaha, konsekwensi tugasna kudu daria standbye pikeun siap ngalaksanakeun tugas dina WIB (waktu iraha bae).Langsung nyamber konci mobil, ganti baju sakilat rikat, uluk salam ka jikan. Biurr mangprung ngudag waktu padahal geus tangtu sapoe teh 24 jam.  Indung peuting ngagelenyu marengan anu dituju.....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar