|
gambarunik.co |
"Jang, sabar téh aya batasna," nontoréng sora Abah sabada reureuh
nyabokan uing. Uing répéh bari ngeluk, karasa damis kénca katuhu lalinu.
Tapi keukeuh haté leutik mah teu narima dicabok ku Abah, ngan pédah
rasa ajrih kanu jadi kolot wé teu baruntak téh. "Ari nyanéh naon maksud
kitu peta tadi soré?" Abah nanya bari molotot. "Hapunten bah, sanés
maksad nanaon,". Uing ngajawab lalaunan. "Loba alesan manéh mah, ti
mimiti ayeuna, sia teu meunang ngalanto ka balong". Uing ngahuleng,
bingung. Da rarasaan mah kajadian tadi soré téh ukur heureuy, tamba
kesel wé méakeun waktu ngabuburit. Masang petasan badag dina paparahuan
kertas, dipalidkeun na tengah balong nu pinuh ku nu kongkur di balong
Abah. Ngabeledug satakerna, nepika birat kabéh nu keur nguseup, malah
Bah Omod jeung Ki Juhe nepika kapaéhan. "Ari sakali mah dihampura
Sarjang, ieu mah 10 kali, kaasup Agan Camat gé tigejebur bakating ku
reuwas". Uing tungkul, asa teu rumasa.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar