Wewengkon lapang gedé keur pinuh jelema. Aya panggung tohaga. Gumbrang
gembrung samagaha sora. Motor mobil ngajéngjréng, nyanggéréng. Ti wétan
ti kulon ngaleut ngeungkeuy muru kariaan nu tara unggal poé aya. “Ki,
urang leleson heula di dieu” budak leutik nungtun aki-aki nu geus
kundang iteuk tuluy diuk dina handapeun kiara. Karék gé gék, “Nyingkah
siah! Montong ngotoran di dieu!” Upas molotot, bangun najis nempo nu
rudin. Aki jeung incu, nangtung tuluy ngaléngkah bangun beurat. Genep
léngkah ti na kiara, si aki malik. Nempo deui kana kariaan. Panonna
carinakdak. Si aki niup dampal leungeun ditojokeun ka lapang. Angin
handaruan, langit ngadadak poék bari béntar tinggeleger. Jelema
paburisat. Upas kabawa angin, nyangsang dina tihang listrik. Panggung
runtuh, leungit kabawa amarah alam. Musik eureun. Nu aya patingkocéak.
Sagala pasoléngkrah teu mangrupa. Kariaan obah saharita jadi musibah.
“Hayu cu” Si Aki ngaharéwos ka incu na. Duaan ngabelesur numpak méga
kahariwang.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar