Asup gerbang tol karasa jajantung ngadadak ratug. Teu puguh rarasaan.
Jeung geuning tol téh macét tara-tara ti sasari. Aya kana sa jamna karék
menyat satengah kilométer. "Aya naon nya? Boa kacilakaan?" Gerentes
haté uing. Kaciri dihareup mobil nyarisi ngarah ka kénca. "Jigana di
dieu kajadianna" uing curinghak. Ari pék katempo di tengah jalan tol,
aki-aki anteng sila mendeko. Sirah maké iket ogé awak dipangsi hideung.
Leungeun katuhu melenyun udud. Leungeun kénca nanggeuy buku bari anteb
diilikan. Uing hayang nyacapkeun kapanasaran, ngadon nyisi. Mesin teu
dipareuman tapi lampu hazard dihurungkeun. Pas uing nyampeurkeun, ti
kajauhan geus ngabelenyéh seuri Si aki. Padahal supir mobil séjénna mah
nyebut jalama édan ka si aki téh. Da teu pupuguh ngajémprak di tengah
jalan tol ngahalangan batur. Barang nepi hareupeun Si aki, manéhna
ngasongkeun éta buku bari mikeun pulpen, "Kantun nawis Jang Ibro palih
deui". Bréh ngaran uing aya di dinya lengkep silsilah sapuratina.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar