Sabtu, 18 Agustus 2012

Ulah sompral

TMP Cikutra  Bandung tikatebihan
Tonggak raksasa ngabedega bari mencrong nyaliksik niat jeung tindak tur nyambut saha wae anu datang bari nete kana undakan nu disusun kalawan rapih dumasar kana rumus matematik anu pasti. Bitis rada panas pedah nete antare kana tanjakan nu lumayan mun diitung mah, tapi kusabab loba jelema nya pura-pura teu ripuh we da beungeut dikamanakeun mun pareng kaciri ripuh. Sanggeus mere hormat sewang-sewangan, aya nu ngangkat leungeun kawas tangtara jeung pulisi, aya oge anu unggeuk bari anteb tapi aya oge nu tuturut hormat ngangkat leungeun bari unggeuk.. Urang bandung sigana mah. Tengah peuting alias jam enol enol enol enol, renungan suci dikawitan, dihadiran ku para pupuhu nagri Jawa Barat diantarana pa Gupernur, Kapoldan Pangdam, Kajati, Ka PN, Sekda Jabar oge Walikota, wakil sareng Sekda Kota Bandung. Peserta mah campuh tina sawatara dinas jeung badan ngadon baris tengah peuting bari ginding make jas dasi sewang sewangan.. Gayya pokona mah. Renungan suci karasa khidmat, ngan rada reuwas teh pas dina bagian penghormatan ka arwah pahlawan, aya sora peserta anu rubuh pingsan sigana mah. Rada muringkak oge sabag dina bayangan mah.. Pas hormat ka arwah pahlawan, sabab bilih kirang sopan eta hormat teh di bales ku arwah pahlawan.. Antukna reuwas sabab loba nu ngabales jadi weh kapiuhan.. Ari pek geus ditingal saha nu rubuh teh geuning dulur keneh wae waktu sawatara wanci katukang nyuprih elmu di Pasantren Windu. Ari musababna mah geuning salatri tur teu kiat angin peuting. Orokaya sanggeus di pencetan jeung di minyak sinyongnyong tuluy ku petugas kesehatan di parios mah tiasa jagjag deui.. Bari disangkeh ngajugjug ka parkiran. Tonggak raksasa gerbang makam pahlawan cikutra ngaharewos :.. Matak ulah sompral kang. (Kosong kosong opat tujuh ping tujuh belas agustus duarebu duabelas di TMP Cikutra).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar