Deregdeg muru basisir, guyang cai rasa uyah, babanjur susurakan, nempo
batur anteng ngojay bari tungkul maké kacamata palastik jeung anténeu,
asa kabita, teu kudu maké nu kitu uing mah da di lembur gé jagona ngojay
di leuwi Ciptageni. Beretek lumpat, gajleng, ngojay muru katengah
ngadeukeutan nu keur aranteng, sirahna asup na jero laut. Uing nurutan,
panon dipolototkeun, peurih, tapi nempo taman éndah nu karék kaciri
salila nyunyuhun hulu. Lauk patinggurilap dina karang nu matak uruy.
Sabot kitu dihandapeun aya nu ngojay nyoloyong ngabelegbeg hideung,
badag jeung kaciri panonna nempo ka kuring.
Gebeg, haté ratug awak leuleus, cai laut kainum, peurih, eungap. Uing
ngojay sabisa-bisa, tapi kalahka beuki tilelep. Keur kitu gigireun aya
nu hideung ngadeukeutan, geup leungeun dijéwang, cangkéng aya nu
metot,”tulungggg.. emaa.. bapaa.. ujang can hayang paéh”, lep kapiuhan.
“Lapor Dan, alhamdulilah budak ieu bisa disalametkeun, tadi ngojay
tengah teuing”, ceuk balawisata, Komandanna unggeuk, uing ngahuleng
inget ka kolot.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar