|
www.nomor2.blogspot.com |
Kulit antel matak ngarahuh, méga sirna, sumawonna lalangsé ilang
tanpa karana, nyésakeun balébat soré dipapaés ku katumbiri, nyurup
layung ngagembang rasa. Panangan montél lalaunan milari galur dina
lahunan, bagja tinekanan, soca cureuleuk neuteup anteb, ramo gumeulis
ngusapan taar, bangun deudeuh taya papadana, atoh amarwatasuta. Mung
hanjakal sanajan haté ngagedur hoyong ngedalkeun katresna, geuning
lambeuy kakonci teu tiasa cumarita, padahal ieu waktos nu utami pikeun
ngadugikeun bangbaluh haté. Awak ditangkeup pageuh, raga bungangang jiwa
percéka, karaos pisan éndahna dunya, nyeuseup gumulurna cinta, asih
munggaran nu taya bandingannana.
Silih usap, silih tamplokeun kaasih, mung hanjakal geuning teu aya kecap
nu tiasa kedal, ukur silih teuteup silih kiceup, tandaning asih
ngadalingding, ngagegeba rasa silih simbreuh katresna. Lalaunan
ngiatkeun niat, mageuhkeun pamadegan pikeun ngedalkeun ieu rasa,
ngabudalkeun bendungan jiwa nu teu kiat nahan caah rasa rumasa micinta
ka manéhna, “meongg...meonggg,..meoooong”.
“Si empus lucu, nembe disada ayeuna”, saur neng Mila bari teras ngoconan kuring.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar