Sabtu, 27 Juli 2013
*** J P B C ***
Samagaha manah ngadangu manéhna tos teu lalagasan deui. Ngadon nampi
dipihukum dicangreud ku aturan agama ogé nagara pikeun tuhu ka hiji
lalaki nepi ka pati ngajadi. Émut waktos tepang pamungkas, manéhna
sasauran, "Akang hapunten, Jodo, pati, bagja cilaka (JPBC) mah kagungan
Allah, urang mah istuning wayang, kumaha diigelkeun ku dalang ogé
ditabeuh ku nayaga". Haté angger teu nampi, manah teu ngeunah kedah
peunggas harepan musna kahayang nempo kanyataan jauh méngpar tina
lamunan. Ngan hanjakal dugi ka danget ayeuna teu apal alesannana teu
terang sabab musababna, naha manéhna bet mutuskeun nampi lamaran éta
jelema. Karaos deui bangbaluh haté mingkin abot mun émut ka manéhna.
Sabot anteng kumelendang di alam lamunan, gebeg téh kagebah ku jikan,
“Kang kunaon siga nu teu raraos?, hayu urang ngawilujengkeun ka
pangantén” jikan melong bari metot panangan. Saatos kempel pangacian,
kuring ngaléngkah bari ngaléng pamajikan muru balandongan tempat manéhna
ngadeg ngantos pangwilujeng.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar