“Jang tong peuting teuing ka lembur téh, hariwang di jalan!” Ema papagah
minggu kamari. “Enya” Uing ngajawab sangeunahna. Poé ieu aya waktu
balik ka lembur. Keur Ema jeung Apa mah meuli roti coklat kéju badag.
Jam sabelas peuting Uing indit. Sajajalan simpé poék mongkléng. Teu poho
babacaan satékah polah hususna mun ngaliwatan péngkolan atawa
tungturunan nu pikageueumeun.
Ngagayuh ka tengah peuting, kaciri tugu bodas ngajegir tandaning rék
asup wewengkon kebon entéh. Punduk ngadadak ngandelan. Uing anteng
milihan jalan nyingkahan nu barolong. Kaciri tina spion tengah aya
mahluk laleutik arasup. Tuluy balakécrakan ngadahar roti pesenan. Uing
ngalieuk rék nyarék. Teu tulus, sabab dina jok gigireun aya nu seuri
maké baju sarwa bodas. Gas ditincak sataker kebek. Mobil mangprét.
Anjog hareupeun imah, Apa jeung Ema geus nungguan di buruan. Uing
ngaléhléh dina jok hareup bari jibrug cikésang. Apa muka jok tengah,
ngarampa roti pesenan bari sasauran, “Geus béak Jang saripati na.”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar