|
rifkiadhis.blogspot.com |
“Sia téga ka aing” Batu ngomong bari mencrong ka Kéhkél. “Mamanis jeung
budi geulis téh geuning tungtungna mah tumpur ku waktu. Ngoléab kahakan
jaman. Nyeri!!”. Batu ngomong bari nyawang mangsa baheula nu karasa
pisan éndahna. Ocon jeung Kéhkél saban waktu. Kadang teuleum mun caah
déndéng atawa moyan gogonjakan dina mangsa walungan saat. Kéhkél
tungkul, Batu beuki burahay. “Ku Aing di jait tina bangkarak jadi jegud
di ieu walungan. Sugan téh rék balég, ngadon hianat jeung salingkuh”.
“Uing moal ngahukum sia, uing hayang sia babalik pikir”. Dina jero haté,
Kéhkél seuri da geuning teu di kukumaha ku Batu nu jadi bapa kukutna.
Hartina ngait asih ka Néng Paray, Ceu Mujaér jeung Lulunsamak bisa
dituluykeun nu penting rikip. “Nuhun Ang, Uing rumaos seueur kalepatan,
hampura”. Kéhkél ngaléos rék muru Lulunsamak nu nungguan di léngkob.
Hanjakal sair budak angon kaburu ngajait awak Kéhkél. “Lumayan keur
batur nyarap” Budak angon nyekék Kéhkél tuluy diturih.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar