Source : www.wisdompage.com |
“Kadé ati-ati jang, nu
disanghareupan ku urang téh lain samanéa” papagah pupuhu diaminkeun ku balaréa.
Kabéh nu bajoang lantip tur tarapti. Mapay jalur séwang-séwangan sangkan nepi
kana maksud jeung tujuan. Aya nu mapay tulang tonggong tuluy nyieun markas dina
tunggir, aya ogé nu muru jajantung tapi nyalingker heula dina tikoro da ningali
musuh keur tatan – tatan.
Alhamdulillah mangsana geus
datang, kabéh nyerang. “Gombrang..!!! eoong.. eong!” Sora ucing ngaragragkeun
panci. Uing hudang tibuburanjat, “Adduhh.... kabeurangan.”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar