www-dpunik-com |
Pakanci geus datang deui, jadwal
taunan nu di tungguan ku murid ogé guruna. Odi sapeupeuting teu bisa saré,
guling gasahan hayang geura isukan. Baju jeung bekel metet dina tas gandong, rék
karya wisata ka Jakarta. Ukur ngerejep sajam kaburu di hudangkeun ku si Ema,
“Gancang hudang satéh, tuh si Omod jeung Martobi geus nyampeur”
Odi teu mandi heula, nyamber baju
jeung tas gandong, tibuburanjat ka sakola da sieun tinggaleun.
Beus badag geus ngabedega, diabsén
ku guru, asup tartib bari suka bungah. Sajajalan ocon saleuseurian, jugar wé
kawas di kelas. “Barudak tong marotah teuing!!”, géréwék Bu Aisah wali kelas. Tapi
Odi jeung babaturanna lain eureun ngadon maceuh.
Tuntungna kajadian, di jalur
Puncak nu parual paréol. Borolo si Ibro, dituturkeun jang Kunén.
Teu tinggaleun Odi ngilu partisipasi, utah ngabura kana tonggong supir. Bu
Aisah ongkék
da teu kiat ku seungitna jeroan baham. Beus kapaksa eureun lila da supir jeung
kenékna
ogé
babalongkéngan.
Najan lulungu ge, gajleng muru ka
tukang imah. Geus teu kaburu cingogo na pacilingan. Gebrus-gebrus nyiukan cai
tina kulah, make anggir saeutik ameh rambut teu bau hapeuk teuing. Awak diruru
saperluna. Make baju kaos jeung jin calana sakola, oge syal nu geus ditangtukeun
ku panitia.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar