Bayeungyang nyangkaruk dina
implengan, ngadodoho raga nu teu boga kawasa. Amarah saharita ngabéngbat
waktu jeung rasa, nyésakeun hanjakal nu wedel alah batan témbok
cina. Padahal urusanna teu sapira, ukur salah kecap nu ngajantenkeun juragan
ageung kaisinan dipayuneun rahayatna. Éta ogé nu didugikeun téh
sanés
dongéng
ngeukeupan budak, tapi istuning nyata léngkah
nirca dibulen ku wenang jeung asa aing pangawasa.
Nu asalna geugeut tur kameumeut,
saharita ngagejrét jadi musuh gerot, teu sudi nempo teu hayang nanya.
Langsung ngejat mun kalangkung uing ngagayabag. Ngawitanna mah teu aya
kaawonan, istuning picontoeun, tos mah pinter téh rapékan. Teu bosen ngingetan ogé méré
piwuruk nu dumasar kana luhung kaélmuan. Kana harta tur tahta teu opénan,
kumaha wé
ilaharna. Mung hanjakal ku gogoda hiji deui mah serah bongkokan, sagala tarékah
téh
dumadakan lain keur rahayatna. Tapi kawas nu kabeulit siluman cai, linglung tur
tumut naon waé nu di suhunkeun.
Hate gilig nyingraykeun
bayeungyang, keur nepikeun bebeneran.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar