|
www.id.jabunta.com |
Aya ku nataku ieu mahluk téh, diudag lumpat didagoan cicing,
ditinggalkeun ngadon nuturkeun, giliran uing eureun ngilu eureun,
pirajeuneun pisan. Ambek na mah nyelek kana angen, ngebul tina
ubun-ubun, ngan hanjakal kitu jeung kitu wé béak karep, éta mahluk
euweuh kacapé ngaganggu kana kahirupan uing di dunya nu teu lila ieu.
Sakali mangsa dieupanan ku beuleum peda beureum, sambel tarasi jeung
peuteuy, teu teurak, kalahka béak ku mitoha dibaturan sangu sa boboko.
Dipangngajikeun Yasinan ngarah nyingkah, malik ngaji nu leuwih tartil
tur tajwiz nu pangalusna. Antukna béak déngkak, uing ngajentul, éta
mahluk gé ngajentul. Sabot ngahuleng, bet inget kana laku lampah loba
dosa, sok nganyenyeri dulur, ngabohong ka pamajikan, kolot poho teu
kaopénan, orokaya loba nu kasiksa ku laku julig uing, berebey cimata
nurugtug muru panghampura. Mahluk téa ngadeukeutan, kaciri carinakdak
bari ngaharéwos "kuring nurani anjeun".
Tidak ada komentar:
Posting Komentar