Gura-giru ti tonggoh muru ka walungan. Beuteung ngusial teu bisa di
pungpang. Teu sirikna notog notogkeun manéh kawas di udag ririwa. Nu
janten sabab nyaéta imbit teu tiasa kompromi. Bilih ngabulaéh sanés
wayah, matak guyur salembur éar sadésa. Kuwu hormat kababayan. "Beu
bararaid teuing". Anjog ka walungan, ngarengkog hookeun. Nempo nu nagog
méh di sakabéh tempat. Aya nu sisi leuwi, dina batu, aya nu bari
nyekelan kana dapuran awi. Lolobana mah dinu déét caringogo bari imbit
antel kana cai. Ngabaris kawas anak meri. Aya ogé anu dina léngkob, dina
dapuran cau, deukeut saung, ogé di sisi galengan. Kabéh anteng miceun
bari nyaroo hapé. Uing ampir beakeun lapak, kapaksa méngkol ka kebon
kabeneran aya rungkun nu lénglang kénéh. Bari ngelapan imbit ku daun
jagong, uing karék inget pan sa ider lembur keur ngiluan saémbara fikmin
nu dikintun tina hapé séwang-séwangan. Paingan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar