Handaruan sora gelap ngageunjleung
sakabéh pangeusi haté. Kilat nyueutkeun
niat ngaleutikkeun karep nu di rarancang dina wadah kahariwang. Nu tadi na
tanggah perténtang jadi murungkut, tuluy ngadakom nempokeun burinyayna langit
mecutan méga nu humaregung nahan sakabéh pangharepan. Ngan saurang nu wani ajeg
nangtung bari panon gular giler. Manteng nempokeun tingburinyay langit jeung
jelegurna gelap kawas musik alam nu ngeunaheun keur diteuleuman. Kabéh ngaheruk
nangkeup harigu séwang-séwangan, ngan saurang nu wani ajeg nangtung bari teu
nolih kana amarah alam. Anteng tatajong bari sura seuri. Langit beuki angkeub
angin ngahiuk ngabuntang banting. Kaweur nerekab ka sakabéh mahluk. Nyarumput nyalametkeun
nyawa nyumputkeun dosa. Ngan saurang nu wani ajeg. Gelap curinghak, gogodeg nempokeun nu nangtung
ajeg bangun nangtang. Badami jeung kilat langsung ngabéntar kanu keur ajeg. “Jegur...Burinyay!!”
gelap ngajongjolong, kilat ngajurahroh. Nu nangtung masih ajeg bari najong nu
buleud. Teu hilap ngagorowok “Persib nu Aing”.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar