Minggu, 03 November 2013
*** SEUEUR EMUTAN ***
Magrib ngagayuh ka isya, baluweng minuhan sirah, pasulabreng kahayang
pajurawet dina mastaka. “Ngalamar kabogoh nu mana da kabéhannana geus
dipanjeran, nyicil mobil améh gaya atawa ngaréngsékeun sakola nu
béasiswana geus kadaluarsa?”. Ngahuleng bari ngadaweung, angin peuting
manjangkeun pikir jadi jauh panineungan. Bosen nempokeun nu lalar liwat,
buru-buru asup ka imah kontrakan bari sirah masih beurat ku pasualan.
Gap nyokot anduk saged rék mandi, gejebur gejebur. Karasa tiis seger
nyaliara sakujur awak. Pipikiran mimiti béngras, haté jadi teteg. Karasa
jadi yakin kana pilihan. Lalangit jamban ngabulungbung, awak ngadadak
hampang tuluy ngapung ngaliwatan lalangit tobros kana suhunan.
Ngaluhuran tuluy ngaluhuran, beuki deukeut kana béntang beuki caang
pipikiran. Bulan sapasi mimiti kaliwatan, melongkeun bangun hayang
diusapan. Éndah, tingtrim tur ahéng, poho kana kabingung istuning genah
tumaninah. Di imah kontrakan, gujrud nu mandi teu kaluar-luar. Pa RT
jeung hansip ngadobrak panto jamban. Aya nu ngabugang.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar