“Samentawis urang dipasihan tugas
heula, bapa Mikdadna teu lebet” Uing ngabéwarakeun info bieu ti ruangan guru.
“Horséhhh!!!” “Asyik euy” babaturan aratoheun, aya nu keprok ogé tatalu. Kelas
jadi haneuteun. “Tapi wayahna ulah kaluar kelas, engkin wé pas jam istirahat”
Uing ngagorowok. “Okéh komandaan” saur manuk. Kabéh anteng ngerjakeun tugas séwang-séwangan.
Ngan 15 menit tugas geus réngsé,
uing ngodok saku kabeneran sésa peuting aya kénéh. Petasan sagedé jempol
jeung kertas pahpir, panyundutna dibungkus
ku kertas pahpir méh rada lila ngabeledugna. Uing lajag-léjég ngaroris nu keur
anteng nyieun tugas, maklum ka’ém alias katua murid. Diuk dina korsi guru gé
euweuh nu nyarék da ka’ém, bari lalaunan petasan pahpir disimpen dina jero méja
guru, teu poho dihurungkeun maké panékér. Koléséd uing balik ka méja sorangan,
kabayang babaturan bakal rareuwaseun.
Teu itungan detik, panto kelas
ngarekét. Bu Fatimah guru anyar asup muru ka méja guru bari nyarios, “Ibu
samentawis nu ngagentos pa Mikdad, sok nu atos kempelkeun di méja.” Uing sepa
sabab pasti aya kajadian nu bakal tumiba.
Blédaggg!!! Sora petasan
handaruan, "Aduuuh", kocéak bu Fatimah langsung kapiuhan. Guru rabul muru ka kelas. Isukna
Uing libur tilu poé, di skor.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar