Poé minggu geus kacipta, poé nu éndah jeung manéh na. Sanggeus
tilu bulan dikerem alatan ngilu pendidikan dasar militér. Ayeuna sapoé jeput di
béré waktu bébas, ulin kamana waé nepi ka jam sapuluh peuting. Kaméja jeung pantalon nyiripit meunang ngaléot.
Sapatu hérang , dompét metet bekel keur
ulin jeung manéhna ka Ciater. Rék ngadon
suka bungah bari guyang ka asih. Ngan hanjakal, jelema ngarencana Gusti Allah
anu nangtoskeun. Kapanggih di wésé asrama aya nu miceun teu di banjur. Ditanya ku
perwira euweuh nu ngaku, ngabetem, sieun
jeung éra. Tungtungna kabéh di hukum, nantung ngabaris muru kana panto wésé. Bari
ditalék, “Manéh nu modol teu di banjur?” “Siap, sanés pa!”. “Cabak ku leungeun
katuhu, racék!! tuluy nangtung di tukang!” Sora Komandan handaruan.
Ba’da ashar karék bisa kaluar ti asrama, manéh na geus
teuing kamana. Hapé na dipareuman alatan kuciwa. Uing ngajentul jeung
babaturan. Saminggu teu bisa dahar maké leungeun katuhu.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar