Pahareup-hareup jeung pamajikan di kafé gaya arab téh kalah
tingharuleng. “Mah, kunaon atuh bet jamedud kitu? Anggursi urang dahar”.
“Hayang jelas heula nu sabenerna”. “Pan akang geus ngomong tadi yén
kakara ka kafé ieu mah”. “Teu percaya” jikan jejebris. Karasa kaambek
nyelek, asa dihulag. Rarasaan mah ngajak ka ieu kafé téh keur
nyenangkeun jikan. Lain duit saeutik, kudu buking heula malem minggu
mah, jeung pastina harga dahareunna gé mahal. Dahar duaan bisa béak
satengah juta. Tapi keun baé da niatna gé hadé. “Pokona saencan akang
ngaku kungsi ka kafé ieu, iraha jeung saha, kakara mamah rék dahar. Mun
teu ngaku mah bedo wé!!”
Pipikiran baluweng, ambek, keuheul, ogé hanjakal. “Dasar teu bisa
dipikanyaah. Diajak dahar ngeunah kalahka suudon, geus urang balik wé”
Uing singkil ninggalkeun salatat bunidoora, sangu kabsah, samosa ogé
yoghurt kurma. Mayar, tuluy asup kana mobil. “Sumpahna gé kakara ayeuna
ka kafé ieu jeung mamah mah” gerentes haté.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar