Kamis, 20 Februari 2014

**** NGADADAK RAAT ****

thismynewworld.blogspot.com
Cihujan notog-notogkeun diri dina balébat soré. Ngarawu layung ku angkeubna katugenah. Totondén jagad keur disimbreuh rejeki mangrupa cai, nu ogé ngadatangkeun kasedih mun leuwih ti misti. Néng Ésih ngajentul dina bangbarung, nyerangkeun ngagidigna harepan nu ngaléos kabawa gulidag caah hanjelu.
Cihujan masih ayeuh-ayeuhan, nyumangetan nu keur getas pangharepan. Sanajan haté leutik teu bisa dibobodo, tapi geuning gudawang rasa mah teu bisa walakaya. Néng Ésih melong kosong bari ngarampa haténa,”Nyaah kénéh ka kang Somad téh, ngan hanjakal bet unggah adat poho kana tanggungjawabna. Ari kieu-kieu teuing mah mening nékad waé.”
"Pira ogé ditinggalkeun nongton Pérsib, meuni bangkenu saawak-awak," Somad lalaunan ngolo nu ambek bari aluman alimen.
Ésih ngagorowok, "Nya ari sapoé mah téu nanaon kang, ieu mah samusim pertandingan!!!" Bari ngabelewerkeun asbak muru tarang carogé. Cihujan ngadadak raat bari muringis.

*** MOBIL ANYAR ***

“Kunaon maneh ngahuleng waé?” Amin nanya ka Jaja. “Keur bingung, bulan kamari uing balaka ka dunungan hayang kawin deui, éta néng Sumi anu kamari magang di dieu téa. Tapi dunungan lain nyarékan, kalahka mobil operasional uing nu Katana langsung diganti Pajéro sport nu anyar.“ Amir seuri, “Alus atuh éta téh hartina dunungan surti ku kahayang manéh.”
“Aya ku bagja manéh mah Ja, hayang kawin deui didukung pisan ku dunungan, naon tah jampéna?” Amin mencrong kabita, kabayang néng geulis nu camperenik jeung mobil anyar anu luis. “Nu jadi riweuh, sabulan maké mobil anyar, nombok gedé pisan keur meuli pertamina déx da hargana tilu tikel tinu biasa”.
Jaja nuluykeun, “Uing bébéja deui ka dunungan tadi isuk” Dunungan sasauran, “Montong loba kahayang jang ari teu mampuh mah. Tah mobil anyar téh ibarat jikan anyar, mahal keur miarana. Geus ayeuna mah balik ka imah, ménta hampura ka jikan, tong poho mobil pulangkeun.”

**** SALIN JINIS ****

sumber : karyapuisi.com
Awak luis wujud sampulur konéng ngalémpéréng. Hasil sataun tapa nyingkahan nista. Eureun tina guyang kadunyaan, mopohokeun kana ageman alam. Tipoporosé ngungudag bentang kahirupan nu ngan saukur kalangkang. Kalahka raheut gudawang dibéngbat kahariwang.
Ayeuna geus salin jinis mindah rupa. Istuning robah sagala rupana, jiga anyar. matak sérab nu ngayuga gimir nu malipir, ajrih kajero-jerona. Perténtang nincak kahayang, bangun anteb dina mapay kanyataan.
Sanajan dina jero sanubari mah, tetep rumasa teureuh kampung bau lisung, masih loba kaéra. Tapi geuning guguru ka waktu diajar ku kaayaan mah, teu karasa jadi bisa. Dimimitian léléngkah halu, kadang titatarajong. Satuluyna mah bisa leumpang, lumpat ngabelesat ngawang-ngawang ngalukis alam, ku warna warni nu pinuh ku kaéndahan. Kasempetan kadua kudu bisa miara nepika junun kayungyun tur percéka. Cag.

****PAPAGAH EMA****

Bari rancucut nepi ogé ka buruan imah. Sora mio meuni écés dina peuting nu sepi jempling. Sanggeus motor pareum, peuting nu poék karasa beuki caméwék. Lalaunan uluk salam, “Assalamualaikum.” nu nembalan suwung. “Sigana geus sararé” gerentes haté, Mio ditungtun ka pipir ngaliwatan dapuran cau nu rada hieum. Maksud téh muru panto tukang sugan wé can ditulakan. Ngaliwat dapuran cau asa karasa aya nu nuturkeun. Dilieuk téh ucing hideung ngadepong bari melongkeun. “Lumayan aya nu maturan” gerentes téh. Mio tuluy didorong ngadeukeutan panto tukang, alhamdulilah can ditulakan.
Sarérét kaciri ucing hideung ngadeukeutan. Pas dilieuk téh keur melong wé kana beungeut uing. Jug inget papagah ema,” Mun aya sato tengah peuting, ati-ati jang. Bisi kajajadén. Hayang nyaho sato atawa lain mah, taros wé. Mun sato mah sok tuluy ngaléos.” Rikat uing nanya bari mencrong, ”Manéh ucing lain?” “Muhun ucing” Ucing hideung ngajawab rada ngirung bari nyéréngéh. Tetempoan poék saharita.