Minggu, 03 November 2013
*** KARPET BULUDRU ***
Poé ieu poé munggaran Kuwu anyar asup ka kantor désa sanggeus ngiluan
diistrénan tadi isuk-isuk di pendopo. Kuwu anyar lajag léjég. “Lis!,
sabara urang pagawé di dieu?”. “Genepan Gan” Ulis ngawaler. “Rohangan
uing beulah mana?” “Palih katuhu rohangan pang ageungna”. Kuwu anyar
ngagedig muru rohangan gawé, di tukangeun Ulis jeung Olot nuturkeun.
Asup na rohangan, culang cileung niténan sarupaning barang nu aya di
dinya. Teu lila Kuwu ngagorowok, “Karpét buludru kandel nu nutupan ubin
ieu bisa di laan teu? Teu resep uing mah”. Ulis jeung Olot
papelong-pelong. “Mangga Gan, tiasa di laan” walon Ulis rada dareuda.
Bubuhan karpét buludru éta meunang réréongan nyisihkeun tina ladang ktp,
bantuan désa jeung duit raskin. Pangbagéa keur kuwu anyar. Ari pék
geuning kitu pamolahna. “Isuk kudu geus di laan!” Kuwu anyar ngagorowok
deui. Ulis tungkul. Isukna karpét kandel suwung, ogé méja, korsi, lomari
jeung brankas. Padahal panto dikonci. Kaciri lalangit bolong urut
jelema asup.
*** SEUEUR EMUTAN ***
Magrib ngagayuh ka isya, baluweng minuhan sirah, pasulabreng kahayang
pajurawet dina mastaka. “Ngalamar kabogoh nu mana da kabéhannana geus
dipanjeran, nyicil mobil améh gaya atawa ngaréngsékeun sakola nu
béasiswana geus kadaluarsa?”. Ngahuleng bari ngadaweung, angin peuting
manjangkeun pikir jadi jauh panineungan. Bosen nempokeun nu lalar liwat,
buru-buru asup ka imah kontrakan bari sirah masih beurat ku pasualan.
Gap nyokot anduk saged rék mandi, gejebur gejebur. Karasa tiis seger
nyaliara sakujur awak. Pipikiran mimiti béngras, haté jadi teteg. Karasa
jadi yakin kana pilihan. Lalangit jamban ngabulungbung, awak ngadadak
hampang tuluy ngapung ngaliwatan lalangit tobros kana suhunan.
Ngaluhuran tuluy ngaluhuran, beuki deukeut kana béntang beuki caang
pipikiran. Bulan sapasi mimiti kaliwatan, melongkeun bangun hayang
diusapan. Éndah, tingtrim tur ahéng, poho kana kabingung istuning genah
tumaninah. Di imah kontrakan, gujrud nu mandi teu kaluar-luar. Pa RT
jeung hansip ngadobrak panto jamban. Aya nu ngabugang.
Senin, 21 Oktober 2013
*** NAWIS ***
Asup gerbang tol karasa jajantung ngadadak ratug. Teu puguh rarasaan.
Jeung geuning tol téh macét tara-tara ti sasari. Aya kana sa jamna karék
menyat satengah kilométer. "Aya naon nya? Boa kacilakaan?" Gerentes
haté uing. Kaciri dihareup mobil nyarisi ngarah ka kénca. "Jigana di
dieu kajadianna" uing curinghak. Ari pék katempo di tengah jalan tol,
aki-aki anteng sila mendeko. Sirah maké iket ogé awak dipangsi hideung.
Leungeun katuhu melenyun udud. Leungeun kénca nanggeuy buku bari anteb
diilikan. Uing hayang nyacapkeun kapanasaran, ngadon nyisi. Mesin teu
dipareuman tapi lampu hazard dihurungkeun. Pas uing nyampeurkeun, ti
kajauhan geus ngabelenyéh seuri Si aki. Padahal supir mobil séjénna mah
nyebut jalama édan ka si aki téh. Da teu pupuguh ngajémprak di tengah
jalan tol ngahalangan batur. Barang nepi hareupeun Si aki, manéhna
ngasongkeun éta buku bari mikeun pulpen, "Kantun nawis Jang Ibro palih
deui". Bréh ngaran uing aya di dinya lengkep silsilah sapuratina.
Selasa, 15 Oktober 2013
***Lupakan Masalahmu, Mari Bergoyang***
Suara musik dangdut yang keras ditingkahi tepuk tangan penonton memompa semangat biduan lokal bergoyang dan bernyanyi dibalut rok mini dan stoking sewarna kulit sambil tak henti mengajak hadirin untuk berdendang dan menggerakan anggota badan.
Empat pemuda dan tiga orang tua berjoged dengan gaya seenaknya menikmati alunan musik yang berkumandang tiada hentinya. Meskipun sering petugas keamanan menarik keluar arena karena tingkah dan gerakan yang tidak terkontrol. Apa sebab? Sepintas dapat dilihat bahwa para penjoged sedang teler karena menenggak minuman keras. Mata merah ketawa dan senyum sendiri sambil bergoyang mengejar alunan nada yang menggema di relung kehidupan dan mengantar pasangan pengantin baru memasuki hutan belantara kehidupan bersama yang sebenarnya.
Empat pemuda dan tiga orang tua berjoged dengan gaya seenaknya menikmati alunan musik yang berkumandang tiada hentinya. Meskipun sering petugas keamanan menarik keluar arena karena tingkah dan gerakan yang tidak terkontrol. Apa sebab? Sepintas dapat dilihat bahwa para penjoged sedang teler karena menenggak minuman keras. Mata merah ketawa dan senyum sendiri sambil bergoyang mengejar alunan nada yang menggema di relung kehidupan dan mengantar pasangan pengantin baru memasuki hutan belantara kehidupan bersama yang sebenarnya.
***Akil Mochtar tertangkap basah atau Tertangkap tangan?***
Mengamati, melihat dan mendengarkan ataupun tak sengaja mendengar di radio dan televisi beberapa hari ini sangat erat dengan keterkejutan banyak pihak kaitan penangkapan Bapak Akil Mochtar Ketua Mahkamah Konstitusi. Meski untuk selanjutnya saya akan menulis Akil Mochtar saja karena rasa hormat kepada beliau telah musnah seiring dengan kejadian yang mengguncang seluruh sendi kehidupan berbangsa dan bernegara khususnya di bidang supremasi hukum.
Ingin menulis dari sudut pandang hukum dan tata negara. Tetapi secara kompetensi banyak yang lebih pantas untuk hal itu seperti yang telah dilansir di berbagai media dan menghiasi serta mendominasi pemberitaan 3-4 hari ini. Jadi sisi lain saja yang mungkin tidak menarik bagi yang lain tetapi menarik bagi diriku ini.
Ingin menulis dari sudut pandang hukum dan tata negara. Tetapi secara kompetensi banyak yang lebih pantas untuk hal itu seperti yang telah dilansir di berbagai media dan menghiasi serta mendominasi pemberitaan 3-4 hari ini. Jadi sisi lain saja yang mungkin tidak menarik bagi yang lain tetapi menarik bagi diriku ini.
***Panghadena Ibadah***
Sapeupeuting takbiran di masigit nyacapkeun rasa buméla kana agama.
Nambah pahala dina peuting anu mangkat bagja. Mingpin takbir, teu
sirikna mix teu lesot iwal mun kahampangan atawa miceun sabab wareg
teuing ngadaharan susuguh. Balik ka imah ukur mandi, salin gamis anyar,
biur deui ka masigit di baturan adzan shubuh.
Réngsé sholat shubuh, mix dikeukeuweuk deui. Padahal sora geus béak ogé
panon beurat ku katunduh. Santri jeung olot ngan bati gogodeg.
Maklumeun kana niat jeung sumanget ibadahna uing. Tapi sanggeus asup
acara inti mah uing ngoléséd ka juru bari ngadéngékeun biantara nu
dituluykeun sholat sunat idul adha. Sholat bari nundutan, attahiyat
ahir uing ngalenggut, kahudangkeun pas réngsé solat. Uing gasik bébérés
sajadah. Cengkat tuluy nyokot sendal bari ngiclik kaluar masigit rék
balik ka imah. Hadirin nu kaliwatan melongkeun ka uing nu balik ti
heula. Nepi ka imah asa aya nu salah. Ngahuleng. Gebeg!! rarasaan
jumaahan, pan khutbah iéd na ogé encan.
***DITEWAK KAPEKA***
Langit alum méga nyegruk, nyakseni kampung Sipatahunan di tutugan gunung
Kamalangké nu simpé combrék ngadadak geunjleung sabab kasumpingan
rombongan jalmi ti kota. Samagréng pakarang bedil panjang ningker
sasaungan aki Jum'an. Tatangga nyarumput dina enggon séwang-séwangan.
Teu wani noong tina sela bilik atawa palupuh. Sieun kumaonam.
Kaciri aki Jum'an di borogod. Bangkol meulit na leungeun. Di bawa asup
kana mobil tuluy ngadius ninggalkeun lembur muru dayeuh. Kampung
Sipatahunan ngaheruk. Leungiteun.
Di ruang interogasi aki Jum'an wakca balaka, ngadongéng sagala na. Ti
mimiti sasayogian, éksékusi nepi ka balik mawa hasil. Butuh stamina
prima ogé konséntrasi maksimal. Tim interogasi KPK unggut-unggutan. Aki
Jum'an di téwak téh sabab aya info geus rutin nyadap méh unggal poé.
Padahal prosés penyadapan téh teu bisa samanéa, kudu petugas nu boga
wewenang ogé aya ijin ti pengadilan. Aki Jum'an ngadongéng pakarang keur
nyadap téh péso, batok kalapa, korang,tali, awi jeung injuk. Tim
interogasi KPK silih pelong.
Sabtu, 28 September 2013
***BENDU***
Wewengkon lapang gedé keur pinuh jelema. Aya panggung tohaga. Gumbrang
gembrung samagaha sora. Motor mobil ngajéngjréng, nyanggéréng. Ti wétan
ti kulon ngaleut ngeungkeuy muru kariaan nu tara unggal poé aya. “Ki,
urang leleson heula di dieu” budak leutik nungtun aki-aki nu geus
kundang iteuk tuluy diuk dina handapeun kiara. Karék gé gék, “Nyingkah
siah! Montong ngotoran di dieu!” Upas molotot, bangun najis nempo nu
rudin. Aki jeung incu, nangtung tuluy ngaléngkah bangun beurat. Genep
léngkah ti na kiara, si aki malik. Nempo deui kana kariaan. Panonna
carinakdak. Si aki niup dampal leungeun ditojokeun ka lapang. Angin
handaruan, langit ngadadak poék bari béntar tinggeleger. Jelema
paburisat. Upas kabawa angin, nyangsang dina tihang listrik. Panggung
runtuh, leungit kabawa amarah alam. Musik eureun. Nu aya patingkocéak.
Sagala pasoléngkrah teu mangrupa. Kariaan obah saharita jadi musibah.
“Hayu cu” Si Aki ngaharéwos ka incu na. Duaan ngabelesur numpak méga
kahariwang.
Minggu, 22 September 2013
Cara Mengetahui Keaslian Emas Logam Mulia

![]() |
| Gambar 1. garis2 dg UV |
Se-iring dengan perkembangan teknologi, PT Antam Tbk. juga mengembangkan tingkat keamanan yang semakin baik untuk produk cetakan milik mereka.
Untuk mengetahui keaslian logam mulia ada 2 cara. Cara pertama dari sertifikat dan cara kedua adalah memperhatikan produk emas Logam Mulia nya itu sendiri.
Kita akan membahas teknik pertama, yakni dari sertifikat terlebih dahulu.![]() |
| Gambar 2 |
Inspeksi Keaslian Melalui Sertifikat
PT Antam Tbk. cukup pintar dalam hal sertifikat, mereka menggunakan printing security untuk cetakan sertifikat mereka. Berikut ini adalah ciri-ciri sertifikat emas logam mulia yang asli.
1. Dibawah sinar ultra violet akan ada strip-strip / garis-garis minor warna warni seperti layaknya uang kertas.
2. Dibawah ultra sinar violet ada blok / blok berwarna hijau di setiap deskripsi detail / detil pada sertifikat tersebut.
3. Diterawang dibawah sinar akan terlihat logo watermark perusahaan pencetak sertifikat tersebut, yakni PT. Swadharma Eragrafindo Sarana
![]() |
| Gambar 3. |
Tampilan Detail Sertifikat emas Logam Mulia

- Alamat resmi Unit Pemurnian Logam Mulia.
- Tingkat Kemurnian Emas Logam Mulia.
- Berat Emas Logam Mulia dalam gram.
- Dimensi ukuran pecahan emas logam mulia dalam milimeter.
- Kode seri pada emas logam mulia jikalau tersedia. Kode seri ini juga akan ter - engrave di Logam Mulia nya juga. Kode seri tidak ada untuk pecahan 1 gram hingga 5 gram. Kode seri hanya ada pada pecahan 10 gram desain terbaru 28 Februari 2011 ke atas.
Inspeksi Keaslian melalui Emas Logam Mulia
Dengan catatan inspeksi ini hanya berlaku untuk cetakan minted bar. Untuk cetakan cast bar dari pecahan 250gr dan 1.000gr maka teknik ini tidak dapat digunakan.
Ada cetakan 3 dimensi atau kerap dibilang hologram juga. Cukup dengan meng ulik-ulik minted bar tersebut maka tulisan M akan berubah menjadi huruf L. Begitu juga sebaliknya. L dan M ini merepresentasikan arti Logam Mulia pada minted bar tersebut. Cetakan ini berlaku mulai dari pecahan terkecil 1 gram hingga 100 gram.
-------------------------------------------------------- ***** ------------------------------------------------------
Sumber :
http://support.antamgold.com/index.php?/Knowledgebase/Article/View/8/5/cara-mengetahui-keaslian-emas-logam-mulia
Posted by Indra Sjuriah on 26 March 2012 11:00 AM
***ALIH PROFESI***
Geus tilu poé mang Juhé eureun ngaboséh odong-odong ngurilingan dayeuh
Tarumanagara. Ti saprak manggih tabung oksigén ngagolér hareupeun
golodog. Sanggeus diulak ilik, tuluy diajaran maké selang keur ngeusian
balon palastik. Teu nyangka, balon eusi oksigén téh payu ka tatangga,
patatalépa antukna loba sémah nu ngahaja meuli paloba-loba. Tabung
oksigén eusi na teu béak-béak, jadi rejeki keur mang Juhé jeung anak
pamajikan. Ngan ti harita, warga dayeuh jadi kasiksa. Ngarénghap jadi
eungap. Hawa nyongkab matak peurih kana tikoro. Karasa seger deui mun
geus nyeuseup eusi balon mang Juhé. Mang Juhé ngadadak kakoncara, jadi
tokoh harepan keur lumangsung na kahirupan manusa.
Tabung jadi primadona, loba pihak nu niat ngarebut maké sagala rupa cara. Bari ngusapan tabung oksigén nu geus teu mangrupa alatan diparebutkeun ku politisi jeung gegedén nu teu boga rasa. Mang Juhé meuncit eta tabung bari carinakdak. Tabung ngulahék, eusi na ngagelenyu. Ngapung muru ka sawarga.
Tabung jadi primadona, loba pihak nu niat ngarebut maké sagala rupa cara. Bari ngusapan tabung oksigén nu geus teu mangrupa alatan diparebutkeun ku politisi jeung gegedén nu teu boga rasa. Mang Juhé meuncit eta tabung bari carinakdak. Tabung ngulahék, eusi na ngagelenyu. Ngapung muru ka sawarga.
Langganan:
Postingan (Atom)




