Rabu, 23 April 2014

***Teu Dikota Teu Didesa***

Ma Ésih tos rada reugreug ayeuna mah ningali nyi Arum bérag deui. Dua sasih huleng jentul alatan pegat katresna pagujud cinta sareng urang dayeuh ditempat kuliahna. Antukna sakola kaluli-luli, uih ka lembur bari bingung. Padamelanna mung ngalamun dibarung reumbay cisoca. Alhamdulilah ku kanyaah indung ogé kiatna mereketkeun du’a kanu kawasa, ayeuna néng geulis téh tos sumanget deui. Malih meuni rajin pisan ngaos unggal dinten, diwuruk ku Mama Haji kokolot lembur.
Mung hanjakal teu lami, tadi siang kapendak tos nguluwut deui bari inghak-ingkahan. “Kunaon deui nyai?” Ma Ésih naros bari ngusapan pinuh kadeudeuh. “Hapunten ema, geuning teu dikota teu di kampung. Pameget mah buhaya!!”, “Naha kitu geulis?” Ma Ésih kerung. “Muhun kapungkur pa dosén alim mirak bojona, ayeuna di dieu Ki Haji ogé keukeuh alim mirak bojona. Padahal nyai tos sayogi dipihukum janten nu kaopat. Teras ieu kumaha nasibna?” Nyi Arum ngawaler bari nyepeng patuanganna, nginghak. Ma Ésih ngajentul ngaraga meneng.

Salah Resép

"Mang, sugan boga bongbolongan béjaan uing" Jang Kahmad curhat ka Mang Émod. Sabab geus béak déngkak hayang ngabegangan, tapi can hasil waé. Kalahka beuki bayuhyuh, geus ngaliwatan sakintal ditimbang tadi beurang di héleran Haji Sirod téh. Mang Émod ngajawab, "Gampang jang, mamang mah bisa ngajaga awak sikpék kieu téh nu pasti olahraga, ogé jarang dahar sangu diganti ku bubuahan." “Cikan urang cobaan, nuhun mang" Jang Kahmad ngadadak marahmay, meunang cara pikeun ngabéréskeun masalah intérn ieu.
Heuleut tilu bulan ti harita, Mang Émod kapareungkeun panggih jeung Jang Kahmad, "Naha geuning beuki lintuh jang?" Jang Kahmad ngajawab bari nguluwut, " Resép mamang téh teu metu. Padahal neda siang tos digentos ku cau sareng alpuket, wengina uing anti sangu tapi digentos ku durén. Tapi angger wé ngajérébengbéng kieu." Mang Émod imut bari gagaro. Hatena norowéco.

Kamis, 20 Februari 2014

**** NGADADAK RAAT ****

thismynewworld.blogspot.com
Cihujan notog-notogkeun diri dina balébat soré. Ngarawu layung ku angkeubna katugenah. Totondén jagad keur disimbreuh rejeki mangrupa cai, nu ogé ngadatangkeun kasedih mun leuwih ti misti. Néng Ésih ngajentul dina bangbarung, nyerangkeun ngagidigna harepan nu ngaléos kabawa gulidag caah hanjelu.
Cihujan masih ayeuh-ayeuhan, nyumangetan nu keur getas pangharepan. Sanajan haté leutik teu bisa dibobodo, tapi geuning gudawang rasa mah teu bisa walakaya. Néng Ésih melong kosong bari ngarampa haténa,”Nyaah kénéh ka kang Somad téh, ngan hanjakal bet unggah adat poho kana tanggungjawabna. Ari kieu-kieu teuing mah mening nékad waé.”
"Pira ogé ditinggalkeun nongton Pérsib, meuni bangkenu saawak-awak," Somad lalaunan ngolo nu ambek bari aluman alimen.
Ésih ngagorowok, "Nya ari sapoé mah téu nanaon kang, ieu mah samusim pertandingan!!!" Bari ngabelewerkeun asbak muru tarang carogé. Cihujan ngadadak raat bari muringis.

*** MOBIL ANYAR ***

“Kunaon maneh ngahuleng waé?” Amin nanya ka Jaja. “Keur bingung, bulan kamari uing balaka ka dunungan hayang kawin deui, éta néng Sumi anu kamari magang di dieu téa. Tapi dunungan lain nyarékan, kalahka mobil operasional uing nu Katana langsung diganti Pajéro sport nu anyar.“ Amir seuri, “Alus atuh éta téh hartina dunungan surti ku kahayang manéh.”
“Aya ku bagja manéh mah Ja, hayang kawin deui didukung pisan ku dunungan, naon tah jampéna?” Amin mencrong kabita, kabayang néng geulis nu camperenik jeung mobil anyar anu luis. “Nu jadi riweuh, sabulan maké mobil anyar, nombok gedé pisan keur meuli pertamina déx da hargana tilu tikel tinu biasa”.
Jaja nuluykeun, “Uing bébéja deui ka dunungan tadi isuk” Dunungan sasauran, “Montong loba kahayang jang ari teu mampuh mah. Tah mobil anyar téh ibarat jikan anyar, mahal keur miarana. Geus ayeuna mah balik ka imah, ménta hampura ka jikan, tong poho mobil pulangkeun.”

**** SALIN JINIS ****

sumber : karyapuisi.com
Awak luis wujud sampulur konéng ngalémpéréng. Hasil sataun tapa nyingkahan nista. Eureun tina guyang kadunyaan, mopohokeun kana ageman alam. Tipoporosé ngungudag bentang kahirupan nu ngan saukur kalangkang. Kalahka raheut gudawang dibéngbat kahariwang.
Ayeuna geus salin jinis mindah rupa. Istuning robah sagala rupana, jiga anyar. matak sérab nu ngayuga gimir nu malipir, ajrih kajero-jerona. Perténtang nincak kahayang, bangun anteb dina mapay kanyataan.
Sanajan dina jero sanubari mah, tetep rumasa teureuh kampung bau lisung, masih loba kaéra. Tapi geuning guguru ka waktu diajar ku kaayaan mah, teu karasa jadi bisa. Dimimitian léléngkah halu, kadang titatarajong. Satuluyna mah bisa leumpang, lumpat ngabelesat ngawang-ngawang ngalukis alam, ku warna warni nu pinuh ku kaéndahan. Kasempetan kadua kudu bisa miara nepika junun kayungyun tur percéka. Cag.

****PAPAGAH EMA****

Bari rancucut nepi ogé ka buruan imah. Sora mio meuni écés dina peuting nu sepi jempling. Sanggeus motor pareum, peuting nu poék karasa beuki caméwék. Lalaunan uluk salam, “Assalamualaikum.” nu nembalan suwung. “Sigana geus sararé” gerentes haté, Mio ditungtun ka pipir ngaliwatan dapuran cau nu rada hieum. Maksud téh muru panto tukang sugan wé can ditulakan. Ngaliwat dapuran cau asa karasa aya nu nuturkeun. Dilieuk téh ucing hideung ngadepong bari melongkeun. “Lumayan aya nu maturan” gerentes téh. Mio tuluy didorong ngadeukeutan panto tukang, alhamdulilah can ditulakan.
Sarérét kaciri ucing hideung ngadeukeutan. Pas dilieuk téh keur melong wé kana beungeut uing. Jug inget papagah ema,” Mun aya sato tengah peuting, ati-ati jang. Bisi kajajadén. Hayang nyaho sato atawa lain mah, taros wé. Mun sato mah sok tuluy ngaléos.” Rikat uing nanya bari mencrong, ”Manéh ucing lain?” “Muhun ucing” Ucing hideung ngajawab rada ngirung bari nyéréngéh. Tetempoan poék saharita.

Sabtu, 11 Januari 2014

***Corporate Social Responsibility-CSR***

http://cmokorea.tistory.com/116
Tengah peuting di péngkolan nu rada suni kaciri hiji wanoja rancunit maké mantel bulu ngadeukeutan bapa-bapa jeung nonoman nu keur ngariung. “Punten bilih aya nu badé ngersakeun, mangga haratis”, éta wanoja bari mukakeun mantel buluna. “Astagfirullohal adzim, nanaonan ieu téh?”, Abah Sarmad ngarénjag bari melong. Jang Ibro jeung Cép Duléx ogé mencrong teu kiceup-kiceup. Mang Bahro tungkul bari kunyam-kunyem babacaan. “Badé moal?”, wanoja rancunit naros deui kanu karempel. Hookeun. Keur ting haruleng, katingali dua urang Satpol PP muru ka éta patempatan. Wanoja rikat nutupkeun deui mantel buluna, ngan teu tiasa lumpat da kabujeng dicerek.
Di pos keamanan wanoja téh ditalék, “Anjeun ngalanggar Perda Asusila, wayahna kudu dihukum”. “Teu rumaos ngalanggar abdi mah pa, da tadi mah sanés icalan. Diharatiskeun malih mah”, eta wanoja ngabéla diri. “Naha bisa kitu?”, “Muhun abdi téh kaleresan dinten ieu icalan téh mucekil, malih mah batina ageung. Tah nu nembé nawisan haratis téh dina raraga CSR”.

Rabu, 18 Desember 2013

*** TEU PERCAYA ***

Sanggeus dunungan asup, uing muru tempat parkir. Karék gé mareuman mobil, hapé di sada. Buru-buru di angkat, “Jang, dus bodas candak ka dieu, ka kamar 1217”. “Mangga gan”, Uing rikat turun, ngincid ngajingjing dus ka jero hotél. Sanggeus nanya ka satpam, uing muru lift. Hadé milik, dina lift aya nu rancunit. Manéhna imut matak ratug jajantung.
“Kulem di dieu kang?”
“Sumuhun néng”
Bari teu weléh imut, kusiwel nu geulis ngodok tas na tuluy ngasongkeun kertas leutik, “Bilih peryogi, engkin tabuh sapuluh wengi abdi fréé”.
“Haturnuhun néng”,Uing ngembang kadu.
Di lantéy 8 manéhna pamit. Duh bingah amarwatasuta, Asa gaduh dulur. “Engké urang telepon ah”, gerentes haté. Anjog ka kamar dunungan, keketrok bari uluk salam. Dunungan nitah asup bari nanya,”Kumaha resep di hotél téh jang?”. “Sumuhun gan”, Uing ngajawab sumanget, bari tuluy ngadongéngkeun panggih  jeung nu rancunit dina lift. Gaduh baraya anyar. Dunungan nyéréngéh, “Éta téh ublag jang”. Uing ngahuleng. Teu percaya.

*** TEU KAUDAG ***

photomobilmodif.blogspot.com
Mimiti na keur anteng nyetir, jug sérépét mobil hideung nyiap. Pletak!!! Spion katuhu katodél. Nyel téh ambek. “Gejul siah, kawas jalan boga sorangan”, Uing ngagorowok bari rénghap ranjug. Teu antaparah deui, gancang gas di tincak. Panon mencrong buntut mobil hideung nu nyemprung hareupeun. Teu butuh waktu lila, geus ka ciri si gejul téh. Ebreh Avanza hideung. Ngudag bari lampu kiceup-kicep jeung klakson di sadakeun. Avanza hideung lain eureun, kalah beuki nyemprung. Tungtungna mah nékad, di salip ti kénca bari rada di dedetkeun. langsung kasalip deui. Manéhna ngerém tuluy eureun. Karék gé rék ngarénghap bungah, geuning geus aya di hareupeun deui bari nyetirna gagaléongan. Kapaksa nincak gas deui, di lampuan, pépédkeun, salip deui. Kitu jeung kitu wé. Tapi keukeuh avanza hideung aya deui hareupeun kawas nu ngaléléwé. Ambek ngagugudug, “Kudu di tabrakeun waé kitu améh kapok mah?” uing ngagerendeng. “Ulah aki, da plat nomerna gé bénten-bénten” ceuk incu gigireun bari murungkut.

Jumat, 13 Desember 2013

*** NGELEHAN HEULA ***

Purnama ngaheruk dibaturan hiliwir angin nu ngagupay simpé na peuting. Gaang jempling kawas nu peura, turaés ngaringkuk dina sela tangkal kiara, ngabetem. Poékna harepan lalaunan nuruban peuting, nyelesep méh sakabéh juru. Muru kelap kelip kayakinan nu masih sumebar pasoléngkrah di palataran katugenah. Mun rajeun kapanggih, tuluy di rurud nepi ka ngajongkéng teu walakaya. Langit angkeub nangkeup harigu, ngeclakeun cimata katunggaraan. 

“Aya kénéh kayakinan nu can katéwak?”, Sora peuting nu beurat pikaingggiseun. “Tos séép manawi Gan, tadi aya hiji ngabalicet ka sisi gawir parantos di pérénan ku uing”, waler si poék mongkléng bari nyepeng balati hianat nu masih baloboran geutih munggaran. Peuting imut burahay, sabab kawasa dina ieu mangsa geus jelas jujutannana. 

Padahal dina gagang balati hianat, masih aya sakolébat niat sa titik nurani. Nu nyamuni ngéléhan diri ngindung ka waktu ngayuga ka jaman. Kawas nu palastra. Insyaalloh hudang dina waktuna nanjeurkeun bebeneran nu keur di supata ku jaman.