Hileud Sinanangkeup anteng gogolosoran dina tonggong pasir. Ngagulusur
muru ka lebak. Gogonjakan jeung Bangbung ranggaék nu keukeuh hayang
nangkarak. Sanajan tonggongna jadi dadas. “Panas tonggong aing euy, tapi
lumayan bisa meupeuskeun rekor Mang Jangkrik 2 méter sa detik” Bangbung
bungah bari nempoan spédométerna. Cép Simeut nyéréngéh bari nyekel
pageuh rokrak nu jadi tumpakannana. Tegalan ngebul pacampur jeung késang
séwang-séwangan. Silih gonjak silih élédan, ogé silih tulungan mun aya
nu nyangsang atawa tikoséwad nyuksruk kana galengan. Nu meunang jeung nu
éléh piligenti. Nu nyangsang jeung tikusruk ampir kabéh kabagéan. Tapi
tetep silih tulungan bari teu poho gogonjakan. Ngan hanjakal, sanggeus
Kuwu Gaang meuli tipi. Remen nonton babarengan. Babalapan na tonggong
pasir jadi lalicik. Hayang meunang ku sagala cara. Mang Jangkrik ngait
dina eurih, Bangbung ranggaék tigejebur ka balong lain ditulungan.
Ngadon ditinggalkeun dan sieun kasiap ku nu lian. Ceunah éta élmu anyar
nu diajarkeun dina tipi.
Rabu, 27 November 2013
***CINGOGO BARI HUSU***
Gura-giru ti tonggoh muru ka walungan. Beuteung ngusial teu bisa di
pungpang. Teu sirikna notog notogkeun manéh kawas di udag ririwa. Nu
janten sabab nyaéta imbit teu tiasa kompromi. Bilih ngabulaéh sanés
wayah, matak guyur salembur éar sadésa. Kuwu hormat kababayan. "Beu
bararaid teuing". Anjog ka walungan, ngarengkog hookeun. Nempo nu nagog
méh di sakabéh tempat. Aya nu sisi leuwi, dina batu, aya nu bari
nyekelan kana dapuran awi. Lolobana mah dinu déét caringogo bari imbit
antel kana cai. Ngabaris kawas anak meri. Aya ogé anu dina léngkob, dina
dapuran cau, deukeut saung, ogé di sisi galengan. Kabéh anteng miceun
bari nyaroo hapé. Uing ampir beakeun lapak, kapaksa méngkol ka kebon
kabeneran aya rungkun nu lénglang kénéh. Bari ngelapan imbit ku daun
jagong, uing karék inget pan sa ider lembur keur ngiluan saémbara fikmin
nu dikintun tina hapé séwang-séwangan. Paingan.
***Nu Ajeg Nangtang Alam***
Handaruan sora gelap ngageunjleung
sakabéh pangeusi haté. Kilat nyueutkeun
niat ngaleutikkeun karep nu di rarancang dina wadah kahariwang. Nu tadi na
tanggah perténtang jadi murungkut, tuluy ngadakom nempokeun burinyayna langit
mecutan méga nu humaregung nahan sakabéh pangharepan. Ngan saurang nu wani ajeg
nangtung bari panon gular giler. Manteng nempokeun tingburinyay langit jeung
jelegurna gelap kawas musik alam nu ngeunaheun keur diteuleuman. Kabéh ngaheruk
nangkeup harigu séwang-séwangan, ngan saurang nu wani ajeg nangtung bari teu
nolih kana amarah alam. Anteng tatajong bari sura seuri. Langit beuki angkeub
angin ngahiuk ngabuntang banting. Kaweur nerekab ka sakabéh mahluk. Nyarumput nyalametkeun
nyawa nyumputkeun dosa. Ngan saurang nu wani ajeg. Gelap curinghak, gogodeg nempokeun nu nangtung
ajeg bangun nangtang. Badami jeung kilat langsung ngabéntar kanu keur ajeg. “Jegur...Burinyay!!”
gelap ngajongjolong, kilat ngajurahroh. Nu nangtung masih ajeg bari najong nu
buleud. Teu hilap ngagorowok “Persib nu Aing”.
Rabu, 13 November 2013
*** IKHLAS ***
![]() |
| rifkiadhis.blogspot.com |
Minggu, 03 November 2013
*** KOLEK ***
Nembé gé cengkat tina korsi kuwu. "Assalamualaikum pa Kuwu, tiasa
nepangan?". Katingal aya nu camperenik tos dina payuneun panto. "Mangga
kalebet bu". Uing calik deui, anjeunna calik di korsi tamu. Teu seueur
basa basi mung ngabagéakeun janten kuwu énggal, ngenalkeun diri ogé
hoyong karaosan kolek sarantang damelan nyalira. Saatos anjeuna amit,
Ulis sareng Olot nyaketan bari ngaharéwos "Punten Gan, Néng nu tadi
randa béngsrat. Kadé ah". Uing ngahuleng, asa percanten asa henteu. Komo
ningal anu lenjang tur sampulur tadi mah. Émut kana kintunannana, bilih
enya dipurulukan. Uing sasauran "Lis, éta aya kolek, urang emam
sasarengan” Ulis unggeuk.
Bada Isya uih ka rorompok, mung émutan manteng waé ka Néng randa, asa aya dina kongkolak. Beuki wengi téh beuki maceuh ieu mastaka émut ka anjeuna. Nyacapkeun kapanasaran, tabuh sabelas wengi ngagidig meuntasan tegalan muru bumi Néng randa. Anjog ka buruanna, katingal Ulis, Olot sareng Kadus bangun nu linglung tingharuleng. Papelong pelong.
Bada Isya uih ka rorompok, mung émutan manteng waé ka Néng randa, asa aya dina kongkolak. Beuki wengi téh beuki maceuh ieu mastaka émut ka anjeuna. Nyacapkeun kapanasaran, tabuh sabelas wengi ngagidig meuntasan tegalan muru bumi Néng randa. Anjog ka buruanna, katingal Ulis, Olot sareng Kadus bangun nu linglung tingharuleng. Papelong pelong.
*** KARPET BULUDRU ***
Poé ieu poé munggaran Kuwu anyar asup ka kantor désa sanggeus ngiluan
diistrénan tadi isuk-isuk di pendopo. Kuwu anyar lajag léjég. “Lis!,
sabara urang pagawé di dieu?”. “Genepan Gan” Ulis ngawaler. “Rohangan
uing beulah mana?” “Palih katuhu rohangan pang ageungna”. Kuwu anyar
ngagedig muru rohangan gawé, di tukangeun Ulis jeung Olot nuturkeun.
Asup na rohangan, culang cileung niténan sarupaning barang nu aya di
dinya. Teu lila Kuwu ngagorowok, “Karpét buludru kandel nu nutupan ubin
ieu bisa di laan teu? Teu resep uing mah”. Ulis jeung Olot
papelong-pelong. “Mangga Gan, tiasa di laan” walon Ulis rada dareuda.
Bubuhan karpét buludru éta meunang réréongan nyisihkeun tina ladang ktp,
bantuan désa jeung duit raskin. Pangbagéa keur kuwu anyar. Ari pék
geuning kitu pamolahna. “Isuk kudu geus di laan!” Kuwu anyar ngagorowok
deui. Ulis tungkul. Isukna karpét kandel suwung, ogé méja, korsi, lomari
jeung brankas. Padahal panto dikonci. Kaciri lalangit bolong urut
jelema asup.
*** SEUEUR EMUTAN ***
Magrib ngagayuh ka isya, baluweng minuhan sirah, pasulabreng kahayang
pajurawet dina mastaka. “Ngalamar kabogoh nu mana da kabéhannana geus
dipanjeran, nyicil mobil améh gaya atawa ngaréngsékeun sakola nu
béasiswana geus kadaluarsa?”. Ngahuleng bari ngadaweung, angin peuting
manjangkeun pikir jadi jauh panineungan. Bosen nempokeun nu lalar liwat,
buru-buru asup ka imah kontrakan bari sirah masih beurat ku pasualan.
Gap nyokot anduk saged rék mandi, gejebur gejebur. Karasa tiis seger
nyaliara sakujur awak. Pipikiran mimiti béngras, haté jadi teteg. Karasa
jadi yakin kana pilihan. Lalangit jamban ngabulungbung, awak ngadadak
hampang tuluy ngapung ngaliwatan lalangit tobros kana suhunan.
Ngaluhuran tuluy ngaluhuran, beuki deukeut kana béntang beuki caang
pipikiran. Bulan sapasi mimiti kaliwatan, melongkeun bangun hayang
diusapan. Éndah, tingtrim tur ahéng, poho kana kabingung istuning genah
tumaninah. Di imah kontrakan, gujrud nu mandi teu kaluar-luar. Pa RT
jeung hansip ngadobrak panto jamban. Aya nu ngabugang.
Senin, 21 Oktober 2013
*** NAWIS ***
Asup gerbang tol karasa jajantung ngadadak ratug. Teu puguh rarasaan.
Jeung geuning tol téh macét tara-tara ti sasari. Aya kana sa jamna karék
menyat satengah kilométer. "Aya naon nya? Boa kacilakaan?" Gerentes
haté uing. Kaciri dihareup mobil nyarisi ngarah ka kénca. "Jigana di
dieu kajadianna" uing curinghak. Ari pék katempo di tengah jalan tol,
aki-aki anteng sila mendeko. Sirah maké iket ogé awak dipangsi hideung.
Leungeun katuhu melenyun udud. Leungeun kénca nanggeuy buku bari anteb
diilikan. Uing hayang nyacapkeun kapanasaran, ngadon nyisi. Mesin teu
dipareuman tapi lampu hazard dihurungkeun. Pas uing nyampeurkeun, ti
kajauhan geus ngabelenyéh seuri Si aki. Padahal supir mobil séjénna mah
nyebut jalama édan ka si aki téh. Da teu pupuguh ngajémprak di tengah
jalan tol ngahalangan batur. Barang nepi hareupeun Si aki, manéhna
ngasongkeun éta buku bari mikeun pulpen, "Kantun nawis Jang Ibro palih
deui". Bréh ngaran uing aya di dinya lengkep silsilah sapuratina.
Selasa, 15 Oktober 2013
***Lupakan Masalahmu, Mari Bergoyang***
Suara musik dangdut yang keras ditingkahi tepuk tangan penonton memompa semangat biduan lokal bergoyang dan bernyanyi dibalut rok mini dan stoking sewarna kulit sambil tak henti mengajak hadirin untuk berdendang dan menggerakan anggota badan.
Empat pemuda dan tiga orang tua berjoged dengan gaya seenaknya menikmati alunan musik yang berkumandang tiada hentinya. Meskipun sering petugas keamanan menarik keluar arena karena tingkah dan gerakan yang tidak terkontrol. Apa sebab? Sepintas dapat dilihat bahwa para penjoged sedang teler karena menenggak minuman keras. Mata merah ketawa dan senyum sendiri sambil bergoyang mengejar alunan nada yang menggema di relung kehidupan dan mengantar pasangan pengantin baru memasuki hutan belantara kehidupan bersama yang sebenarnya.
Empat pemuda dan tiga orang tua berjoged dengan gaya seenaknya menikmati alunan musik yang berkumandang tiada hentinya. Meskipun sering petugas keamanan menarik keluar arena karena tingkah dan gerakan yang tidak terkontrol. Apa sebab? Sepintas dapat dilihat bahwa para penjoged sedang teler karena menenggak minuman keras. Mata merah ketawa dan senyum sendiri sambil bergoyang mengejar alunan nada yang menggema di relung kehidupan dan mengantar pasangan pengantin baru memasuki hutan belantara kehidupan bersama yang sebenarnya.
***Akil Mochtar tertangkap basah atau Tertangkap tangan?***
Mengamati, melihat dan mendengarkan ataupun tak sengaja mendengar di radio dan televisi beberapa hari ini sangat erat dengan keterkejutan banyak pihak kaitan penangkapan Bapak Akil Mochtar Ketua Mahkamah Konstitusi. Meski untuk selanjutnya saya akan menulis Akil Mochtar saja karena rasa hormat kepada beliau telah musnah seiring dengan kejadian yang mengguncang seluruh sendi kehidupan berbangsa dan bernegara khususnya di bidang supremasi hukum.
Ingin menulis dari sudut pandang hukum dan tata negara. Tetapi secara kompetensi banyak yang lebih pantas untuk hal itu seperti yang telah dilansir di berbagai media dan menghiasi serta mendominasi pemberitaan 3-4 hari ini. Jadi sisi lain saja yang mungkin tidak menarik bagi yang lain tetapi menarik bagi diriku ini.
Ingin menulis dari sudut pandang hukum dan tata negara. Tetapi secara kompetensi banyak yang lebih pantas untuk hal itu seperti yang telah dilansir di berbagai media dan menghiasi serta mendominasi pemberitaan 3-4 hari ini. Jadi sisi lain saja yang mungkin tidak menarik bagi yang lain tetapi menarik bagi diriku ini.
Langganan:
Postingan (Atom)


