Selasa, 12 April 2016

Étalase

nyandak ti ramatloka simomotdotcom
Teu seueur culang cileung, Ésih ngungkug deui ngaliwatan étalase nu ngajalegir bari ngabegégan. Ngadodorong karéta balanjaan. “Teu boga duit mah ulah loba laha-loho”, saur dunungan istri nu nuju balanja. Pek téh teu nyalahan, geuning étalase gé sarua ngajebéngan. Kanjut kundang eusi kencring meunang kukumpul tilu warsih teu walakaya. Ngayekyek samar polah nempo barang nu dipikahayang teu kauntup ku akalna. 


Ésih ngagidig ngajauhan étalase, dunungan nu nuju pipilih dikantunkeun. Karasa haté peurih ku itu ku ieu. Sabot nepi ka sisi jalan, kanjut kundang murag kencring paburisat. Ésih ngudag rék mulungan, tapi kencring rikat tingkoloyong asup ka kios bénsin. Kencring réréorangan ngagotong kompan ngaliwatan Ésih meuntasan jalan muru étalase nu keur anteng gogorowokan ngabudah diskon. 


“Tah marandi heula, méh teu sombong ka jalma leutik,” bénsin mancawura kencring ajojing. Kanjut kundang gé ngiluan nyekéskeun panékér nyacapkeun katugenah. Ésih ngajentul peuntaseun jalan, melongkeun étalase miwah dunungan istri nu rambisak di kepung seuneu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar