Tampilkan postingan dengan label rshs. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label rshs. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 17 November 2012

Gulanggaper

Seuneu amarah geus diumbar tanpa karana, sangu bodas nu suci geus teu bisa nyumputkeun kaparawananna,ngaihlaskeun diri pikeun gabung dina tempat nu teu pisan dipikahayang. Endog hayam kampung nu karek anjog ti pasisian dipaksa peupeus kalindih jaman, ceurik. 

Lisah urut ngaleueurkeun urusan alewoh ngolo uyah pikeun hanjat ti muara ngadon nyaba ka gunung kabiruyungan. Beungeut sepa nempo seahna seuneu amarah tandaning jangji kudu pasini di hiji waktu anu mustari, hiji tempat nu ngagabungkeun sarupaning kaperluan, mopohokeun kana hak asasi sewang-sewangan. 

Kabeh digulanggaper, nyeri jeung bingung pacampur uduh, ngarasakeun panasna amarah nu ngabebela ngahijikeun rupa rengkak paripolah jadi rukun ngahiji dina jirim nu geus nyari. 

“Cep, bade dikurupukan moal?”.. tukang sangu goreng nanya bari ngasongkeun piring nu ngebul pinuh kadeudeuh.

Rabu, 24 Oktober 2012

Nungguan P-rawat

http://www.wartaspot.com

Geus liwat tilu jam setengah nunungguan di kamar opat sawelas tapi teu weleh suwung nu datang, padahal beuteung geus titatadi gogoakan hayang diasupan dahareun ameh cacing jeung peujit teu riweuh deui paling ge bancakan meakeun jatah paheula-heula.


Rada ngajorelat nafsu kapegung kagembar rasa mupuas mangsa nu can tutas ngagayuh kahayang jaman. Apal kieu mah meureun naon heula, indit heula atawa dahar heula, ceuk hate bari samutut ngajaul waktu. Asa meuni dimomorekeun.



Geus sabaraha balikan nyusulan perawat angger we suwung. Tayohnya sararibuk nedunan kahoyong nu garering nu keur dirawat di ieu tempat sigrong. Detik jeung menit tuluy ngagidig ninggalkeun mangsa nu pinuh katugenah. Tapi hate geus tiis deui  jajauheun tina emosi sabab ngarti da geuning lain teu paduli tapi loba pisan pagawean nu kudu geusan ngajadi di RIK opat nu ngajentul jadi saksi.

Jumat, 07 September 2012