Serasa baru beberapa hari berlalu, sebuah rasa suka duka dalam fase kehidupan mencari jati diri setelah lulus dari SMA. Padahal waktu telah memisahkan memori ini belasan tahun lalu, tetapi itulah Karunia Allah sehingga dengan hitungan detik, kenangan itu dengan mudah kembali, menari-nari dalam ingatan dan mengajak kita merefleksi diri, siapa kita di masa lalu.
Minggu, 15 September 2013
***NGADUNGKUK***
Poé minggu geus kacipta, poé nu éndah jeung manéh na. Sanggeus
tilu bulan dikerem alatan ngilu pendidikan dasar militér. Ayeuna sapoé jeput di
béré waktu bébas, ulin kamana waé nepi ka jam sapuluh peuting. Kaméja jeung pantalon nyiripit meunang ngaléot.
Sapatu hérang , dompét metet bekel keur
ulin jeung manéhna ka Ciater. Rék ngadon
suka bungah bari guyang ka asih. Ngan hanjakal, jelema ngarencana Gusti Allah
anu nangtoskeun. Kapanggih di wésé asrama aya nu miceun teu di banjur. Ditanya ku
perwira euweuh nu ngaku, ngabetem, sieun
jeung éra. Tungtungna kabéh di hukum, nantung ngabaris muru kana panto wésé. Bari
ditalék, “Manéh nu modol teu di banjur?” “Siap, sanés pa!”. “Cabak ku leungeun
katuhu, racék!! tuluy nangtung di tukang!” Sora Komandan handaruan.
Ba’da ashar karék bisa kaluar ti asrama, manéh na geus
teuing kamana. Hapé na dipareuman alatan kuciwa. Uing ngajentul jeung
babaturan. Saminggu teu bisa dahar maké leungeun katuhu.
***SUMPAH KAREK AYEUNA***
Pahareup-hareup jeung pamajikan di kafé gaya arab téh kalah
tingharuleng. “Mah, kunaon atuh bet jamedud kitu? Anggursi urang dahar”.
“Hayang jelas heula nu sabenerna”. “Pan akang geus ngomong tadi yén
kakara ka kafé ieu mah”. “Teu percaya” jikan jejebris. Karasa kaambek
nyelek, asa dihulag. Rarasaan mah ngajak ka ieu kafé téh keur
nyenangkeun jikan. Lain duit saeutik, kudu buking heula malem minggu
mah, jeung pastina harga dahareunna gé mahal. Dahar duaan bisa béak
satengah juta. Tapi keun baé da niatna gé hadé. “Pokona saencan akang
ngaku kungsi ka kafé ieu, iraha jeung saha, kakara mamah rék dahar. Mun
teu ngaku mah bedo wé!!”
Pipikiran baluweng, ambek, keuheul, ogé hanjakal. “Dasar teu bisa dipikanyaah. Diajak dahar ngeunah kalahka suudon, geus urang balik wé” Uing singkil ninggalkeun salatat bunidoora, sangu kabsah, samosa ogé yoghurt kurma. Mayar, tuluy asup kana mobil. “Sumpahna gé kakara ayeuna ka kafé ieu jeung mamah mah” gerentes haté.

***CAAH KAHAYANG***
Umpal-umpalan caah kahayang ngagalaksak nembrag kana témbok kayakinan
nu ajeg perséka teu miroséa kana tarikna gogoda. Sanajan kahariwang
jeung kamelang ngélékéték dina puhu panghampura, kayakinan tetep kudu
dipertahankeun. Naon deui anu dipiboga mun kayakinan geus digadékeun?,
Naha aya kénéh harkat darajat kahirupan mun létah jeung haté geus
pasalia?.
Caah masih rongkah sanajan hujan kamunapékan di girang geus raat teu méré béja. Tinggal cluk clakna sésa hianat kapalidkeun kana walungan panghampura. Témbok kayakinan gé angger ngabedega sanajan di juru beulah katuhu rada gorowong di paké bayawak nyayang medarkeun kagoréngan.
Caah masih rongkah malidkeun katugenah jeung catang karungsing nu patingsoléngkrah. Sanajan geus neumbrag kana témbok kayakinan mah ancur lebur, pating koléséd bari tungkul semu éra.
Caah masih rongkah sabab hujan sirik pidik teu reureuh ngotélan alam, muru ka hilir mapag mangsa nu can tangtu. Lulun samak gogoakan, kasirib ku kahayang ngait dina sisi jarian. Cag.

***Media Adalah Teman, Guru & Ortu***
Di sadari atau tidak, media telah menjadi guru, orangtua sekaligus teman bagi kita semua atau malah telah menjadi pegangan hidup?… Tidak percaya? Coba tanya pada diri sendiri pernahkah dalam satu hari saja kita tidak menonton televisi, tidak mendengarkan radio, tidak membuka berita online di gadget yang kita miliki, atau membaca berita online via PC di rumah atau di kantor? Atau minimal membaca media cetak, koran pagi yang seakan menjadi kewajiban agar tidak ketinggalan berita hari ini. Pasti jawabannya sulit kita lepas dari aneka informasi dan hiburan yang berseliweran di media.
***Kanker dan Sentuhan Kalbu***
Yang begitu menyesakkan dan menyedihkan adalah disaat menemani orang tersayang yang sedang bertahan dalam merasakan kesakitan yang tak tertahan. Disaat dengan mata kepala sendiri proses menahan rasa sakit itu berproses, terlihat urat leher menegang, wajah yang meringis dan tanpa suara, genggaman tangan yang mulainya lembut menjadi cengkraman yang begitu kuat. Pada akhirnya hanya lelehan bulir air mata kepedulian yang menetes meluncur di kulit pipi menambah rasa sedih yang terus membuncah.***Fisika Medis, Pengobatan Kanker Terbaru***
![]() |
| Rompi, Celana & Pentup Payudara serta ECCT |
***Ganti Gaya, Komitmen dan Harapan***
Tiba-tiba sebuah penyadaran itu datang tanpa di duga. Menyelinap senyap dalam sanubari dan meruntuhkan kecuekan selama ini untuk melawan kebiasaan demi sesuatu yang lebih baik. Padahal sudah banyak yang berusaha memberitahu bin mengingatkan khususnya orang terdekat, sang istri tercinta. Tetapi ternyata memang yang paling terasa sulit bukan melawan kehendak orang lain, tetapi melawan diri sendiri. Setelah didera berbagai macam persoalan dan tantangan kehidupan.. Cieee bahasanya begitu beraaat. Maaf yach para pembaca. Bukan maksudnya narsis dari sisi tulisan tetapi agar efek dramatisnya muncul sesaat setelah membaca tulisan ini. :D
Sabtu, 31 Agustus 2013
***OVER DOSIS***
Prung padungdung, uing mecak jurus bubuka. Teu poho mapatkeun jampé
pamaké. Nyambat karuhun ngagupay kawasa alam sangkan nyurup kana raga.
Teu kudu lila, sakumaha biasa karasa punduk beurat. Aya hawa panas asup
kana puhu ceuli. Nyaliara ka sakabéh urat. Nyulusup na tulang sandi.
Getih karasa ngagolak. Awak hampang panon beuki awas. Opat patandang
hareupeun kaciri ngaleutikan. Ngahuleng teu bisa ojah. Uing ngagerem.
Maranéhna ngajengkang. Kapiuhan.
Keur anteng jurus pamacan, karasa hawa panas nyelesep kana palangkakan. Minuhan beuteung, sup kana jajantung. Eungap tapi ngeunah. Awak karasa beuki hampang, samalah bisa turukal térékél kana tangkal jeung suhunan padépokan. Kabéh hélok kaasup Ki Juhé, guru uing. Uing muih bari mimiti ngabuburak suhunan, ngaruntagkeun tatangkalan. Ngaruntuhkeun padépokan. Uing gégétrét arateul tingkat déwa. Ki Juhé ngabura, teu teurak. Uing motah, malik ngabura. Kabéh mabur muru salamet, sieun di cakar tuluy di cekék. Déwan guru nyarempod. Pamacan jeung siluman monyét galungan na dada uing, sapaéhna.

Kamis, 29 Agustus 2013
*** Menikah atau Hidup Bersama ***
Dua individu yang
bertemu dalam satu kesempatan baik disengaja atau tidak ternyata
menumbuhkan sebuah rasa yang bersemi untuk selalu saling mengerti dan
sulit melupakan sosok masing – masing seolah menempel erat dipelupuk
mata dan mengganggu hari – hari yang biasanya di jalani sendiri. Sebuah
proses alami sedang terjadi, molekul- molekul dalam tubuh bergerak dan
merangsang syaraf naluri sebagai mahluk sosial untuk selalu berbagi.
Langganan:
Postingan (Atom)