Jumat, 16 Mei 2014

*** MURANG MARING ***

Suku meuni beurat ngaléngkah. Somawonna haté mah, gudawang. “Hampura jang, Bapa mah hayang minantu sarjana lain kuli” Kareungeu deui sora bapana Néng Lastri tadi beurang. Padahal, anakna mah miharep uing pikeun babarengan ngawangun kulawarga samawa. Suku mawa diri anjog na panto statsion. Muru lokét nyiar tikét, méh gancang naék karéta nyingkahan cinta nu geus ancur teu mangrupa. Hayang ceurik balilihan, tapi pan uing lalaki. Piraku léwéh. Bari bareubeu, uing culang cileung nempoan karéta nu ngaliwat. Karéta ngabegégan. Nyengseurikeun nasib uing. Pikasebeleun. Hayang ngudag éta karéta. Dicokot tuluy dibeubeutkeun. Sugan jadi tengtrem kana haté. Tapi angger guligah rasa. Asa teu adil nasib téh. Dina waktuna naék, jelema paboro-boro. Pas asup, nempo digigir aya nonoman jeung wanoja keur diuk. Teu maké punten, clé diuk diantara maranéhna. Kaciri duanana kapaksa ngésér bari jamedud. Papisah diuk kahalang ku uing. Ti Statsion Kircon nepika Kroya samutut duanana bari teu bosen molototan uing. Paduli.

*** TUGASRUSIAH ***

Hoyongna mah masihan sagala rupi ka jikan téh. Mung dalah dikumaha, geuning nasib masih teu acan aya menyatna. Angger wé janten kékéséd nu sanés bari buruh teu kantos naék. Badé nyobian ngablokir jalan tol kawas batur. Kuriak dilindesan ku mobil nu ngalangkung da kulit beungeut ogé awak méh badis hideungna aspal, hasil moé manéh puluhan taun. Nya pasrah sumerah wé kana papastén. Sugan aya rejeki nu dongkap ti tempat nu teu disangki-sangki. Alhamdulilah ari kanu sabar mah, aya waé jalan pikeun nuluykeun rénghap kahirupan. Ogé manawi tiasa masihan kagegelan kanggo jikan. Padamelanna téh nedunan kahoyong ti salah sawios wakil rahayat ti partéy aneka warna nu badé majeng nyalon deui. Tugas téh pikeun kampanyeu kalawan carana husus ogé pinuh rusiah. Nguar nguar kalepatan calon sanés nu janten sainganna supados masyarakat mikangéwa. Ieu padamelan cocok pisan sareng beungeut tur kulit simkuring. Nyaéta "kampanyeu hitam".

***** HAHALANG*****

Buru-buru turun tina alphard séwaan, muru ka masjid nu ngajegir éndah baranang. Asup ka tempat wudu anu beresih jeung dibédakeun antara paranti lalaki jeung awéwé. Orokaya geuning loba jelema nu rék sholat. Ngantri wuduna ogé. Lima menit nungguan, alhamdulilah kabagéan. Ngan pas ngasongkeun leungeun kana pancuran. Caina teu ngocor. Padahal nu saacanna mah ngocor. Gigir kénca katuhu gé ngalocor. "Sial aing mah. Giliran Uing béak caina." Uing ngoléséd ngantri deui kana pancuran séjén nu kaciri ngalalocor. Tapi angger, unggal uing ngasongkeun leungeun, pet wéh pancuran pareum. Jaba euweuh paranti ngahurungpareumkeun pancuran. "Bangkawarah, naon maksudna ieu? Unggal uing rék wudu caina eureun" Rék bedo piraku da solat téh kawajiban. Ngan ieu pancuran embung kerjasama pisan. Nu matak hélok, batur mah bisa ngalocor. Lain milik meureun. Tungtungna nyokot botol aqua gedé tina alphard. Wudu gigireun pancuran paranti wudu. “Aya aya waé hahalang keur najeurkeun tihang agama teh.” Nu lain marelongkeun.

**** TEGA****

Kudu na mah peuting ieu téh anjeun aya. Sakumaha biasana digigireun uing. Maturan kahariwang bari sakapeung gogonjakan. Tapi peuting ieu, anjeun teu aya. Duka katutupan méga hideung, duka ngahaja nyumput dina purnama. Boa nuju ocon sareng béntang, antukna hilap waktos ngadon anteng sosonoan. Nu pasti anjeun teu aya digigireun uing, ayeuna. Sedih mah nataku, mung gedur kamelang meuni ngaléntab méh parat na batas jiwa. Sieun anjeun kumaonam, sieun anjeun aya nanaon.
Kojéngkang mawa raga muru ka buruan, tanggah nempo Nini Antéh. Disidik sidik teh keur ngarenyohan bangun mupuas. Pikasebeleun. Ambek nyedek ngahurup rasa. Nempo di hareup aya batu sagedé munding. Teu antaparah, dicokot tuluy sakuat tanaga dialungkeun kanu keur ngarenyohan. “Aduuh” Nini Antéh ngajerit maratan langit tuluy ngiles. Langit ngadadak poék. Tetempoan jadi hideung ngabelegbeg. Uing ngajubleg. Ngahuleng, beuki sedih da geuning anjeun teu aya. Hawar-hawar kakuping soanten anjeun nuju haharéwosan sareng Nini Antéh. Duka dimana.

*** DINA SUHUNAN ***

Keur anteng moyan bari ngaroris kenténg, pangangguran nempo kahandap. kaciri ucing hideung ngulampreng diburuan. Culang cileung bangun nu bingung. Bari ceuli rebing sungut rada ngacung. Kacirina mah aya nu kaambeu matak pikabitaeun. Tapi teuing timana. Ogé teuing naon. Uing melong bari ngilu mangkarunyakeun. "Naha néang bau naon?" Uing ngilu ungsa angseu sugan wé aya hiliwir goréng lauk atawa semur daging. Tapi da suwung. Ngan kaambeu késang sorangan. Pas mencrong deui kaburuan, ucing hideung teu kaciri. “Kamana inditna? Biasana sok betaheun ulin di buruan téh.” Sabot ngarenghap, kadéngé gigireun aya sora nu nyanggéréng. “Grrrrrrrrr”, Karék gé nénjo ka kénca, sakolébat kalangkang hideung ngagabrug. "Bress!", beuheung baseuh katurih sihung. Cakar nyeceb ngagaris nasib. Getih ngabayabah. Tuur karasa leuleus tetempoan asa karonéng muru ka poék. Kenténg asa katincak asa henteu. Eungap. Dihandap aya budak ngagorowok, "Ambu, itu empus kenging beurit ageung di suhunan."

Selasa, 29 April 2014

***PESAN UNTUK ACENG FIKRI dkk CALON SENATOR KAMI***


Hinggar bingar pemilihan legislatif 9 april 2014 telah berlalu, tinggal menunggu hasilnya. Dinamika perolehan suara versi quick count telah memberi petunjuk para petinggi partai untuk bermanuver kembali karena ternyata tidak ada satu partaipun yang meraih kemenangan mutlak. Sehingga koalisi adalah harga mati. Biarlah urusan capres dan koalisi ada yang membahas oleh para ahli juga para kompasianers yang feeling politiknya yahud. Disisi lain para calon wakil kita maksudnya wakil rakyatpun semakin gelisah karena nama besar tidak menjamin terpilih. Banyak incumben yang berguguran dan diganti oleh muka-muka baru. Belum lagi banyak diberitakan berbagai tindakan calegag (calon legislatif gagal) yang irasional dan ironis. Dari mulai mengamuk, stres, marah-marah dan mengancam para petugas KPPS hingga KPU Kabupaten/kota, menagih kembali aneka sumbangan yang sudah diberikan ke mesjid semasa kampanye serta berbagai perilaku lain yang semakin menambah keyakinan bahwa untung saja mereka tidak terpilih. Kebayang kalau kepilih?...

Rabu, 23 April 2014

**** DINTEN KAHIJI ****

Dén ajag mendeko dina palupuh handapeun dampal katuhu, bari panon anteng neuteup kaca lopian. Nongton opéjé. Sakapeung silih herengan jeung Tutul, da direbut cocolokna, heug dipindahkeun kana habé’o. Diburuan ngariung mencek, oa jeung kuya ngadon botram dina caangna purnama. Melenghir beuleum tarasi ngagéré pangambung oge segakna céngék diréncangan uyah, peuteuy jeung jengkol. Éndah karaos hirup téh.
Sabot kitu, "Gubrag" tangkal kidamar gigireun nambru ditubruk si Ménél nu geus halughug jangkung ngaliwatan indung bapana. "Amih, bantuan enéng. Énjing ngawitan sakola tapi hoyong rada gaya" Ménél ogo bari tulalé dikahareupkeun maksudna nyingsieunan. "Kedap néng", ngoléséd ka pangkéng néang sisig jeung daun seureuh. Réngsé ngagerus ditambih jangjawokan teras sasauran, "Néng Ménél wéya, sok urang dangdos". Teu lila, Ménél gumujeng teras amitan, "Nuhun Amih". Isukna gujrud di sakola gajah, aya murid anyar meuni camperenik. Tarangna maké tanda beureum ogé kuték burahay dina opat sukuna.

**** HOYAH ****

Lalaunan muka konci panto hareup, istuning ati-ati ulah ngagareuwahkeun indung peuting anu tingtrim jempling. Sanggeus panto muka, ditutupkeun meuni tarapti. Keteyep muru tengah imah bari rarang rorong sabab kabéh dipareuman. Nu hurung ngan saukur lampu pangkéng paranti uing jeung jikan. Lebah panto kamar rada ngarandeg, panto méléngé. Lalaunan noong ka jero kamar. Nyampak jikan keur ngaringkuk, kampuh ngagolér na korsi. Ngan lawon ipis nutupan awak nu regung, "Hampura nyai, aa lain tambélar. Tapi da balik tengah peuting gé nyiar kipayah keur urang sakulawarga méh sugema kumelendang di alam dunya." Karasa aya nu nyelek dina dada. Lalaunan kampuh dibawa, dibuka maksud téh rék diturubkeun kana awak jikan da kaciri ngaringkuk tiriseun sabot nungguan uing. Pas kampuh nuruban awak jikan, "Hoyahh!!!" Jikan hudang ngagareuwahkeun, da geuning can saré. "Walah!!" uing ngarénjag, "Plak" leungeun katuhu teu kahaja nyabok jikan bakatku reuwas. Hing jikan ceurik. Uing ngembang kadu. Tungtungna sapeupeuting bangkenu, patonggong tonggong.

****ANGIN PEUTING****

Angin peuting nguliwed tukangeun sirah noélan bulu punduk. Antukna sarupaning bulu jadi cararengkat lain wayah. Padahal loba jelema nu keur ngariung di ieu patempatan. Ngadon aranteng ngagéol nurutan artis kampung nu motah di luhur panggung. Uing maksa ngilu ngagéol, tapi beuki hemeng da di panggung katingali geuning nu ngagéol téh sirahna jelema tapi awakna oray. Digigireunna bagong jeung ajag jojing bari calawak. Buru-buru uing ngadeukeutan Mang Juhra, tuluy ngaharéwos titukangeun, “Amang naha nu ngagéol dipanggung téh kawas oray jeung bagong?” Mang Juhra teu ngajawab tapi anteng wé ngoyagkeun raga. Angin peuting beuki karasa nojosan tonggong méh parat kana dada. Ngulikbek na jero beuteung matak seueul kana wawanén. Uing ngadeukeutan deui, bari ngajéwang leungeunna ti tukang, “Amang!!!” karasa leungeunna téh keusrak. Mang Juhra eureun ngageolna. Malik lalaunan tuluy mencrong kana beungeut uing, “Nnngaya naong hah?, ngroook ngrook” Angin peuting karasa ngabéntar kana sirah, bencar.

***Teu Dikota Teu Didesa***

Ma Ésih tos rada reugreug ayeuna mah ningali nyi Arum bérag deui. Dua sasih huleng jentul alatan pegat katresna pagujud cinta sareng urang dayeuh ditempat kuliahna. Antukna sakola kaluli-luli, uih ka lembur bari bingung. Padamelanna mung ngalamun dibarung reumbay cisoca. Alhamdulilah ku kanyaah indung ogé kiatna mereketkeun du’a kanu kawasa, ayeuna néng geulis téh tos sumanget deui. Malih meuni rajin pisan ngaos unggal dinten, diwuruk ku Mama Haji kokolot lembur.
Mung hanjakal teu lami, tadi siang kapendak tos nguluwut deui bari inghak-ingkahan. “Kunaon deui nyai?” Ma Ésih naros bari ngusapan pinuh kadeudeuh. “Hapunten ema, geuning teu dikota teu di kampung. Pameget mah buhaya!!”, “Naha kitu geulis?” Ma Ésih kerung. “Muhun kapungkur pa dosén alim mirak bojona, ayeuna di dieu Ki Haji ogé keukeuh alim mirak bojona. Padahal nyai tos sayogi dipihukum janten nu kaopat. Teras ieu kumaha nasibna?” Nyi Arum ngawaler bari nyepeng patuanganna, nginghak. Ma Ésih ngajentul ngaraga meneng.