Kamis, 07 Agustus 2014

*** HOYONG ANTEL ***

Geleberna kecap eunteup dina damis salira. Sieup. Ngalunturkeun buricak béntang nu gumebyar satungtung alam, sakilat nyaangan raray salira. Éndah. Sanaos mung sajorélat, tapi rumpakana ngalagena minuhan raga mageuhan jiwa. Tresna teu kaukur ku waktu teu kataji ku wanci. Istuning nyerep kana kulit ari, ngajalujur tulang ngabeulit urat. Mulas getih nyangcang jajantung nu ngagedur teu manggih tungtung. "Ulah salempang kang, wengi gé aya lirénna. Poék gé aya watesna, kantun yakin wé urang kana takdir ti Mantenna" Kakuping deui galindeng asih, ngabetot sukma ngabungbang rasa. Nengtremkeun gumuruhna dada. Dugika teu karoris jarum arloji nu nyebrut ngahuapkeun waktos, teu nyésa saréméh ogé. Korédas teu mangrupa.
Dina mangsa amitan, hoyong antel ramo. Sasalaman ka salira. Hanjakal teu tiasa. Kabatas ku imut, kapageran ku guluyurna kecap nu ngamalirkeun rasa, "Hapunten kang, néng gaduh abdas." Purnama ngabaheuhay dina lahunan kahéman.

*** UBAR LAPAR ***

Karasa beuteung ngerebek deui. Padahal tadi geus sagala rupa didahar. Jigana pédah tarawéhna jamaah di tajug bah Kémod nu maké aliran jorelat natrat. Ukur sapuluh menit geus réngsé, sholat isya, tarawéh 21 rokaat pleus witir jeung wirid. Ngésang wéh ngoprot. Asa sarua jeung senam érobik. “Jigana kudu diganjel deui ieu mah” Gerentes haté. Karasa suku ngagugusur raga néangan tukang dahareun di stamplat. Nepi ka tempat nu dituju, geuning ramé kénéh. Ngarariung hareupeun tipi di tukang baso. Uing buru-buru mesen nu badag tilu siki teu maké emih. Ubar lapar.
Keur anteng ngagares baso, aya nu ngaharéwos gigireun “Kumaha raos adén basona?” ”Raos pisan” Uing ngajawab bari nempo kana asal sora. Gebeg téh, kaciri dua panon beureum gular giler, awak hawuk pinuh ku bulu. Leungeunna nyekel baskom, jigana keur nyieun adonan baso. Wareg saharita, tuluy ngadadak ngurel nempo kanyataan. Manéhna ngaléos. Nyesakeun buntut panjang nu ngacir ngabeulit jaman.

*** RAZIA ***

“Kabeh nangtung, simpen tas dina méja!!”, Sora Pa Udin handaruan. Sakelas narangtung kabéh, karasa jajantung ratug. Teu puguh pipikiran. “Nu mawa petasan dina tas kaluarkeun!!!” Gebeg téh, inget kana cécéngékan jeung mercon meunang meuli tadi isuk. Beungeut pucet, tingsariak tiis na tonggong. Kabayang prédikat béntang kelas jeung budak kayungyun bakal leungit sapada harita. Alatan ngalanggar papagon, kapanggih mawa petasan ka sakola. Duh nasib. Mangkaning beurat bebendonna ogé. Uing tungkul bari mapatkeun doa nu ngadadak paroho deui. Aya nu inget langsung ngagorolang, “Allahummabariklana fiimarozaktanaa wakinna adzaa bannaar..” Dadak sakala kabéh nu keur nangtung ngodok tas séwang-séwangan. Ngaluarkeun bungkusan, aya nu mawa timbel, leupeut, buras, ciu, comro jeung misro. Kulub hui jeung suuk ogé loba nu mekel. Silih asaan bari gogonjakan. Goréng burayak jeung pilus ngilu ngaramékeun. Botram saharita. Uing ngalimed ngadahar kelepon jeung kueh putu.
Di méja guru, Pa Udin ngalimed nuang tutug oncom dibaturan kurupuk malarat.