Tampilkan postingan dengan label Fiksimini. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Fiksimini. Tampilkan semua postingan

Selasa, 25 April 2017

Telat begér

Léngkah ngarandeg ningali Pun Uwa nuju ocon sareng bojona Haji Dartam. “Geuning lain ceuk béja, ayeuna mah tiasa ningali sorangan” Tapi haté teu yakin, boa ngan kabeneran panggih terus ngawangkong.
“Assalamualaikum Uwa Hajii!!” Uing rada ngagorowok. Uwa rada ngarénjag. Leungeunna gancang di écagkeun tina lahunan bi Suminem.
“Waalaikumsalam lo, lawas tilawas teu ngalongok ka dieu”
“Kaleresan waé wa, tadi ngical parabot ka pasar tonggoh, teras hoyong nepangan waé ka Uwa”
“Hayu atuh urang di lebet”, Uwa ngajak ka bumina, Bi Suminem nuturkeun gumeulis.
“Dupi Ua istri sareng Teh Amah aya wa?” Simkuring tumaros. “Nuju ka kota lo, aya lereskeuneun”
Uing surti, diteraskeun ngawangkong sagala rupa da puguh arang panggih.
Sateuacan pamitan, kuring ngaharéwos, “Uwa punten dupi sareng Bi Suminem aya naon, asa bararénten”
“Teu aya nanaon lo, mung saukur silih mikanyaah waé.”
Layung surup dipépéndé réangna turaés, maturan léngkah handeueul ningali kolot bau taneuh telat begér.

Minggu, 26 Maret 2017

Gancang tépa

www-dpunik-com
Pakanci geus datang deui, jadwal taunan nu di tungguan ku murid ogé guruna. Odi sapeupeuting teu bisa saré, guling gasahan hayang geura isukan. Baju jeung bekel metet dina tas gandong, rék karya wisata ka Jakarta. Ukur ngerejep sajam kaburu di hudangkeun ku si Ema, “Gancang hudang satéh, tuh si Omod jeung Martobi geus nyampeur”

Odi teu mandi heula, nyamber baju jeung tas gandong, tibuburanjat ka sakola da sieun tinggaleun.
Beus badag geus ngabedega, diabsén ku guru, asup tartib bari suka bungah. Sajajalan ocon saleuseurian, jugar wé kawas di kelas. “Barudak tong marotah teuing!!”, géréwék Bu Aisah wali kelas. Tapi Odi jeung babaturanna lain eureun ngadon maceuh.

Tuntungna kajadian, di jalur Puncak nu parual paréol. Borolo si Ibro, dituturkeun jang Kunén. Teu tinggaleun Odi ngilu partisipasi, utah ngabura kana tonggong supir. Bu Aisah ongkék da teu kiat ku seungitna jeroan baham. Beus kapaksa eureun lila da supir jeung kenékna ogé babalongkéngan.

Najan lulungu ge, gajleng muru ka tukang imah. Geus teu kaburu cingogo na pacilingan. Gebrus-gebrus nyiukan cai tina kulah, make anggir saeutik ameh rambut teu bau hapeuk teuing. Awak diruru saperluna. Make baju kaos jeung jin calana sakola, oge syal nu geus ditangtukeun ku panitia.

Jumat, 10 Maret 2017

OTT

yaditrict-blgspot-coid
“Mana tersangka OTTna?” Komandan nanya. “ieu Ndan”, Bripka Toto ngawaler bari nunjuk ka hareup. Nini-nini cetuk huis, keur murungkut bari rambisak.
“Saha nami?”
“Ma Uti”
Ujug-ujug jorojoy aya rasa karunya dina manah komandan.  Haténa ngagerentes, “Asa teu pantes nini-nini kieu jadi tersangka.”
Lalaunan dideukeutan nini-nini nu keur murungkut téh, pas nempo aya pulisi ngadeukeutan, goak deui ceurik meuni balilihan, “Ema teh salah naon adééén, bet di kakaya kieu” Komandan ngahuleng. “Punten komandan, pas OTT tadi sonten, ibu téh kabuktosan pisan ngalanggar UU pencucian uang”.
“Sabaraha nominal duitna?”
“duaratus rebu Ndan!” dijawab teges.
“Leres kitu ema?”, Komandan melong ka Ma Uti.
Bari carinakdak, Ma Uti ngawaler, “Sumuhun adén, ema keur nyeuseuh, dina saku calana salaki geuning aya artos 200rebu nu kaseuseuh”
Komandan beureum beungeut éra parada, teu antaparah anak buahna dicabok nepika ngajongkéng bari ngagorowok, “Ari sia belegug-belegug teuing, leupaskeun Ma Uti ayeuna pisan, anteurkeun nepika imahna, bari ménta dihampura!!!!”.

Selasa, 14 Februari 2017

Papatong

sumber Duniabinatangcom
Panon poé karék meleték, ngagupay rasa ngajak ka sakumna mahluk pikeun ngabaladah éndahna dunya. Nyiar rejeki keur bawaeun bekel séwang-séwangan. Dina pucuk eurih ngaréngkol kénéh si Atong, papatong jalu nu kedul kacida. Adi na mah si Apat geus ti janari karalang kuriling, bari hahariringan lagu pupujian.

Teu perlu waktu lila, satolombong rametuk digémbol keur dahareun tilu poé. Nyarapna mah  cukup wé genep rametuk jeung dua siki reungit. Awak séhat da daharna loba gizi katambah leuwih cénghar sabab isuk kénéh geus olahraga. Ngapung kaditu kadieu, jangjang cangker panon awas. Tara geuringan.

Sabalikna jeung si Atong, hudangna téh mun mata poé geus na luhur sirah. Arang langka moro rametuk, tapi sok nyoro tolombong nu geus aya. Boro-boro ngapung jauh, awakna sok gancang leuleus, jangjangna remen ngulapés. Lolobana mah eunteup wé dina eurih atawa dangdaunan séjénna.
Tungtungna dina mangsa manusa moro papatong, si Atong beunang pangheulana. 

Sabtu, 04 Februari 2017

Ulah Rudet

source : pulskcom
Otat jeung Jumsah ngagaya dina juru kapal pesiar. Duanana keur anteng nyobaan gaya pilem ‘Titanic’. Panumpang kapal lianna aya nu ngawangkong, kokojayan, moé manéh, aya ogé nu balakécrakan murak timbel. Nu ngadon nguseup, iwal ti ngecrik dihulag téh da bisi meunang lauk paus. Komo ngurek mah dipahing pisan paur kasetrum ku belut laut.

Hanjakal sakabéh kagiatan kudu eureun sabab sirineu darurat ngahiung, tandaning aya balai. Kabéh ngumpul bari beungeut baringung pinuh kahariwang. Teu lila dina spéker kadéngé Kaptén kapal, “Béwara ka sadaya panumpang nu dipihormat, simkuring saparakanca ménta hampura can bisa nyugemakeun balaréa. Sababna sistem cai bersih dina ieu kapal ruksak, jadi cai nu aya utamana cai nginum kudu ngirit, muga-muga dina 24 jam tiasa leres deui mesinna, Nuhun.”

Otat noél Jumsah, “Naha jadi rudetnya?”

“Sumuhun kang, padahal mah jiga urang wé kantun nyiukan cai laut, nya asin meueusan mah kudu maklum”. Jumsah mairan. Tuluy duanana léléonardodécaprio-an deui.  

Jumat, 27 Januari 2017

Hanjakal

nyunyucom

Lantaran sumanget teuing kana di gawé, Jang Parlan parat nepi ka dur magrib can kaasupan kéjo. Beuteung nanagih gogorowokan, tapi baham balem. Ceunah mah méh gancang anggeus pagawéannana. Sumawonna sora adzan lohor jeung asar ukur jadi wirahma euweuh makna. Anteng wé macoco hareupeun léptop da sieun ku dédlain nu di wates ku dunungan, kudu anggeus peuting ieu.

Cikopi  geus béak genep balikan, puntung garpit tinggalolér sésa ngeyotan ti isuk-isuk. Ngan pagawéan asa teu anggeus-anggeus. Kekemplong mimiti peurih,  sirah lalaunan karasa rieut. “Tapi ieu tugas kudu anggeus, aing pasti bisa”  gerentes Jang Parlan bari nyusut késang tiis dina damis.

Sora adzan isya gé teu dipaliré, nepika tungtungna mah Izroil nu langsung nyauran, di gidig ku sorangan.
Jang Parlan gigisik bari ngabeuntakeun panon, “Dimana uing yeuh, paroék kieu?”
“Man robbuka?” Hiji sora ngageterkeun jiwa. Jang Parlan teu bisa nyarita, ngayekyek teu puguh rasa. Hasil gawé tingkoléséd ninggalkeun raga.  

Kamis, 19 Januari 2017

ITIKURIH versi Bahasa Indonesia

wwwdwioktanugrohowordpresscom
Angin dini hari menyapa perlahan penuh kemesraan, memberi tenaga untuk menjemput bahagia di dunia yang indah ini. Berjalan cepat menuju kebun ditemani jangkrik yang gembira. Kaki bergerak menginjak batang pohon aren, menuju bumbung bambu yang terdiam semalaman. Alhamdulillah bumbung terasa berat, berarti sudah penuh terisi. Sesudah bumbung diturunkan menyentuh tanah, sujud syukur kepada Allah SWT, sudah memberi rejeki pada hari ini. Segera raga bergerak, bumbung digendong menuju lapangan. Tempat biasa yang setia menjadi saksi ketekunan ihtiar ini.

Sampai ke lapangan, matahari baru beranjak menyinari bumi. Sudah ada tiga gadis dan pemuda yang menunggu. “Mang, beli empat gelas” suara merdu membelah sepinya pagi. “Baiklah neng” langsung bumbung diturunkan, memberikan gelas ke masing-masing. Bumbung diangkat pelan-pelan. Air alami mengalir, rasa manis penuh kasih berpindah tempat. 
“Enak banget mang, segar dan membangkitkan semangat, tambah lagi ah!”
Alhamdulillah tengah hari masih jauh. Bumbung sudah kosong berganti lembaran uang untuk membeli harapan di hari ini. 

***************** 

Untuk naskah asli dalam bahasa sunda, silahkan klik disini ITIKURIH

***************** 

Yang mau beli atau Order via online silahkan klik disini ITIKURIH ORDER ONLINE
atau via Whatsapps 082320063397

Hatur nuhun.

Rabu, 16 November 2016

Mang Donal

Source : ciricaradotcom
Dua rasa marojéngja basa meunang béja, mang Donal meunang. Antara atoh jeung sedih, atohna tangtu ngarasa reueus sabab manéhna teu boga pisan pangalaman ngulik pulitik. Éta ogé ceuk tetempoan uing nu giling gisik mun rebun-rebun meuli daging di pasar Soréang. Ayeuna bisa ngéléhkeun calon kuat nu geus lila nyangking jabatan. Ari sedihna nyaéta palaur kana gaya kompanyeuna nu wanian ngusulkeun nyieun kawijakan nu ngarempag kana aturan nu geus aya.

Ari pék téh geuning nu milih lolobana meunangkeun manéhna, atuh écés Mang Donal meunang. Pikeun jadi Kuwu di Desa Buricak Rikat. Panasaran uing mapay lembur, nanya ka sababaraha jalma. Saur Ujang Emid “Bosen désa téh kieu kieu waé, sugan aya robahna”, Mang Atang mairan, “Mening si Donal teu munapik, puguh-puguh rék pasalia jeung aturan nu geus aya. Jadi jelas musuh téh teu nyiliwuri deui’. Uing unggut-unggutan tuluy ngaléos, muru réstoran mang Donal nu ngaharatiskeun kabéh kadaharan, asal ngasakan ku sorangan. 

Jumat, 09 September 2016

Balik deui


Cimata nu geus ngeclak dina awak, ngadon hayang balik deui kana panon. Buru-buru panon dirapetkeun. Cimata hahéhoh nanjak , tuluy ngetrokan kulit panon bari milihan bulu halis nu susuganan bisa dipaké keur pakarang. Sawaréh ngiuhan heula dina jero rorompok korong, ngadon badami kumaha carana sangkan bisa asup deui, kana panon nu peureum waé geus mulan malén. “Uing boga akal, ieu wé bulu irung urang beulit-beulit, tuluy geus badag mah rojokeun waé kana sisi panon beulah kénca atawa katuhu, bakal muka geura”.

minyakairmataduyung-com

Sanggeus sapuk kana kamufakatan, tingkalacat cipanon kaluar tina rorompok korong. Lalaunan nérékél muru kongkolak panon bari mawa bulu irung nu salin jinis jadi gantar. Coss... kénca katuhu ditojos, panon beunta sajorélat. Cimata tibuburanjat hayang asup kana panon, hanjakal di jero panon geus loba cimata anyar, nu bedah lir caah déngdéng. Kabéh kabawa palid ngaliwatan puhu irung, kana biwir, ngeclak tina gado maseuhan sakujur awak. Lantis sapuratina. Cimata ngambah sagara. 

Senin, 22 Agustus 2016

Nepangan salira


Hareugeueun nampi wartos wiréhna salira teu aya. Padahal tos  ngorbankeun sagala rupa. Panjurung kalbu paréntah rasa teu meunang tamaha kana wiwaha. Pikeun unggah gunung meuntasan sagara. Leumpang nguntuy mulan malén, teu nolih kana sagala rupa warna nu aya. Istuning tuhu kana papagah Apa, pikeun nepangan salira.

Nu nawisan linggih tos aya belasannana. Nu ngolo ku jabatan ogé rabeng bari duka aya naon di pengkerna. Pon kitu deui ku banda sareng parawan désa, dugika nyeri beuheung da gigideug teu aya eureunna. Ku cara sopan teu tiasa aya ogé nu nyobi ngabegal tur ngagunasika, alhamdulillah jurus ‘saépi angin’ jeung ‘halimunan’ bisa nyalametkeun kaula. Teu hilap manteng du’a ka Mantenna.

Ayeuna, awak leuleus haté lungsé. Sabab sagala ihtiar téh ukur ditampi ku lawang kosong. Da salira teu aya. Teu lila haté ngadadak panas, nyel ambek nu taya papadana. Hayang ngancurkeun nu aya. Sajorélat kakuping deui papagah Apa, “Élmu sabar nu sesah naékannana.”

Jumat, 15 Juli 2016

Hampura Nyai


Felis Bengalensis (Latin)
Gégéroh bari cingogo pipireun imah karék dimimitian. Ma’lum imah ngan sacangkéwok, jadi tampian aya di luar. Curuk ngadoléwak sabun colék, lebu ngagabung supaya seuseut. Kareungeu dina suhunan sora léngkah ngadeukeutan, antaré tur lalaunan. Haté ngadadak ratug tutunggulan, “Ah paling gé beurit” gerentes téh bari anteng mencrong kana ringkok kumbahaneun. Gigireunna aya baskom leutik eusi cai, kaciri ngagurilap kapentrang kingkilaban nu muka panineungan. Sajorélat beungeut anjeun aya hareupeun, dina cai baskom, dina ringkok jeung nu pasti mah dina jero haté nu pangjero-jerona.
“Astagfirullohal Adzim!!!”, Uing gigideug ngencarkeun lamunan nu mimiti ningker pipikiran ngaganggu rasa jeung jiwa. Miceun harepan bagja nu ngan ukur pupulasan. Teu loba carita leungeun rikat mersihan sagala rupa sangkan gancang ninggalkeun tampian.

Léngkah dina suhunan karasa ngadeukeutan, teu lila jempling. Tapi jempling nu matak muringkak bulu pingping, sabab gigireun kaciri ku juru panon aya nu nagog bari mencrong moncorong. “Hampura nyai nya kang”, Nu nagog carinakdak bari ngagaur.  

Sabtu, 02 Juli 2016

Ulah Kecing

nyandak ti : Duddydotwebdotid

“Sok atuh balaka wé ka dunungan ti batan cilaka ka hareupna!”
“Can kumpul kawani euy, sieun si Obos ngadat”
“Laah teu kudu di dramatisir, kudu boga prinsip mun urang yakin dina jalan bebeneran”
“Aing gé keuheul ngan keur nimbang-nimbang hadé goréngna lur”
“Ah sia mah kecing, loba teuing mikir!!!”
Mahmud garo garo teu ateul, panas kulit beungeut jeung daun ceulina ngadéngé Jang Sarmud kitu teh. Lain teu wani ieu ogé, tapi pan nu disanghareupan téh dunungan. Nu tangtu kudu lantip tur ati-ati.
“Tuh nya ngadon ngahuleng” Jang Sarmud mairan deui.  “Gandéng lur, geus jempé. Anggur du’akeun sugan aya jalan komo meuntas.” Mahmud nyabar nyabarkeun manéh padahal geus hayang ngababét babaturanna nu riweuh waé.
Isukna Jang Sarmud rawah riwih, “Mahmuuud aing boga dosa naon?  Naha bet di pindahkeun jadi ngajar di tempat nu jauh timana mendi, teu adil dunungan téh!!”

Mahmud tungkul bari nyekel SK anyar, diistrénan jadi Kasi ngaganti dununganna.

Rabu, 08 Juni 2016

Ngawangkong

source : thehattainstitutedotcom
Di golodog masigit swallow jeung babaturnna ngawangkong, “Cekéng gé bulan puasa mah jadi remen urang papanggih di dieu” Selop kulit unggeuk bari nyéréngéh, “Bulan kamari mah urang panggihna di toko tuak nya ang heu heu heu.” Keur anteng ngawangkong datang tarumpah, “Hallow ki sobat, calageur yeuh?” “Damang gan, kumaha sawalerna?” Duana ngajawab babarengan.

“Nya kitu wé kukurilingan ngabagi pangaweruh, geus nyaho can yén bulan puasa téh aya tilu tujuan?”
“Acan gan!!”
“ Nu kahiji néang ampunan, nu kadua hayang jadi jelema takwa jeung nu katilu améh bisa panggih jeung Gusti Allah di ahérat engké mun geus maot dina kaayaan bagja.”
“Anyiiir agan meuni jero kitu tah kana bagbagan puasa, hédéd lah” Swallow némpas, selop kulit ukur imut.

Nu keur guntreng langsung jempé, ngarapihkeun posisi séwang-séwangan sabab tarawéhan geus  lekasan. Selop kulit dipaké ku pa ustad, swallow mah ku Ulis. Tingal tarumpah ngahuleng, “Jigana bener uing mah geus dilapurkeun”.

Selasa, 07 Juni 2016

Lampah Hadé


source :wwwdotwinesiadotcom
“Dina sasih romadhon mah sagala ucap lampah nu hadé téh meunang pahala mangtikel-tikel, komo deui ibadah mah, hayu urang paréa-réa nyieun kahadéan”  Ustad Romli mungkas kuliah subuh dina poé munggaran romadhon. Uing ngaregepkeun jeung diniatkeun nyieun kahadéan poé ieu. Kabeneran sakola mah peré saminggu, atuh resep wé ulin ka pasir ngadon langlayangan. Bada lohor tuluy ka imah nini, rék ngilu solat saacan balik ka imah kolot.

Anjog ka golodok imah nini, ngahaja ngulincer liwat tukang da biasana panto tukang tara di tulak. Deukeut kandang hayam kaciri aya kelenci kameumeut nini, awakna montok ngan hanjakal huntuna téh rada coklat. Jorojoy inget caritaan ustad tadi bada subuh. Teu loba carita, asup ka jamban nini, nyokot sikat huntu jeung odol. Tuluy kelenci nini di tewak da lindeuk, huntuna di kosok méh jadi bodas, “Sugan jadi pahala yeuh” Kelenci ugal ugil, ku Uing dicekel pageuh.

Isukna Ma Nini gujrud, kelencina paéh, ngabudah. 

Sabtu, 14 Mei 2016

Paturih-turih

tina manfaatjahemerahdotcom
Jahe beureum jeung jeruk nipis pasanggrok di sisi walungan. “Kang Jabeur, sia boga élmu ngahaneutan jeung nyegerkeun awak lin?” Néng Jéni nanya bari ngarandeg. “Heueuh dibéré baheula ku luluhur uing jampé pamaké, tapi ulah salah. Bakal leuwih bedas mun anjeun gabung” Néng Jéni  imut rada gumeulis.

“Cik urang cobaan néng!” Jang Jabeur turun kana sisi walungan, nyieun babalongan leutik. Sérését maké kuku nurih dada. Kaluar lambaran cai beureum ngora.  Néng Jéni embung éléh, nyingsatkeun erokna, pingpingna diturih ku régang seukeut, ngucur ngagabung kana balong leutik. Jang Jabeur teu poho kunyam kunyem mapatkeun jangjawokan bari peureum beunta. Balong leutik dibedahkeun sina gabung kana cai walungan, ngamalir muru ka girang nu loba padumukan.

 Béja patatalépa,  mimiti ti budak angon yén cai walungan jadi seger haneut haseum, ngeunah kana awak. Dadak sakala di padumukan jadi haneuteun.  Nu katarajang salésma, batuk, carangkeul calageur. Jang Jabeur jeung Neng Jeni ogé bagja dina acara jatukrami.

Senin, 09 Mei 2016

Diajar Milih

Ti ramatloka radiotamhiddotcom
Awak rancucut ku késang nu ngagarajag, beungeut karasa ngahéab. Kaos jero jeung kaméja bodas geus badis pangepél baseuh, kari meureut meunang sajolang tah késang téh. Padahal rohangan maké AC nepika 16 darajat, tapi angger wé késang ngadon balap pating curulung tina sela-sela rambut muru kana gado. Aya ogé nu ngetém heula dina tungtung daun ceuli, ngajleng kana taktak bari sura-seuri.
“Sok geura putuskeun Jang Usrip, éta dua pilihan ti bapa. Ditungguan ayeuna pisan!!!” Nongtoréng kénéh sora bedas dunungan ageung sanggeus nampa sahunyud kertas laporan pamariksaan nu di kerjakeun ku Jang Usrip dua minggu katukang. Reunghap diajaran rada lalaunan, sugan wé ngurangan bangbaluh tur ngeureunkeun kesang.
Si kesang nu dina tarang nanya, “Naon kitu pilihanna lur?” Jang Usrip ngagerenyem, “Teu pira euy antara pupus deui ieu laporan atawa ngaran uing nu dipupus tina daptar pagawé di dieu.” Si kesang hareugeueun ngilu bingung. Sakabéh késang dina awak tarungkul, ngusap cimata.

Minggu, 08 Mei 2016

Peuting

Tina ramatloka : id.anawallsdotcom
Nyangsaya kana taktak peuting, karasa tingtrim sanajan poék mongkléng buta rajin. Sagala bangbaluh ngoléséd ngajauhan, tonggong longsong haté antaré. Renghapna rasa silih udag jeung simpéna peuting.  Mimiti pacantél ramo patali kahayang. Teu kaampeuh sakabéh gegedoh rusiah ngagolontor maseuhan manglambar-lambar sajadah meunang ngarurud ti masjid jami tukangeun imah.

Peuting imut kanjut sanggeus wareg ngadéngékeun uing nu teu eureun ngocoblak. Teurabna peuting eusina gosip jeung sindir sampir nu matak geunjleung sanagara. Sanggeus rada ngareunah kana awak, Uing maksakeun cengkat. Sakedapeun ngahunted, nempokeun rombongan siraru nu ngagotong ratu sangkan ingkah tina kamunafikan.

Teu loba carita, peuting langsung ditalék naha rék enyaan atawa ukur pupulasan? Hanjakal ngajawabna geuning maké haté kadua leutik, sanajan camperenik tapi geuning pinuh ku intrik. Pipikiran baluweng teu sanggup ngarencana nanaon. Aya kereteg hayang ngadu’a, tapi leungit niatna. Peuting mimiti harénghéng, sanajan taktak mah keukeuh dipuntangan tipepereket.

Uing terus bacéo, nepi ka peuting laput ku kahayang. Hayang leupas ti Uing. 

Selasa, 12 April 2016

Cirambay

source : idgofreedownloadnet
Pas eureun na lampu beureum. Brakk!!! Kaca tukang aya nu ngababuk, sajorélat ngalieuk. Kaciri ditukang loba motor. Uing muka panto supir, turun katukang. “Nanaonan ari sia, bet neunggeul kaca mobil teu pupuguh?” Uing muncereng napsu ngaguruh. Manéhna molotot euweuh kasieun. Uing maju bari ngaluarkeun jurus monyét ngagugulung kalapa, méh bisa nonjok tah si pikasebeleun téh. Pas peureup rék antel kana beungeutna, kaciri éta jelema téh geuning cirambay. Kabeneran manéhna maké hélm sapotong.
Reg peureup eureun, uing galaw. “Tuluykeun ngahabek atawa tanya heula?” tapi tibatan jadi matak mending nanya heula. “Kunaon siah jagoan téh bet ceurik?” Uing nanya bari rada muncereng. Manéhna tungkul bari nempo kahandap. Ana bréh ramo suku katuhuna katindihan ban mobil offroad nu uing. Gebeg téh, beretek uing lumpat naik kana mobil, maju saeutik.

Si bapa ngagolér tuluy dipayang asup na mobil uing, muru ka rumah sakit. karunya ramo suku limaannana jadi jempol kabéh.

Étalase

nyandak ti ramatloka simomotdotcom
Teu seueur culang cileung, Ésih ngungkug deui ngaliwatan étalase nu ngajalegir bari ngabegégan. Ngadodorong karéta balanjaan. “Teu boga duit mah ulah loba laha-loho”, saur dunungan istri nu nuju balanja. Pek téh teu nyalahan, geuning étalase gé sarua ngajebéngan. Kanjut kundang eusi kencring meunang kukumpul tilu warsih teu walakaya. Ngayekyek samar polah nempo barang nu dipikahayang teu kauntup ku akalna. 


Ésih ngagidig ngajauhan étalase, dunungan nu nuju pipilih dikantunkeun. Karasa haté peurih ku itu ku ieu. Sabot nepi ka sisi jalan, kanjut kundang murag kencring paburisat. Ésih ngudag rék mulungan, tapi kencring rikat tingkoloyong asup ka kios bénsin. Kencring réréorangan ngagotong kompan ngaliwatan Ésih meuntasan jalan muru étalase nu keur anteng gogorowokan ngabudah diskon. 


“Tah marandi heula, méh teu sombong ka jalma leutik,” bénsin mancawura kencring ajojing. Kanjut kundang gé ngiluan nyekéskeun panékér nyacapkeun katugenah. Ésih ngajentul peuntaseun jalan, melongkeun étalase miwah dunungan istri nu rambisak di kepung seuneu.

Senin, 14 Maret 2016

Sapagodos

sumber : www-nyunyu-com
Kodir gura-giru asup ka rohang até’ém nu ngajajar salima-lima. Kabeneran kosong jadi salsé milih keur nojoskeun kartu bari  tuluy puncat pencét kode.  Karasa beuteung Kodir ngusial, ah teu loba badami meungpeung euweuh sasaha. Pelepes.. brott!!  Imbitna disada tarik naker.

Teu lila asup ibu-ibu tengah tuwuh, budak ngora jeung awéwé geulis maké rok mini. Siga nu badami kabéh muka lokét  tuluy nojoskeun kartu kana liangna. Si ibu bari nungguan lambaran duit kaluar ngambeu aya  parfum anéh liwat kana irungna, “Merk naon ieu teh asa wawuh tapi poho deui ngaranna?” gerentesna. Budak ngora mah geus ngahuleng dijuru hayang ongkék, duit lambaran patulayah teu dipaliré. Awewe geulis mah anteng wé nyabakan imbitna, trauma sieun busiat jiga bulan kamari. Kodir gé ngajanteng hareupeun mesin, teu wani ojah sabab karasa aya nu  haneut ngageleser turun kana sukuna. 

Opatannana papelong-pelong  bari mengék irung.  Dina uteukna panuju kana singketan mesin nu aya,  nyaéta ATM (Aing teh modol).