Rabu, 27 November 2013

***ELMU ANYAR***

Hileud Sinanangkeup anteng gogolosoran dina tonggong pasir. Ngagulusur muru ka lebak. Gogonjakan jeung Bangbung ranggaék nu keukeuh hayang nangkarak. Sanajan tonggongna jadi dadas. “Panas tonggong aing euy, tapi lumayan bisa meupeuskeun rekor Mang Jangkrik 2 méter sa detik” Bangbung bungah bari nempoan spédométerna. Cép Simeut nyéréngéh bari nyekel pageuh rokrak nu jadi tumpakannana. Tegalan ngebul pacampur jeung késang séwang-séwangan. Silih gonjak silih élédan, ogé silih tulungan mun aya nu nyangsang atawa tikoséwad nyuksruk kana galengan. Nu meunang jeung nu éléh piligenti. Nu nyangsang jeung tikusruk ampir kabéh kabagéan. Tapi tetep silih tulungan bari teu poho gogonjakan. Ngan hanjakal, sanggeus Kuwu Gaang meuli tipi. Remen nonton babarengan. Babalapan na tonggong pasir jadi lalicik. Hayang meunang ku sagala cara. Mang Jangkrik ngait dina eurih, Bangbung ranggaék tigejebur ka balong lain ditulungan. Ngadon ditinggalkeun dan sieun kasiap ku nu lian. Ceunah éta élmu anyar nu diajarkeun dina tipi.

***CINGOGO BARI HUSU***

Gura-giru ti tonggoh muru ka walungan. Beuteung ngusial teu bisa di pungpang. Teu sirikna notog notogkeun manéh kawas di udag ririwa. Nu janten sabab nyaéta imbit teu tiasa kompromi. Bilih ngabulaéh sanés wayah, matak guyur salembur éar sadésa. Kuwu hormat kababayan. "Beu bararaid teuing". Anjog ka walungan, ngarengkog hookeun. Nempo nu nagog méh di sakabéh tempat. Aya nu sisi leuwi, dina batu, aya nu bari nyekelan kana dapuran awi. Lolobana mah dinu déét caringogo bari imbit antel kana cai. Ngabaris kawas anak meri. Aya ogé anu dina léngkob, dina dapuran cau, deukeut saung, ogé di sisi galengan. Kabéh anteng miceun bari nyaroo hapé. Uing ampir beakeun lapak, kapaksa méngkol ka kebon kabeneran aya rungkun nu lénglang kénéh. Bari ngelapan imbit ku daun jagong, uing karék inget pan sa ider lembur keur ngiluan saémbara fikmin nu dikintun tina hapé séwang-séwangan. Paingan.

***Nu Ajeg Nangtang Alam***

Handaruan sora gelap ngageunjleung sakabéh pangeusi haté.  Kilat nyueutkeun niat ngaleutikkeun karep nu di rarancang dina wadah kahariwang. Nu tadi na tanggah perténtang jadi murungkut, tuluy ngadakom nempokeun burinyayna langit mecutan méga nu humaregung nahan sakabéh pangharepan. Ngan saurang nu wani ajeg nangtung bari panon gular giler. Manteng nempokeun tingburinyay langit jeung jelegurna gelap kawas musik alam nu ngeunaheun keur diteuleuman. Kabéh ngaheruk nangkeup harigu séwang-séwangan, ngan saurang nu wani ajeg nangtung bari teu nolih kana amarah alam. Anteng tatajong bari sura seuri. Langit beuki angkeub angin ngahiuk ngabuntang banting. Kaweur nerekab ka sakabéh mahluk. Nyarumput nyalametkeun nyawa nyumputkeun dosa. Ngan saurang nu wani ajeg.  Gelap curinghak, gogodeg nempokeun nu nangtung ajeg bangun nangtang. Badami jeung kilat langsung ngabéntar kanu keur ajeg. “Jegur...Burinyay!!” gelap ngajongjolong, kilat ngajurahroh. Nu nangtung masih ajeg bari najong nu buleud. Teu hilap ngagorowok “Persib nu Aing”.

Rabu, 13 November 2013

*** IKHLAS ***

rifkiadhis.blogspot.com
“Sia téga ka aing” Batu ngomong bari mencrong ka Kéhkél. “Mamanis jeung budi geulis téh geuning tungtungna mah tumpur ku waktu. Ngoléab kahakan jaman. Nyeri!!”. Batu ngomong bari nyawang mangsa baheula nu karasa pisan éndahna. Ocon jeung Kéhkél saban waktu. Kadang teuleum mun caah déndéng atawa moyan gogonjakan dina mangsa walungan saat. Kéhkél tungkul, Batu beuki burahay. “Ku Aing di jait tina bangkarak jadi jegud di ieu walungan. Sugan téh rék balég, ngadon hianat jeung salingkuh”. “Uing moal ngahukum sia, uing hayang sia babalik pikir”. Dina jero haté, Kéhkél seuri da geuning teu di kukumaha ku Batu nu jadi bapa kukutna. Hartina ngait asih ka Néng Paray, Ceu Mujaér jeung Lulunsamak bisa dituluykeun nu penting rikip. “Nuhun Ang, Uing rumaos seueur kalepatan, hampura”. Kéhkél ngaléos rék muru Lulunsamak nu nungguan di léngkob. Hanjakal sair budak angon kaburu ngajait awak Kéhkél. “Lumayan keur batur nyarap” Budak angon nyekék Kéhkél tuluy diturih.

Minggu, 03 November 2013

*** KOLEK ***

Nembé gé cengkat tina korsi kuwu. "Assalamualaikum pa Kuwu, tiasa nepangan?". Katingal aya nu camperenik tos dina payuneun panto. "Mangga kalebet bu". Uing calik deui, anjeunna calik di korsi tamu. Teu seueur basa basi mung ngabagéakeun janten kuwu énggal, ngenalkeun diri ogé hoyong karaosan kolek sarantang damelan nyalira. Saatos anjeuna amit, Ulis sareng Olot nyaketan bari ngaharéwos "Punten Gan, Néng nu tadi randa béngsrat. Kadé ah". Uing ngahuleng, asa percanten asa henteu. Komo ningal anu lenjang tur sampulur tadi mah. Émut kana kintunannana, bilih enya dipurulukan. Uing sasauran "Lis, éta aya kolek, urang emam sasarengan” Ulis unggeuk.
Bada Isya uih ka rorompok, mung émutan manteng waé ka Néng randa, asa aya dina kongkolak. Beuki wengi téh beuki maceuh ieu mastaka émut ka anjeuna. Nyacapkeun kapanasaran, tabuh sabelas wengi ngagidig meuntasan tegalan muru bumi Néng randa. Anjog ka buruanna, katingal Ulis, Olot sareng Kadus bangun nu linglung tingharuleng. Papelong pelong.

*** KARPET BULUDRU ***

Poé ieu poé munggaran Kuwu anyar asup ka kantor désa sanggeus ngiluan diistrénan tadi isuk-isuk di pendopo. Kuwu anyar lajag léjég. “Lis!, sabara urang pagawé di dieu?”. “Genepan Gan” Ulis ngawaler. “Rohangan uing beulah mana?” “Palih katuhu rohangan pang ageungna”. Kuwu anyar ngagedig muru rohangan gawé, di tukangeun Ulis jeung Olot nuturkeun. Asup na rohangan, culang cileung niténan sarupaning barang nu aya di dinya. Teu lila Kuwu ngagorowok, “Karpét buludru kandel nu nutupan ubin ieu bisa di laan teu? Teu resep uing mah”. Ulis jeung Olot papelong-pelong. “Mangga Gan, tiasa di laan” walon Ulis rada dareuda. Bubuhan karpét buludru éta meunang réréongan nyisihkeun tina ladang ktp, bantuan désa jeung duit raskin. Pangbagéa keur kuwu anyar. Ari pék geuning kitu pamolahna. “Isuk kudu geus di laan!” Kuwu anyar ngagorowok deui. Ulis tungkul. Isukna karpét kandel suwung, ogé méja, korsi, lomari jeung brankas. Padahal panto dikonci. Kaciri lalangit bolong urut jelema asup.

*** SEUEUR EMUTAN ***

Magrib ngagayuh ka isya, baluweng minuhan sirah, pasulabreng kahayang pajurawet dina mastaka. “Ngalamar kabogoh nu mana da kabéhannana geus dipanjeran, nyicil mobil améh gaya atawa ngaréngsékeun sakola nu béasiswana geus kadaluarsa?”. Ngahuleng bari ngadaweung, angin peuting manjangkeun pikir jadi jauh panineungan. Bosen nempokeun nu lalar liwat, buru-buru asup ka imah kontrakan bari sirah masih beurat ku pasualan. Gap nyokot anduk saged rék mandi, gejebur gejebur. Karasa tiis seger nyaliara sakujur awak. Pipikiran mimiti béngras, haté jadi teteg. Karasa jadi yakin kana pilihan. Lalangit jamban ngabulungbung, awak ngadadak hampang tuluy ngapung ngaliwatan lalangit tobros kana suhunan. Ngaluhuran tuluy ngaluhuran, beuki deukeut kana béntang beuki caang pipikiran. Bulan sapasi mimiti kaliwatan, melongkeun bangun hayang diusapan. Éndah, tingtrim tur ahéng, poho kana kabingung istuning genah tumaninah. Di imah kontrakan, gujrud nu mandi teu kaluar-luar. Pa RT jeung hansip ngadobrak panto jamban. Aya nu ngabugang.