Jumat, 16 Mei 2014

*** MURANG MARING ***

Suku meuni beurat ngaléngkah. Somawonna haté mah, gudawang. “Hampura jang, Bapa mah hayang minantu sarjana lain kuli” Kareungeu deui sora bapana Néng Lastri tadi beurang. Padahal, anakna mah miharep uing pikeun babarengan ngawangun kulawarga samawa. Suku mawa diri anjog na panto statsion. Muru lokét nyiar tikét, méh gancang naék karéta nyingkahan cinta nu geus ancur teu mangrupa. Hayang ceurik balilihan, tapi pan uing lalaki. Piraku léwéh. Bari bareubeu, uing culang cileung nempoan karéta nu ngaliwat. Karéta ngabegégan. Nyengseurikeun nasib uing. Pikasebeleun. Hayang ngudag éta karéta. Dicokot tuluy dibeubeutkeun. Sugan jadi tengtrem kana haté. Tapi angger guligah rasa. Asa teu adil nasib téh. Dina waktuna naék, jelema paboro-boro. Pas asup, nempo digigir aya nonoman jeung wanoja keur diuk. Teu maké punten, clé diuk diantara maranéhna. Kaciri duanana kapaksa ngésér bari jamedud. Papisah diuk kahalang ku uing. Ti Statsion Kircon nepika Kroya samutut duanana bari teu bosen molototan uing. Paduli.

*** TUGASRUSIAH ***

Hoyongna mah masihan sagala rupi ka jikan téh. Mung dalah dikumaha, geuning nasib masih teu acan aya menyatna. Angger wé janten kékéséd nu sanés bari buruh teu kantos naék. Badé nyobian ngablokir jalan tol kawas batur. Kuriak dilindesan ku mobil nu ngalangkung da kulit beungeut ogé awak méh badis hideungna aspal, hasil moé manéh puluhan taun. Nya pasrah sumerah wé kana papastén. Sugan aya rejeki nu dongkap ti tempat nu teu disangki-sangki. Alhamdulilah ari kanu sabar mah, aya waé jalan pikeun nuluykeun rénghap kahirupan. Ogé manawi tiasa masihan kagegelan kanggo jikan. Padamelanna téh nedunan kahoyong ti salah sawios wakil rahayat ti partéy aneka warna nu badé majeng nyalon deui. Tugas téh pikeun kampanyeu kalawan carana husus ogé pinuh rusiah. Nguar nguar kalepatan calon sanés nu janten sainganna supados masyarakat mikangéwa. Ieu padamelan cocok pisan sareng beungeut tur kulit simkuring. Nyaéta "kampanyeu hitam".

***** HAHALANG*****

Buru-buru turun tina alphard séwaan, muru ka masjid nu ngajegir éndah baranang. Asup ka tempat wudu anu beresih jeung dibédakeun antara paranti lalaki jeung awéwé. Orokaya geuning loba jelema nu rék sholat. Ngantri wuduna ogé. Lima menit nungguan, alhamdulilah kabagéan. Ngan pas ngasongkeun leungeun kana pancuran. Caina teu ngocor. Padahal nu saacanna mah ngocor. Gigir kénca katuhu gé ngalocor. "Sial aing mah. Giliran Uing béak caina." Uing ngoléséd ngantri deui kana pancuran séjén nu kaciri ngalalocor. Tapi angger, unggal uing ngasongkeun leungeun, pet wéh pancuran pareum. Jaba euweuh paranti ngahurungpareumkeun pancuran. "Bangkawarah, naon maksudna ieu? Unggal uing rék wudu caina eureun" Rék bedo piraku da solat téh kawajiban. Ngan ieu pancuran embung kerjasama pisan. Nu matak hélok, batur mah bisa ngalocor. Lain milik meureun. Tungtungna nyokot botol aqua gedé tina alphard. Wudu gigireun pancuran paranti wudu. “Aya aya waé hahalang keur najeurkeun tihang agama teh.” Nu lain marelongkeun.

**** TEGA****

Kudu na mah peuting ieu téh anjeun aya. Sakumaha biasana digigireun uing. Maturan kahariwang bari sakapeung gogonjakan. Tapi peuting ieu, anjeun teu aya. Duka katutupan méga hideung, duka ngahaja nyumput dina purnama. Boa nuju ocon sareng béntang, antukna hilap waktos ngadon anteng sosonoan. Nu pasti anjeun teu aya digigireun uing, ayeuna. Sedih mah nataku, mung gedur kamelang meuni ngaléntab méh parat na batas jiwa. Sieun anjeun kumaonam, sieun anjeun aya nanaon.
Kojéngkang mawa raga muru ka buruan, tanggah nempo Nini Antéh. Disidik sidik teh keur ngarenyohan bangun mupuas. Pikasebeleun. Ambek nyedek ngahurup rasa. Nempo di hareup aya batu sagedé munding. Teu antaparah, dicokot tuluy sakuat tanaga dialungkeun kanu keur ngarenyohan. “Aduuh” Nini Antéh ngajerit maratan langit tuluy ngiles. Langit ngadadak poék. Tetempoan jadi hideung ngabelegbeg. Uing ngajubleg. Ngahuleng, beuki sedih da geuning anjeun teu aya. Hawar-hawar kakuping soanten anjeun nuju haharéwosan sareng Nini Antéh. Duka dimana.

*** DINA SUHUNAN ***

Keur anteng moyan bari ngaroris kenténg, pangangguran nempo kahandap. kaciri ucing hideung ngulampreng diburuan. Culang cileung bangun nu bingung. Bari ceuli rebing sungut rada ngacung. Kacirina mah aya nu kaambeu matak pikabitaeun. Tapi teuing timana. Ogé teuing naon. Uing melong bari ngilu mangkarunyakeun. "Naha néang bau naon?" Uing ngilu ungsa angseu sugan wé aya hiliwir goréng lauk atawa semur daging. Tapi da suwung. Ngan kaambeu késang sorangan. Pas mencrong deui kaburuan, ucing hideung teu kaciri. “Kamana inditna? Biasana sok betaheun ulin di buruan téh.” Sabot ngarenghap, kadéngé gigireun aya sora nu nyanggéréng. “Grrrrrrrrr”, Karék gé nénjo ka kénca, sakolébat kalangkang hideung ngagabrug. "Bress!", beuheung baseuh katurih sihung. Cakar nyeceb ngagaris nasib. Getih ngabayabah. Tuur karasa leuleus tetempoan asa karonéng muru ka poék. Kenténg asa katincak asa henteu. Eungap. Dihandap aya budak ngagorowok, "Ambu, itu empus kenging beurit ageung di suhunan."