Selasa, 25 September 2012

SERBASERBI FUNWALK 23SEPT12

Kumpulan doorprize dari OPD
pissss ah...panas jadi caralix
Humaskingdom Jagi Hadiah...
Menanti Pengumuman, bayi terlelap di pangkuan
CBG (cingogo bari gagaro)
Penarikan Doorprize....

Minggu, 16 September 2012

De Syukron siang ke sore

Iklan Pasta Gigi & Hotdog Pa Kabag Rumga
Menunggu Mba-rongsay

Atraksi Barongsai
Smartmen jojing
Actionnn.... awas jatuh

Kawali Pinanggih Janji

Jajantung ratug meueusan bari leungeun kenca tipepereket nyekelan gagang panto kanyataan. Sumeblak rasa ngagulawing dina ati dibarung ku nyemprung sora lalangse nu geten ngarawat waktu nyuuh dina bangbaluh ngajeten ngadon pabeulit bari teu weleh imut ngarudetkeun. Eta mah mimitina, dalah ari ditarekahan bari niat bebeneran mah teu nyalahan enggoning meupeuskeun kahayang ngajaul kana papasten oge ngulik nasib bari teu petot munajat kanu kawasa ameh dibere elmu pangaweruh jajaten nguatan awak, diantarana elmu ngaleungit tina kanyataan, elmu ngapung ngawang-ngawang, elmu nerus bumi jeung elmu napak sancang.
Sumber :  http://manarussunnah.blogspot.com



Ayeuna rasa geus beda, tasyakur binnikmah jadi utama. Lalangse geus nyinglar katugenah oge ingkah, suudzon teu bisa ngendon, buruk sangka geus teu aya dikieuna. Hayu urang nincak rawayan kahirupan kalawan antare bari teu poho milih gantar anu panjang keur ngajul pangharepan. 



Cag... Kawali pinanggih jangji

Junk Creek....

Krikk.. Krikk.. Kriik, soanten jangkrik atanapi sora jangkrik?.. (ah wios we sakali-kali mah basa lemes kanggo sato ) disada teu liren-liren, culang cileung kana sisi buruan tapi da lenang teu aya jukut sagaris oge da kabujeng musnah ku galakna halodo nu teu aya ras rasanna. sabot soca gular giler oge mastaka luak lieuk eta keukeuh soanten jangkrik asa beuki tarik..

Panasaran di toong na kolong meja da teu aya nanaon, dipapay kana palupuh nyambung kana galar angger we teu katingal eta sakadang jangkrik teh.. Ngahuleng weh bari bingung, sora jangkring ical bin leungit sapertos dilegleg bumi diemam ku simpena sore anu ngarayap ngungudag poekna peuting. Sajeroning ngadaweung bari ngalamun, soca mencrong bari nyaliksik lungsurna bentang oge bulan nu negeskeun peuting simpe jadi pinuh cahya komara caang mentrang tapi teu panas direncangan ku nini anteh oge si ucing hideung nu hilap namina.

Emutan mah ngumbara kana rupi rupi kajantenan boh nu senang boh nu sedih oge anu pikaseurieun atanapi wiwirang pagaliwota janten hiji.
Ieu gambar Jangkrik lur...
Nuju anteng ngumbara dina emutan.. Kriiik, kriiik.. Kriiik, soanten jangkrik matak curinghak ngabarubahkeun kana lamunan ngancurkeun hayalan nu nuju dijujut ku benang kawadulan. Eces soanten jangkrik di juru meja tamu handapeun galar.. Soca neuteup anteb kana lomari utamina laci luhur margi soantenna jentre ti dinya. Panangan lalaunan nyepeng pamuka laci sedengkeun nu kenca siap nungkup bilih jangkrikna ngajleng kabur.. 

Srettt.. Laci dibuka bari jajantung ratug, soca molotot mata jangkrikeun, ceupil rebing irung rebeh biwie jebleh.. Eh ehm Nu aya dina laci meja teh singhoreng... 


Hendpon pun alo nu nada panggilna soanten jangkrik nuju endogan..

Katipuuuuu...... 

Bandros Gumujeng

http://doyanmakan.com/category/detail/299/kue-pancong-bandros

Kojengkang raramo ngadongkang bandros haneut anu neuteup geugeut hoyong disamualkeun kana baham kabingung anu rancucut ku kesang katugenahan. Hate ratug teu puguh rasa teu puguh sabab tapi nu tangtu mah pipikiran keur kulayaban keur ngawang ngawang antara harepan jeung implengan. Sabenerna mun dijejer jejer mah da euweuh nu salah, ngan beda sisi ningalina alias perspektifna wungkul ceuk nu pinter bari heuay di juru panto pangharepan nu ngadadak jadi simpe nempo balebat meuni sumringah nuruban kateu panuju kurupa-rupa basa bari teu puguh hartina. 

 Nu hiji aya kahayang, nu lain oge boga pamenta, ngan dina mangsana anu teu nyana handap lanyap janten sulaya. Padahal nyatana mah ngan skenario di dunia da ceuk khotib jumaah kamari waktu ngilu ibadah di masigit kademangan resepjanten wirehna kebenaran itu sanes kumargi seueur anu panuju tapi jelas manut tur nurut kana bagbagan agama anu dumasar tina Al qur'an srg Hadits. Rarasaan angger keneh can jejep, pagaliwota rasa mokaha, kahayang lawan kaembung, parentah pagedug jeung aturan, itu sajak ieu dongengan.. Padahal pan geus dibejaan ti anggalna yen jalan tarahal jeung angin gelebug teh bakal beuki remen ngabaturan sabab jalan nanjak ngudag puncak bari teu dihayang-hayang ge nonggerak tinggal ngaleukeunan. 

Bari nyamualkeun bandros haneut nu geus jadi tiis camewek, suruput kana bajigur haneut... Karasa sakedeung endahna dunya. Digigireun bandros seuri nuruban maneh ku kinca.

Sieun....

http://slight-hope.blogspot.com
Mangmang hamham jeung hoream keur dalit dina jiwa mangaruhan raga nu teu wasa ngabandang carita bari ngabandungan paripolah nu ngarasa geus sawawa. Langit peuting mencrong bari tutunjuk nyalahkeun pedah bet nurut jeung kahayang dina mangsa ditanya bari teu wasa, ditalek teu make kelek istuning ajrih ngagugah rasa ngabungbang katugenah.


Baham sepa beakeun rupa, panon bolotot ukur ngongkolak, teu puguh ucap teu oyag raga istuning nurut rut tampa karana, tuur leuleus bitis ngabulaeh tulang suku ngadadak laer. Ngan mencrong we bari kumetap.. Nempo mahluk ciptaan gusti nu geulis ka wanti wanti, urung bangir, awak sampayeun jaga, pinareup nyeungseung, parabot calik meuni demplon, jangkung denok. Eta lambey meuni euceuy, beureum asli ih lain bobohongan, pipi semu beureum, soca cureuleuk. Ditempo ti hareup sieup, ti tukang lenjang, tiluhur jadi tagiwur komo tihandap matak ngarenghap. 

Sieuuun gusti.. Sieuuun... 

Sieun Nyaah. 

Cag.

Rabu, 12 September 2012

PON XVIII RIAU

Bandara di Pekanbaru Riau
Welcoming Dance At Airport
Opening Ceremony
Smile and Narsis
Mr. Jimmy Fisher with Mr. Yana

Sabtu, 08 September 2012

ITUNG ITUNG DI TPS 45

Perhitungan suara
Serius melihat paslon
Anggota KPPS nuju Badami
itung terus dan terus itung

KPU CMI 080912

Kantor KPU Kota Cimahi
Punggawa KPU Kota Cimahi
Halaman Kantor KPU Cimahi

TPS 54 55 CITEUREUP CMI

TPS 55 disamping Kantor KPU Kota Cimahi
Lagi asyik bertugas
Hallow pa Hansip
Para Saksi Tekun menyimak
Coblos ayo coblos

TPS 46 LEUWIGAJAH CMI

TPS 46 ditengah lapang
lagi pada serius
menentukan pilihan
Mang Udin Hansipp berposeu

TPS 45 LEUWIGAJAH CMI 080912

TPSku oh TPSku
Para Pengurus Standbye
Dijaga ketat Secret Service 
Yang manna yaaa?
Ayo verifikasi terus

Jumat, 07 September 2012

Kamis, 06 September 2012

Rabu, 05 September 2012

Mundingers

Munding from romenscucks.wordpress.com
Rebun rebun mapay galeng nincak gantar nu ngagoler luhureun gawir meulah sungapan sipatahunan nu tingtrim cai herang meulah batu tempat kehkel keur mijahkeun, sakali-kali mun kawenehan sok aya bayawak moyan bari nundutan dina batu tempat panarosan, ieu gantar teh ngagoler we sosoranganan nyambungkeun lembur paniisan ka lembur gede anu jadi jalan pikeun nepi ka dayeuh tempat gempungan dilaksanakeun.


Panon poe gasik hanjat lalaunan nyaangan dunya bari teu poho ngabelenyeh someah sabab disambut ku sadaya mahluk bari moyan pikeun kasehatan tur ngabuktikeun yen panon poe geus aya deui sanggeus sapeupeuting istirahat diganti heula ku bulan, arie ceuk ceunah mah eta panon poe teh di cash heula sapeupeuting ameh teu ngedrop isukna.. Asa pabeulit nya antara panon poe jeung henpon.

Selasa, 04 September 2012