Rabu, 08 Juni 2016

Ngawangkong

source : thehattainstitutedotcom
Di golodog masigit swallow jeung babaturnna ngawangkong, “Cekéng gé bulan puasa mah jadi remen urang papanggih di dieu” Selop kulit unggeuk bari nyéréngéh, “Bulan kamari mah urang panggihna di toko tuak nya ang heu heu heu.” Keur anteng ngawangkong datang tarumpah, “Hallow ki sobat, calageur yeuh?” “Damang gan, kumaha sawalerna?” Duana ngajawab babarengan.

“Nya kitu wé kukurilingan ngabagi pangaweruh, geus nyaho can yén bulan puasa téh aya tilu tujuan?”
“Acan gan!!”
“ Nu kahiji néang ampunan, nu kadua hayang jadi jelema takwa jeung nu katilu améh bisa panggih jeung Gusti Allah di ahérat engké mun geus maot dina kaayaan bagja.”
“Anyiiir agan meuni jero kitu tah kana bagbagan puasa, hédéd lah” Swallow némpas, selop kulit ukur imut.

Nu keur guntreng langsung jempé, ngarapihkeun posisi séwang-séwangan sabab tarawéhan geus  lekasan. Selop kulit dipaké ku pa ustad, swallow mah ku Ulis. Tingal tarumpah ngahuleng, “Jigana bener uing mah geus dilapurkeun”.

Selasa, 07 Juni 2016

Lampah Hadé


source :wwwdotwinesiadotcom
“Dina sasih romadhon mah sagala ucap lampah nu hadé téh meunang pahala mangtikel-tikel, komo deui ibadah mah, hayu urang paréa-réa nyieun kahadéan”  Ustad Romli mungkas kuliah subuh dina poé munggaran romadhon. Uing ngaregepkeun jeung diniatkeun nyieun kahadéan poé ieu. Kabeneran sakola mah peré saminggu, atuh resep wé ulin ka pasir ngadon langlayangan. Bada lohor tuluy ka imah nini, rék ngilu solat saacan balik ka imah kolot.

Anjog ka golodok imah nini, ngahaja ngulincer liwat tukang da biasana panto tukang tara di tulak. Deukeut kandang hayam kaciri aya kelenci kameumeut nini, awakna montok ngan hanjakal huntuna téh rada coklat. Jorojoy inget caritaan ustad tadi bada subuh. Teu loba carita, asup ka jamban nini, nyokot sikat huntu jeung odol. Tuluy kelenci nini di tewak da lindeuk, huntuna di kosok méh jadi bodas, “Sugan jadi pahala yeuh” Kelenci ugal ugil, ku Uing dicekel pageuh.

Isukna Ma Nini gujrud, kelencina paéh, ngabudah.