Sabtu, 31 Agustus 2013

***OVER DOSIS***

Prung padungdung, uing mecak jurus bubuka. Teu poho mapatkeun jampé pamaké. Nyambat karuhun ngagupay kawasa alam sangkan nyurup kana raga. Teu kudu lila, sakumaha biasa karasa punduk beurat. Aya hawa panas asup kana puhu ceuli. Nyaliara ka sakabéh urat. Nyulusup na tulang sandi. Getih karasa ngagolak. Awak hampang panon beuki awas. Opat patandang hareupeun kaciri ngaleutikan. Ngahuleng teu bisa ojah. Uing ngagerem. Maranéhna ngajengkang. Kapiuhan.
Keur anteng jurus pamacan, karasa hawa panas nyelesep kana palangkakan. Minuhan beuteung, sup kana jajantung. Eungap tapi ngeunah. Awak karasa beuki hampang, samalah bisa turukal térékél kana tangkal jeung suhunan padépokan. Kabéh hélok kaasup Ki Juhé, guru uing. Uing muih bari mimiti ngabuburak suhunan, ngaruntagkeun tatangkalan. Ngaruntuhkeun padépokan. Uing gégétrét arateul tingkat déwa. Ki Juhé ngabura, teu teurak. Uing motah, malik ngabura. Kabéh mabur muru salamet, sieun di cakar tuluy di cekék. Déwan guru nyarempod. Pamacan jeung siluman monyét galungan na dada uing, sapaéhna.

Kamis, 29 Agustus 2013

*** Menikah atau Hidup Bersama ***

Dua individu yang bertemu dalam satu kesempatan baik disengaja atau tidak ternyata menumbuhkan sebuah rasa yang bersemi untuk selalu saling mengerti dan sulit melupakan sosok masing – masing seolah menempel erat dipelupuk mata dan mengganggu hari – hari yang biasanya di jalani sendiri. Sebuah proses alami sedang terjadi, molekul- molekul dalam tubuh bergerak dan merangsang syaraf naluri sebagai mahluk sosial untuk selalu berbagi.

*** ROTI PESENAN ***

“Jang tong peuting teuing ka lembur téh, hariwang di jalan!” Ema papagah minggu kamari. “Enya” Uing ngajawab sangeunahna. Poé ieu aya waktu balik ka lembur. Keur Ema jeung Apa mah meuli roti coklat kéju badag. Jam sabelas peuting Uing indit. Sajajalan simpé poék mongkléng. Teu poho babacaan satékah polah hususna mun ngaliwatan péngkolan atawa tungturunan nu pikageueumeun.

Ngagayuh ka tengah peuting, kaciri tugu bodas ngajegir tandaning rék asup wewengkon kebon entéh. Punduk ngadadak ngandelan. Uing anteng milihan jalan nyingkahan nu barolong. Kaciri tina spion tengah aya mahluk laleutik arasup. Tuluy balakécrakan ngadahar roti pesenan. Uing ngalieuk rék nyarék. Teu tulus, sabab dina jok gigireun aya nu seuri maké baju sarwa bodas. Gas ditincak sataker kebek. Mobil mangprét. Anjog hareupeun imah, Apa jeung Ema geus nungguan di buruan. Uing ngaléhléh dina jok hareup bari jibrug cikésang. Apa muka jok tengah, ngarampa roti pesenan bari sasauran, “Geus béak Jang saripati na.”

Senin, 26 Agustus 2013

*** NITIP KAMELANG ***

Halimun kamelang masih nyangsaya dina juru pangimbaran. Neuteup gemet hiji tonggong nu beuki lila beuki ngajauhan. Mawa rasa nu teu dihaja dititipkeun ka salira. Lewang, sanggeus karasa uing nyorangan deui nyanghareupan hanca kahirupan satuluyna. Janten émut deui harita, panggih teu dihaja waktu uing nginghak di juru tajug. Ngarasakeun rangsak raga balangsak alatan teu tumut kana papagon, méngpar tina bag bagan agama ngadon hirup saengahna, sagala dirumpak. Kacandak rajawisuna lepat gaul da hoyong sapertos urang dayeuh.
Anjeun ogé urang dayeuh. Tapi meuni dalit ka masjid, qur'an hadist apal luar jero tur antaré dina ngalarapkeunnana. Ngan ayeuna geuning anjeun kudu balik muru harepan di tempat nu sakuduna. Padahal aya rasa mangkak na dada, katresna meulit na jiwa mihukum raga. Ngan tajug nu nyakséni katugenah ieu rasa. Pangingbaran lalaunan ngoléséd, nangkeup bari ngaharéwos "Teu kedah melang geulis, aya uwa di bumi Allah nu sayogi iraha waé nampi néng geulis pikeun ngamumulé pangharepan."

Senin, 19 Agustus 2013

*** HANJAKAL ***

Gelebug angin peuting maturan norowéco na haté nu gudawang. Nyelesep tiis kana iga tuluy meulit muru jajantung ngaguarkeun pamadegan. Eungap sapada harita. Hanjakal mah ceuk kolot gétara ti heula, tangtu karasa sanggeus kajadian tumiba. Tinggal kumaha urang pasrah sumerah atawa ngalawan perbawa siksa pikeun rasa nu leuwih percéka. Pipilih meunang nu leuwih kocéplak meunang nu pécak, éta babasaan ngajorélat nembongan bari ngabegégan, mupuas.
Baheula kabandang rasa katurut ku hadé rupa, jangji nu andalemi matak nyari kana ati. Ari pék téh geuning tungtung na mah codéka. Sulaya kana perkara poho jangji nu geus matri dina sanubari. Padahal nitip percaya wawakil diri istuning hayang ngaronjatkeun harkat martabat jadi rahayat anu bagja tinekenan.
Ayeuna jangji jeung jirim geus mimiti kumelendang balawiri ngenalkeun diri. Rupa-rupa kamonésan. Tangkal jumerit bati dipaku, jalan barala pinuh gambar nu soméah kapaksa. Angin peuting masih maturan guligah rasa rék milih saha keur periode ka hareupna.