Tampilkan postingan dengan label sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label sunda. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 12 Juli 2014

**** IMUT SALIRA ****

Kareueut gado salira angger teu bisa leungitkeun baluweng rasa. Imut dibanjur sora nu halimpu gé tacan waka bisa meruhkeun gudawang manah rajétna haté. Padahal sanes pamolah salira. Tapi da ayeuna salira nu wakca balaka, wayahna sagala katugenah ngagulidag malidkeun sagala rupa. Nembrag ka salira, umpal umpalan caah déngdeng meulah leuwi larangan. Ngakat gawir ngajungkirkeun batu kayakinan. Sagala dirumpak teu nolih nu tingkocéak. Lulun samak tibuburanjat nyingkahan cai kiruh pinuh bangbaluh. Budak angon metot mundingna sakuat tanaga, meh hanjat ngajauhan sungapan katugenah nu keur ngamuk teu nolih sagala rupa.
“Hapunten Euis ngadugikeun sagala rupina, abot salami ieu nyidem rusiah téh kang” Ngageter soanten salira, ngendagkeun urat kayakinan nyénglédkeun kulit kamunapékan. Karasa aya nu nyalangkrung dina kongkolak. “Teu sawios, akang nganuhunkeun pisan’ Kuring ngawaler bari neger neger sabab haté baruntak ngaburak barik pangeusi dada. Asa teu adil dunya téh. Tungtungna paungku ungku dibaturan sareupna. Leungeun pageuh ngeukeuweuk dua lambar copian akte lahir.

Minggu, 29 Juni 2014

**** Diajar gawé ****

“Saha nu miceun di wésé bapak?!!” Karasa panon dunungan nyasar seukeut. Uing tungkul teu rumasa. “Manéh bongé? Jawab!!!” Karasa tuur ngageter. Kabayang bakal dibéré hukuman. Tungkul beuki jero. Tapi da teu rumasa. Dunungan lajag léjég, nulak cangkéng. Bangkenu. “Mun teu ngaku, kapaksa eureun!!” Kadéngé sora dunungan handaruan, kawas balati nu nanceb na ati. Peurih jeung eungap, ngabayangkeun raray ambu jeung abah. Nu sasih kamari bingah amarwatasuta, anak cikal nyepeng damel jadi obé di kantor pamaréntah. Ayeuna dieureunkeun. Konci sérep dipénta ku dunungan. Uing dititah indit, engké soré ngadeuheus deui. Lalaunan nyingkah bari tungkul. Ngaléngoy . Diinget-inget deui da tarapti gawé téh. Euweuh nu asup iwal ti uing, mun waktuna bébérés téh. “Tapi saha nu ngahaja modol didinya? Pikasebeleun.”
Pasosoré bari haté mah tagiwur, neger-neger manéh ngadeuheus ka dunungan. Pas rék keketrok kaciri panto méléngé. Lalaunan ditoong. Gebeg. Kaciri dunungan keur nyangsaya bari molotot melong ka wésé. Kapiuhan.

*** RAPAT PASOSORé ***

Sajajalan hate nogencang, pabeulit urusan gawé jeung kulawarga. Sasauran mitoha di lembur kamari dina telepon, karasa leuleuy tapi anteb. “Abah jeung ambu sono ka hidep, anak pamajikan gé ngarep-ngarep” Janggélék belenyéhna si cikal nu rék milad munggaran dipangku ku jikan, ngagupay rasa hayang panggih jeung bapana. “Sugan wé di lembur internétna alus, jadi bisa rapat maké skypé” gerentes haté bari muntang pageuh kana jok suburbén nu mangprét kawas diudag jurig.
Anjog ka buruan, lengeun si cikal ranggah. Mitoha duanana marahmay, komo deui jikan mah langsung tatan-tatan. Abah jeung ambu piligenti naros sagala rupi, nya diwaler sailaharna. Padahal sabeulah uteuk keur mikiran bahan rapat soré ieu. Waktu nyérélék. Bada asyar, ngahaja nyumput di enggon, muka léptop. Alhamdulilah, internétna ayaan sanajan konéksi teu nyugemakeun. Rapat dituluykeun bari gogorowokan hareupeun léptop. Diluar, Mitoha papelong-pelong, “Bah, Minantu kawas nu gélo, sauran Jang mantri geura, palaur” Ambu ngaharéwos. Abah ngoléséd muru ka imah Mantri Sodik.

*** pasir luhur ***

Tanjakan teu aya lirénna, padahal tihandap mah katawisna pasir téh jangkungna teu sabaraha. Asa répot pisan, margi méngkol sakedik geuning nanjak deui. Bitis karaos panas tur rarengkeng. Urat ranteng nahan awak nu beuki abot, ogé sumanget ngawitan lungsur. Padahal kénca katuhu héjo ngemploh, hawa gunung nenangkeun pikir. Anjeun gigireun, kedahna matak bungah. Mung hanjakal sanaos raga nyarengan. Geuning manahna kakantun dipangumbaraan. Ngait getih ogé harepan nu kabeungkeut ku jangji pasini ka pangéran di tanah sabrang. Karaos ramo anjeun nyepeng kana panangan, tapi angger karaos lewang. Tebih panineungan. Teu seueur catur nu kapihatur, mung hégak sareng hahéhoh nyarengan urang duaan dugika ponclot pasir harepan. Saatos mendak tempat nu merenah, samak digelar bebekelan diguar. Anjeun ocon, ngadongéng baheula jaman rumaja, waktu urang mimiti apal hartosna tresna. Hanjakal aya nu ngagurilap dina ramo katuhu, mupus sagala harepan. Anjeun nyangsaya dina dada, mung tresna duka kamana. Kagentos ku napsu nu ngabebela.

**** SANÉS ANJEUN ****

Meureut émutan bari mapay galar kahirupan, ngimeutan rébuan kajantenan nu tos kalangkung. Angger teu kapendak laratannana, “Saha anjeun téh?” haté norowéco margi keukeuh teu kapendak sanaos sakolébat. Samentawis anjeun meuni anteb mencrong, bari teu hilap imut nu matak uruy. Matak ngajamparing manah, ngagegewék jajantung. Mupus kahariwang tur nyebar janten pucuk pangharepan. Hanjakal geuning teu acan kapendak waé, “Saha anjeun téh, ogé dimana kantos patepang?”
Lalaunan renghap ranjug ditata supados merenah. Peureum sakedap bari neuleuman haté.”Perbawa yuswa atanapi anjeun mung saukur ngaréka-réka?” sagala patarosan ngagateng minuhan rohang dina labirin mastaka. Ngadesek janten eungap, antukna oksigén kana otak kapegat. Jajantung ngawitan bendu, ratug nu lain munggaran. Rénghap ranjug janten jalan ningalikeun guligah rasa. Mamanawian anjeun masihan kapercantenan supados ngawartosan naon anu janten kapanasaran. Mung hanjakal sanaos kuring tos ngagolér bari sesah ngarénghap, anjeun angger imut. Tungtungna dina rénghap pamungkas, sakolébat émutan ngajorélat. Éta sanés anjeun. Sanés. Anjeun keukeuh imut dina baligo.

*** Dunungan Pinter ***

Dinten senén énjing-énjing jajap dunungan ngabujeng ka salah sawios gedong sigrong di puseur dayeuh. Badé daptar keurseus basa deungeun. "Sayah mah lain teu bisa basa inggris téh, tapi ieu mah nyampurnakeun wungkul" Saur dunungan reueus, uing unggeuk. Teu dugi lima menit anjog ka tempat anu dimaksad, dunungan langsung lebet bari teu weléh imut ogé nyanggeum, "good morning." "Good morning sir" waler satpam. Teu kedah ngantri da tos tarerangeun. Langsung ditampi ku pingpinan keurseur di rohang tamu nu lega tur asri. Saatos basa basi ku basa nu kadangkawis parantos basi. Babadantenan lebet kana rencana program oge nangtoskeun pangaos. Dunungan kerung ningal pangaos. "Naha meuni awis?" "Margi ieu full native speaker" waler pingpinan keurseus daréhdéh. "Tiasa lungsur deui atuh, wios teu kedah nganggo spiker aktif da di kantor ge seueur. Leres teu jang?" Uing curinghak. Kapaksa unggeuk bari tungkul. Raray asak burahay ngemu kaisin gaduh dunungan pinter teuing.

*** PANGGIH DEUI ***

Keur anteng nyamualkeun sambel goréng kentang, goréhél téh si pikasebeleun. Melong najis bari ngabegégan, ngurel saharita. Dahar keur ngalimed langsung eureun. Hayang nyekék si bangkawarah. Tapi pas ramo ngaragamang, manéhna nyingcet bari nyengseurikeun. Beuki ambek ngagugudug. Teu antaparah deui, nangtung tuluy ngudag nu becir ka dapur. Panto dapur teu sirikna ditajong ogé pagawé réstoran ampir ngajengkang, nyingkahan uing.
Hareupeun panto dapur uing ngajengjen, mandeg mayong. Nempo si kasebeleun nulak cangkéng hareupeun, bari di kénca katuhuna ngajajar haréjo babaturanna. Aya nu sapapan sadudulur, aya ogé nu geus koalisi jeung kentang atawa paria. Mencrong buringas. Uing ngaheruk. Inget kajadian lima warsih katukang. Ku sabab kabongroy ku si héjo pelem, dahar béak lima papan. Cikruh jeung sambel dadak. Tuluy muru imah pimitohaeun rék pasini nangtukeun poéan lamaran. Hanjakal kabéh bolay. Sabab karék gé sungut engab rék cumarita. Calon mitoha jeung dulur dulur bébéné kapiuhan. Weureu ku segakna si héjo pelem.

Kamis, 23 Mei 2013

***USG TIROID***

www.poradniaremedium.pl
Asup ka rohangan pamariksaan geumpeur nataku, samar polah sagala karasa, irung mélér padahal henteu salésma. Gék diuk dina korsi, "naon nu karaos bu?" dokter naros daréhdéh, "ieu aya bénjolan dina beuheung". beuheung diolésan jélli, tiis jeung baseuh. Gap kana USG, congona ditapelkeun na beuheung bari di usar ésér. "Bu, ieu aya jaringan teu normal dina tiroid, katawisna tumor jinak”, "bahaya teu dok?", "kedah diparios biopsi, dicandak sampel sél sakedik, nembé jelas". Beuki panasaran, da rarasaan mah séhat "katawis timana aya tumor?".
Dokter surti, bari nunjuk kana monitor "ieu bu, gambar nu paroék sareng pasiksak indikasi aya sél anu teu normal da nu séhat mah terstruktur rapih, contona ieu" bari napelkeun congo USG kana beuheung manéhna.
Pluk!!... USG murag, dokter beungeutna sepa, léos ka rohanganna, blug!!!, panto ditutupkeun satakerna, kadéngé sora dokter keur nelepon bari ceurik. Kuring nempo monitor, ébréh gambar jero beuheung dokter, poék jeung pasiksak leuwih loba ti kuring.

Rabu, 22 Mei 2013

*** SAPI IMPOR ***

 “Ampuun... ”, “jekuk...jekukk”, sora ngalenghis éléh ku patingjelebétna peureup kana bengeut jeung awak nu dibarung nafsu, “warah tah warah”, gorowok salah saurang bari tutunjuk tipopolotot. “Dorrrrr” sora bedil meulah langit ngabubarkeun nu keur ragot neunggeulan, Kapolsék di baturan ku Lurah ngabubarkeun warga nu titatadi parebut ngagebugan. Warga ting koléséd, nu digebugan nyangsaya na rungkun kacapiring, geutih ngucur tina irung, bari renghap ranjug.
Réngsé diubaran di puskésmas, tuluy dibawa ka kangtor pulisi, Kapolsek nalék,”kunaon ari manéh sarjang, ngadon rék ngagadabah sapi bobogaan ua sorangan?”. Nu ditanya tungkul, ngaheruk. “Jawab, lain kalah ceurik” Kapolsék muncereng. “Ampun paralun pa, teu pisan-pisan, tadi énjing di kandang sapi si ua teh, rek mraktekkeun hasil mangkukna, pelatihan di dayeuh, améh sapi baranahan ku jalan suntik, jadi sapi si ua bakal gancang ngalobaannana, oge sapi warga nu sanésna, antukna moal répot kedah impor daging sapi ti nagara deungeun”.
“Maksud alus, salah léngkah” haréwos Ki Lurah ka Kapolsék.

*****NGUNGKUG*****

http://faithistorment.blogspot.com/2012/01/city-silhouettes-photos-by-jasper-james.html
Hujan cimata teu ngalééhkeun rasa mokaha, teu bisa nahan nu tuluy ngungkug ninggalkeun balaréa, nu anteng ngawawaas mangsa katukang nu pinuh ku kabagjaan,silih ajénan, jauh pisan tina pacéngkadan. Tapi keukeuh teu nolih kanu sapalih teu ningal kanu hanjakal, ngungkug istuning poho kana temah wadi, hilap kacang kana kulitna, ninggalkeun sagala nu gudawang teu malih rupa, nu raheut teu bisa paheut,nu pasea angot tandasa. Siga nu teu boga dosa perdosa, asa pangbalégna, teu miroséa rasa nu geus pasiksak, banda nu kari tapak, béak pikeun méré pangbagéa sangkan jeneng dina puseur kakawasaan nu diajam ti baheula. Lain mulang tarima kanu ngorbankeun sagalana, tapi kalah ninggalkeun, dina mangsa geus meunang kahayang. Hujan pasosoré maturan curulungna cimata jumeritna jiwa. Nu ngagidig beuki jauh muru lalangsé dina balébatna soré.

*NUHUN GEULIS*

www.leonebimo.blogspot.com
Sup ka jamban, ucul-ucul, nyiuk cai ku gayung, gebyur kana awak karasa seger. Sirah dibanjur bari peureum, belenyéh hareupeun aya nu seuri. Tapi pas benta teh ngan saukur keramik jamban hejo kolot nu motif kembang-kembang maturan peuting nu beuki simpé. Peureum deui... belenyéh imut ngirut samar-samar, tapi beunta mah suwung. Gura-giru disabun tur dianggir, tuluy dibersihan bari rusuh gejebar-gejebur.
Ti saprak peuting harita, unggal keur dijamban, sakedapeun peureum, sok ngolébat pameunteu sareng imut nu geulis si rambut panjang. Ayeuna mah asa haneuteun diimah kontrakan téh, teu sorangan teuing, asa boga batur, sanajan panggih mun panon ngahaja dipeureumkeun. Kabayang anjeuna keur nungguan dina lebah tangkal jambu gigireun imah, imut ngagelenyu. Mun kuring rék kaluar kota, geus ngonci panto teh tuluy peureum sakedapeun, ébréh anjeuna gugupay bari ucang anggé.
“Nuhun geulis, sanajan duka saha anjeun téh, geuning meuni geugeut tur betah maturan kuring”, gerentes haté bari peureum. Néng geulis ngalayang ngadeukeutan.

NURUTAN BATUR

Deregdeg muru basisir, guyang cai rasa uyah, babanjur susurakan, nempo batur anteng ngojay bari tungkul maké kacamata palastik jeung anténeu, asa kabita, teu kudu maké nu kitu uing mah da di lembur gé jagona ngojay di leuwi Ciptageni. Beretek lumpat, gajleng, ngojay muru katengah ngadeukeutan nu keur aranteng, sirahna asup na jero laut. Uing nurutan, panon dipolototkeun, peurih, tapi nempo taman éndah nu karék kaciri salila nyunyuhun hulu. Lauk patinggurilap dina karang nu matak uruy. Sabot kitu dihandapeun aya nu ngojay nyoloyong ngabelegbeg hideung, badag jeung kaciri panonna nempo ka kuring.
Gebeg, haté ratug awak leuleus, cai laut kainum, peurih, eungap. Uing ngojay sabisa-bisa, tapi kalahka beuki tilelep. Keur kitu gigireun aya nu hideung ngadeukeutan, geup leungeun dijéwang, cangkéng aya nu metot,”tulungggg.. emaa.. bapaa.. ujang can hayang paéh”, lep kapiuhan.
“Lapor Dan, alhamdulilah budak ieu bisa disalametkeun, tadi ngojay tengah teuing”, ceuk balawisata, Komandanna unggeuk, uing ngahuleng inget ka kolot.

*SIBEUNGEUT*

Awak hareudang rasa bayeungyang, hayang sagebrus-gebrusna mandi matak seger dina implengan. Tepi ka imah, motor ditungtun kana garasi. Kulutrak muka panto dituturkeun ku jikan, "naha pararoék" gerentes haté. "Jadol téh PLN, pareum listrik lain wayah, puguh cai teu ngeusi kana bak, pikasebeleun". "Sabar akang" jikan mairan. "Euweuh sabar sabar, cik pang néangkeun naon wé keur sibeungeut!!", jikan ngaleos ninggalkeun kuring nu samutut.
Keuheul masih ngajeblug dina haté, késang napel meuni pepel. Asup ka tengah imah, dijuru nonggérak dua botol kécap meunang meuli minggu kamari di majaléngka, kécap asli, kakoncara kécap panghadéna. Pangangguran di alak ilik tuluy mawa péso keur muka tutupna, lumayan batur dahar pasosoré. Séttt...., péso nyopak tutup botol, "ceproooot!!!!!" kécap nyebrot kana beungeut, kana témbok, kana lalangit, oge kaos bodas jadi coklat, rangsak pinuh ku kécap. Jigana teu dihaja kakocok salila na motor majaléngka - bandung. Jikan nyéréngéh bari ngasongkeun elap. Tungtungna sibeungeut oge, sanajan maké kécap.

WAKCA BALAKA......

www.nomor2.blogspot.com
Kulit antel matak ngarahuh, méga sirna, sumawonna lalangsé ilang tanpa karana, nyésakeun balébat soré dipapaés ku katumbiri, nyurup layung ngagembang rasa. Panangan montél lalaunan milari galur dina lahunan, bagja tinekanan, soca cureuleuk neuteup anteb, ramo gumeulis ngusapan taar, bangun deudeuh taya papadana, atoh amarwatasuta. Mung hanjakal sanajan haté ngagedur hoyong ngedalkeun katresna, geuning lambeuy kakonci teu tiasa cumarita, padahal ieu waktos nu utami pikeun ngadugikeun bangbaluh haté. Awak ditangkeup pageuh, raga bungangang jiwa percéka, karaos pisan éndahna dunya, nyeuseup gumulurna cinta, asih munggaran nu taya bandingannana.
Silih usap, silih tamplokeun kaasih, mung hanjakal geuning teu aya kecap nu tiasa kedal, ukur silih teuteup silih kiceup, tandaning asih ngadalingding, ngagegeba rasa silih simbreuh katresna. Lalaunan ngiatkeun niat, mageuhkeun pamadegan pikeun ngedalkeun ieu rasa, ngabudalkeun bendungan jiwa nu teu kiat nahan caah rasa rumasa micinta ka manéhna, “meongg...meonggg,..meoooong”.
“Si empus lucu, nembe disada ayeuna”, saur neng Mila bari teras ngoconan kuring.

***LALAMPAHAN RASA***

www.poztmo.com
Rumegag rasa mangsa anjog na golodog padumukannana, rumanggieung ngempelkeun émutan nyawang éndahna mangsa katukang, di ieu tempat nu pinuh ku carita welas asih, kadeudeuh ogé kasedih tur cisoca nu teu tiasa wakca balaka, tapi keukeuh nyurulung nganteurkeun guligah manah waktos dipisah duriat pegat hakékat.
Kolébat payuneun raray carita sapuluh taun katukang, mangsa keur silih simbreuh kaasih, silih rungrum cinta rumaja, istuning dunya karasa bagja salawasna. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak téh lain ukur paribasa tapi nyata dilakonan, matak geugeut ngémutannana. Mung hanjakal éndahna duriat kapegat ku rasa kuciwa anu rosa, mangsa néng Cinta mendakan nyalira, kuring keur ngumbar katresna sareng indungna, nu tos nyalira dikantun maot ku carogéna. Antukna néng cinta poekeun rasa, teu tiasa di dinding kelir, ambek amarwatasuta, bubuk portas janten jalanna, megatkeun nyawa alatan kuciwa. Tunggul ngajentul nyaksian uing ngarumpuyuk balilihan, nyuuh kana taneuh astana.

****HAMPANG****

Keclak infus ngagagas kana haté, cai ngagenclang ngagulusur ngaliwatan lolongkrang selang kahirupan nu ngagateng meuntasan paneuteup rasa muru kana puhu leungeun pikeun asup na jero urat, pagaliwota dina saluran geutih, ngabagéakeun harepan, ngumpulkeun kabingung, gilugah, sumanget jeung pamaksadan hoyong damang sabihara-bihari.
Raga ngajoprak teu walakaya, batin ngalempréh suméréh istuning taya kahayang pangawasa, neuteup poé nu tuluy ngungkug bangun alum, meuntasan jaman ngajorag takdir, ngajejewét papastén. Simpé minuhan haté.
Ayeuna infus tos teu ngeclak deui, tapi nyurulung badis curug meulah walungan, pa buru- buru, rarusuh jiga nu saémbara, lumpat satakerna minuhan kahanaang rasa nu karasa beuki rosa. Jalur asupna lain wungkul liwat puhu leungeun tapi ditambah ngaliwatan suku jeung dipasang deukeut genggerong. Awak karasa hampang basa aya béja infusan rék dicabutan, karasa sugema sabab awak rangsak bakal aya eureunna. Ba’da asyar dokter jeung perawat ngarumpul sabudeureun awak, tuluy nyabut sakabéh selang bari dumareuda. Kuring imut bari lalaunan ngapung ngajomantara, hampang.

**NU PARASEA**

www.aebusniessnetwork.com
“Méooooong... ngéooooong, méééééong.. whaaaaong”, sora ucing paséa patémbalan, rungseb kana cepil, ngagéréan teu katahan, méré lolongkrang kana jajantung sina ratug, neken angen dongkap amarah, rék peureum pasosoré balik capé digawé, diganggu ku ucing gétréng nu parebut pamor dina suhunan bari disada teu eureun-eureun. “mrééééooong, grrrrmmm.... méooong”, ucing bikang beuki séah, masang kuda-kuda, bulu narangtung ceulina rancung, panon melong bangun nu ngitung. Ucing jalu nu bulu hiris mah uang éong bari nyérépét muru ka bikang, ari nu hideung meles mah camperego, panon gular giler, “méooooooong”.
Amarah geus ngabudah, raga teu tahan, jiwa baruntak, uing ngajleng tina dipan, najong panto hareup, langsung luncat kana suhunan. Uing taki-taki bari nyanggéréng, huntu ranggéténg sihung ngajentul, langsung babaung “mhééonggggggggg”. Ucing nu keur paséa jep jempling, papelong-pelong, tuluy narangtung maké dua suku, pacantél, tuluy indit ninggalkeun uing bari pakaléng-kaléng, kadéngé samar-samar nu bikang disada, “hayu urang ngalih amengna akang-akang, di dieu mah paur, aya ucing ageung”.

*MURU PURNAMA*

www.faceberuk.blogspot.com
Patingkocéakna calon pagawé basa ngaliwatan kuburan anyar, nu dicaangan ukur ku oncor, jadi hiburan keur kuring nu purah ngajagaan pos tilu, bisi aya nu kapaéhan, ma’lum acara ‘jurit malam’ dina raraga panarimaan pagawé anyar keur ditempatkeun di wewengkon Kabupatén Cianjur téh maké acara nyingsieunan sagala, ceunah mah méh kuat méntal. Kuring jongjon wé nyarandé dina dapuran cau bari ngalamun, nungguan béak nu ngaraliwat.
Angin ngahiliwir, langit béngras maturan purnama ngajadikeun peuting nu éndah. Keur anteng mépéndé bulan, gigireun aya sora meuni halimpu, “tiasa nyarengan abdi kang?”. Pas ngalieuk, ébréh hiji mahluk geulis kawanti-wanti, imut ngagelenyu, kulit sampulur awak semu cahayaan bari nunjuk kana purnama. Teu loba mikir, ujug unggeuk kawas bueuk meunang mabuk. Nu geulis nangkeup, tuluy ngagaléntoran, ni’mat pisan. Beuheung karasa diciuman, lalaunan ceb aya nu seukeut kana beuheung, tiis karasana, awak harampang, sugema.
Lalaunan muka panon, atra kuburan handapeun, kuring ngapung muru purnama bari disangkéh ajag bikang kajajadén.

*RIUNG MUNGPULUNG*

Jalan tamansari jadi saksi ngadalingdingna asih ngembang kanyaah, masrahkeun rumasa diri pikeun jadi bagéan rumpaka kahirupan maranéhna. Sanajan rasa teu bisa miboga ngan ukur neuteup geugeut, silih pelong, paadu imut, kadang kawis antel sakedap, matak bungangang jiwa ngapungkeun raga kana sawarga dunya.
Mungguhing tresna teu kawatesan ku basa, teu bisa dihalangan ku sagala réka perdaya. Tos cunduk kana waktu tangtu sagalana geusan ngajadi, teu aya nu tiasa ngahalangan. Kuring gilig nguatkeun niat ngajemput pameulit haté panyocok raga, sanajan kudu nyanghareupan halangan harungan nu jadi lalangsé ngawujudkeun kahayang. Mapatkeun ajian halimunan, kuring asup teu kudu ribut kaluar teu jadi éar istuning jempling sakumaha ilaharna. Tuluy ajian saépi angin, kuring bisa mawa maranéhna sagancangna balébat soré ngajorélat meulah niat, teu matak paburisat, pikeun nuluykeun hirup riung mungpulung di leuweung tutupan. Isukna aya berita na galamédia '9 lutung leungit misterius ti kebon binatang'.

Selasa, 21 Mei 2013

***INSYAF***

www.id.jabunta.com
Aya ku nataku ieu mahluk téh, diudag lumpat didagoan cicing, ditinggalkeun ngadon nuturkeun, giliran uing eureun ngilu eureun, pirajeuneun pisan. Ambek na mah nyelek kana angen, ngebul tina ubun-ubun, ngan hanjakal kitu jeung kitu wé béak karep, éta mahluk euweuh kacapé ngaganggu kana kahirupan uing di dunya nu teu lila ieu. Sakali mangsa dieupanan ku beuleum peda beureum, sambel tarasi jeung peuteuy, teu teurak, kalahka béak ku mitoha dibaturan sangu sa boboko. Dipangngajikeun Yasinan ngarah nyingkah, malik ngaji nu leuwih tartil tur tajwiz nu pangalusna. Antukna béak déngkak, uing ngajentul, éta mahluk gé ngajentul. Sabot ngahuleng, bet inget kana laku lampah loba dosa, sok nganyenyeri dulur, ngabohong ka pamajikan, kolot poho teu kaopénan, orokaya loba nu kasiksa ku laku julig uing, berebey cimata nurugtug muru panghampura. Mahluk téa ngadeukeutan, kaciri carinakdak bari ngaharéwos "kuring nurani anjeun".