Minggu, 29 Juni 2014

**** Diajar gawé ****

“Saha nu miceun di wésé bapak?!!” Karasa panon dunungan nyasar seukeut. Uing tungkul teu rumasa. “Manéh bongé? Jawab!!!” Karasa tuur ngageter. Kabayang bakal dibéré hukuman. Tungkul beuki jero. Tapi da teu rumasa. Dunungan lajag léjég, nulak cangkéng. Bangkenu. “Mun teu ngaku, kapaksa eureun!!” Kadéngé sora dunungan handaruan, kawas balati nu nanceb na ati. Peurih jeung eungap, ngabayangkeun raray ambu jeung abah. Nu sasih kamari bingah amarwatasuta, anak cikal nyepeng damel jadi obé di kantor pamaréntah. Ayeuna dieureunkeun. Konci sérep dipénta ku dunungan. Uing dititah indit, engké soré ngadeuheus deui. Lalaunan nyingkah bari tungkul. Ngaléngoy . Diinget-inget deui da tarapti gawé téh. Euweuh nu asup iwal ti uing, mun waktuna bébérés téh. “Tapi saha nu ngahaja modol didinya? Pikasebeleun.”
Pasosoré bari haté mah tagiwur, neger-neger manéh ngadeuheus ka dunungan. Pas rék keketrok kaciri panto méléngé. Lalaunan ditoong. Gebeg. Kaciri dunungan keur nyangsaya bari molotot melong ka wésé. Kapiuhan.

*** RAPAT PASOSORé ***

Sajajalan hate nogencang, pabeulit urusan gawé jeung kulawarga. Sasauran mitoha di lembur kamari dina telepon, karasa leuleuy tapi anteb. “Abah jeung ambu sono ka hidep, anak pamajikan gé ngarep-ngarep” Janggélék belenyéhna si cikal nu rék milad munggaran dipangku ku jikan, ngagupay rasa hayang panggih jeung bapana. “Sugan wé di lembur internétna alus, jadi bisa rapat maké skypé” gerentes haté bari muntang pageuh kana jok suburbén nu mangprét kawas diudag jurig.
Anjog ka buruan, lengeun si cikal ranggah. Mitoha duanana marahmay, komo deui jikan mah langsung tatan-tatan. Abah jeung ambu piligenti naros sagala rupi, nya diwaler sailaharna. Padahal sabeulah uteuk keur mikiran bahan rapat soré ieu. Waktu nyérélék. Bada asyar, ngahaja nyumput di enggon, muka léptop. Alhamdulilah, internétna ayaan sanajan konéksi teu nyugemakeun. Rapat dituluykeun bari gogorowokan hareupeun léptop. Diluar, Mitoha papelong-pelong, “Bah, Minantu kawas nu gélo, sauran Jang mantri geura, palaur” Ambu ngaharéwos. Abah ngoléséd muru ka imah Mantri Sodik.

*** pasir luhur ***

Tanjakan teu aya lirénna, padahal tihandap mah katawisna pasir téh jangkungna teu sabaraha. Asa répot pisan, margi méngkol sakedik geuning nanjak deui. Bitis karaos panas tur rarengkeng. Urat ranteng nahan awak nu beuki abot, ogé sumanget ngawitan lungsur. Padahal kénca katuhu héjo ngemploh, hawa gunung nenangkeun pikir. Anjeun gigireun, kedahna matak bungah. Mung hanjakal sanaos raga nyarengan. Geuning manahna kakantun dipangumbaraan. Ngait getih ogé harepan nu kabeungkeut ku jangji pasini ka pangéran di tanah sabrang. Karaos ramo anjeun nyepeng kana panangan, tapi angger karaos lewang. Tebih panineungan. Teu seueur catur nu kapihatur, mung hégak sareng hahéhoh nyarengan urang duaan dugika ponclot pasir harepan. Saatos mendak tempat nu merenah, samak digelar bebekelan diguar. Anjeun ocon, ngadongéng baheula jaman rumaja, waktu urang mimiti apal hartosna tresna. Hanjakal aya nu ngagurilap dina ramo katuhu, mupus sagala harepan. Anjeun nyangsaya dina dada, mung tresna duka kamana. Kagentos ku napsu nu ngabebela.

**** SANÉS ANJEUN ****

Meureut émutan bari mapay galar kahirupan, ngimeutan rébuan kajantenan nu tos kalangkung. Angger teu kapendak laratannana, “Saha anjeun téh?” haté norowéco margi keukeuh teu kapendak sanaos sakolébat. Samentawis anjeun meuni anteb mencrong, bari teu hilap imut nu matak uruy. Matak ngajamparing manah, ngagegewék jajantung. Mupus kahariwang tur nyebar janten pucuk pangharepan. Hanjakal geuning teu acan kapendak waé, “Saha anjeun téh, ogé dimana kantos patepang?”
Lalaunan renghap ranjug ditata supados merenah. Peureum sakedap bari neuleuman haté.”Perbawa yuswa atanapi anjeun mung saukur ngaréka-réka?” sagala patarosan ngagateng minuhan rohang dina labirin mastaka. Ngadesek janten eungap, antukna oksigén kana otak kapegat. Jajantung ngawitan bendu, ratug nu lain munggaran. Rénghap ranjug janten jalan ningalikeun guligah rasa. Mamanawian anjeun masihan kapercantenan supados ngawartosan naon anu janten kapanasaran. Mung hanjakal sanaos kuring tos ngagolér bari sesah ngarénghap, anjeun angger imut. Tungtungna dina rénghap pamungkas, sakolébat émutan ngajorélat. Éta sanés anjeun. Sanés. Anjeun keukeuh imut dina baligo.

*** Dunungan Pinter ***

Dinten senén énjing-énjing jajap dunungan ngabujeng ka salah sawios gedong sigrong di puseur dayeuh. Badé daptar keurseus basa deungeun. "Sayah mah lain teu bisa basa inggris téh, tapi ieu mah nyampurnakeun wungkul" Saur dunungan reueus, uing unggeuk. Teu dugi lima menit anjog ka tempat anu dimaksad, dunungan langsung lebet bari teu weléh imut ogé nyanggeum, "good morning." "Good morning sir" waler satpam. Teu kedah ngantri da tos tarerangeun. Langsung ditampi ku pingpinan keurseur di rohang tamu nu lega tur asri. Saatos basa basi ku basa nu kadangkawis parantos basi. Babadantenan lebet kana rencana program oge nangtoskeun pangaos. Dunungan kerung ningal pangaos. "Naha meuni awis?" "Margi ieu full native speaker" waler pingpinan keurseus daréhdéh. "Tiasa lungsur deui atuh, wios teu kedah nganggo spiker aktif da di kantor ge seueur. Leres teu jang?" Uing curinghak. Kapaksa unggeuk bari tungkul. Raray asak burahay ngemu kaisin gaduh dunungan pinter teuing.

*** PANGGIH DEUI ***

Keur anteng nyamualkeun sambel goréng kentang, goréhél téh si pikasebeleun. Melong najis bari ngabegégan, ngurel saharita. Dahar keur ngalimed langsung eureun. Hayang nyekék si bangkawarah. Tapi pas ramo ngaragamang, manéhna nyingcet bari nyengseurikeun. Beuki ambek ngagugudug. Teu antaparah deui, nangtung tuluy ngudag nu becir ka dapur. Panto dapur teu sirikna ditajong ogé pagawé réstoran ampir ngajengkang, nyingkahan uing.
Hareupeun panto dapur uing ngajengjen, mandeg mayong. Nempo si kasebeleun nulak cangkéng hareupeun, bari di kénca katuhuna ngajajar haréjo babaturanna. Aya nu sapapan sadudulur, aya ogé nu geus koalisi jeung kentang atawa paria. Mencrong buringas. Uing ngaheruk. Inget kajadian lima warsih katukang. Ku sabab kabongroy ku si héjo pelem, dahar béak lima papan. Cikruh jeung sambel dadak. Tuluy muru imah pimitohaeun rék pasini nangtukeun poéan lamaran. Hanjakal kabéh bolay. Sabab karék gé sungut engab rék cumarita. Calon mitoha jeung dulur dulur bébéné kapiuhan. Weureu ku segakna si héjo pelem.

Senin, 23 Juni 2014

*** NGAN TILU KECAP ***

Bareubeu pameunteu rahayat nu ngahaja datang ka istana nagara waktos ngadangu uing biantara. padahal teu loba kecap nu disorakeun. Lolobana mah ngan saukur gelebug angin kapaur jeung gumuruhna haté nu kudu gancang méré putusan keur kamaslahatan balaréa. Ngan saukur tilu kecap. Tapi kaciri méré rasa ahéng nu nerekab sakolébat, nyelesep kana sanubari jeung pipikiran séwang-séwangan. Aya nu ngarasa leungit pangharepan, aya ogé jigrag ngarasa boga kasempetan. Tapi loba oge nu olohok ngembang kadu bari mencrong kosong, “Aya naon ieu téh?” bari noél kasabeulah nu keur ngagukguk kanyenyerian. Ngan tilu kecap, kecap anu basajan, lain meunang ngonsép sasaha. Ukur uing jeung Gusti Nu Maha Kawasa. Sugan téh bakal mareuman kaharénghéng, méré daméy keur rahayat. Ari pék téh kalah ngagedurkeun amarah, ngondang birahi kawasa ti pihak nu ceunah salila ieu disiksa digunasika. “Uing amit mundur” jadi jangjawokan sakti, maturan uing nu ngingkig ninggalkeun Istana nagara.

*** ULAH PAMENG ***

“Ulah pameng Jang, sok geura laksanakeun pamundut uwa” Soanten uwa Juhra ngagorowok kapegung. Séép tanagi. Haroshos. Bari rambisak, uing negerkeun diri. “Clebb!!!!”, “Ahhh!!!” Uwa ngarumpuyuk bari nyepeng jajantung anu tobros. Uing tungkul. Teu puguh rampa teu puguh rasa. Dosa atawa pahala?, ngagulumung dina lamunan. Ngaheumbat mamaras. Muterkeun jangji nyata jadi ngan ukur carita. Hampura. Lalaunan raga uwa ditangkarakeun, rarayna bersih sanaos dada balobor getih. Pananganna sidakep bari pageuh nyepeng balati, socana peureum. Langit alum, katumbiri nyumput dina tonggong méga hideung. Lemah cai nyegruk, nampi papastén pikeun ngajagi raga hiji jalmi nu kedah tumpur alatan jangji.
Uing lalaunan ninggalkeun layon, teras lumpat muru basisir pangharepan. Néangan kaca lopian, nu ceunah bisa ngajawab kabéh pasualan. Sanggeus jejem pangadegan, rébuan pertarosan ngaburusut teu katandéan. Kaca lopian ngawaler ajrih, ”Sanés lepat anjeun, uwa hidep téh korban” Uing tungkul, dina kaca lopian kagambar wangunan geueuman di Transylvania.

***SASAB ***

Ngabelesat kaluar ti wewengkon Cirebon meulah peuting muru ka Kuningan. Bari nincak gas, haté mah norowéco, “Asa simpé pisan jajalaneun téh?” Culang cileung niténan jalan. Haté ngagerentes, “Naha jajalaneun téh jempling ogé teu aya imah disisi jalan?” Rada muringkak. Pédah tos wengi jigana mah. Sabisa-bisa babacaan dzikir jeung solawat, ramo pageuh nyekelan setir. Soca mencrong ka hareup bari sakapeung rada niténan gigir jeung tukang tina spion. Sanggeus babacaan mah, haté karasa leuwih tingtrim. Lalalunan katingal ti katebihan gapura, marakpak caang sisi jalan. “Alhamdulilah, rupina tos badé lebet kota Kuningan” Bingah ngahurup manah, atoh ngaragamang raga. Sanaos tadi dijalan asa teu puguh rasa, geuningan lancar dugika tempat anu diseja. Nyaketan gapura, katawis kénca katuhu suhunan nu sami. Baranang ku ratusan oncor nu gagah ngabedega. Dihandapeun gapura samagréng nu jagi. Nyepeng pakarang tumbak, pedang ogé tameng. Sorot socana pinuh curiga. Lalaunan gapura téh diaos, “Wilujeng Sumping di Karajaan Sumedang Larang.”

*** SOBAT BAHEULA ***

Pasisiang haté ngagupay hayang panggih jeung sobat dalit. Nu baheula sagulung sagalang silih tulungan. Ngan hanjakal geus tilu bulan teu patanya. Alatan pabéntar paham pasalia prinsip. Tapi tadi bada subuh, karasa aya nu nyelek kana haté. Inget kana papagah Mama Ajengan, “Kadé Jang, teu meunang megatkeun silaturahmi sanajan urang béda pamadegan.” Inget deui tilu bulan katukang, Ki sobat ménta dianteur ka hiji wewengkon. Rék néang nu linuhung pikeun gampang boga rajakaya. Uing teu panuju sabab datangna rejeki téh kudu dibarung usaha nu soson-soson. Ki sobat bendu, susumpahan megatkeun duduluran. Uing sarua, sudi teuing panggih deui ti harita. Tapi tadi ditelepon téh, Ki sobat ngahayukeun daria. jangjian dahar beurang babarengan ditempat nu biasa. Paamprok, silih gabrug silih hampura. Mesen dahar karesep baheula, Sop buntut. Hanjakal geuning Ki sobat can aya obahna. Dahar sop buntut korédas jeung tulangna. Mangkokna digares teu nyésa. Majar téh, “Ieu sarat lur, méh gancang beunghar.”

*** DIANTELKEUN WUNGKUL ***

“Bapak Kémod ieu konci kamarna nomer 1005” Soanten padamel hotél nu camperenik dipulas imut matak kayungyun. Uing ngahuleng sabab dina leungeun téh lain konci panto tapi kawas kartu kiridit. Dialak ilik, boa si Enéng salah mikeun. Balik deui néang néng nu tadi. “Ieu leres koncina?” “Sumuhun pa, kantun diadekkeun wé upami badé naék lift, ogé muka panto kamar mah”. Uing ngagidig muru lift, tuluy jempol diadekkeun kana ciri panah kaluhur nurutan batur. Bray panto lift muka. Dijero buru-buru mencét nomer sapuluh, tapi lift ngajengjen wé teu naék naék. Panto lift muka, ku uing tutup deui. Aya kana lima kalina. Angger embung naék. Ngésang mimiti kaluar. Uing nyambat kanu Kawasa, “Hampura sagala dosa, mugi digampilkeun sagala rupina” Dadak sakala panto lift muka. Néng nu tadi aya payuneun, “Mangga dibantos pa, cobi nambut koncina.” Ngan diantelkeun wungkul. Lift naék ka lantéy sapuluh. Ogé muka panto kamar. Nuhun geulis. Jorojoy nyaah.