“kade ulah nyikat huntu atawa
sibeungeut dina wastafel pas jam duawelas peuting” papagah wa Udan pas mimiti
asup ka imah kos di totogan sukawening.
Imah kos teh lega aya tujuh kamar
wangunan baheula, karasa rada geugeuman tapi da keun bae ah loba batur ieuh. Teu
nepi kana sabulan ti kuring asup, eta kosan teh geus pinuh ku mahasiswa da tempatna
deukeut pisan ka kampus, tinggal leumpang.
“usep” bari leungeunna kahareup
ngajak sasalaman. “enud”, ceuk manehna
bari seuri. Tuluy ngawangkong pancakaki ngalor ngidul kawas nu loma.antukna
jadi dalit jeung si enud teh, meh kacai babarengan, ulin oge paduduaan,asa
cocok jadi balad. Ngan ari sifat keukeuhna mah angger we da geus adat ka kurung
ku iga.
Kaasup anu dihulag nyoo wastafel
tengah peuting, kalahka nangtang jeung rek dibuktikeun peuting ieu, kabeneran
malem jumaah. Satengah dualas geus saged rek nyikat huntu bari teu weleh
sura-seuri bangun nu nikmat, padahal sakabeh pangeusi kos tagiwur bisi
katempuhan urusan anu can karuhan.
Teng jam dualas,euweuh sora nanaon
deukeut wastafel, istuning jempling, simpe, kawas euweuh tandaning kahirupan.
Kitu oge sora Uned leungit dihakan bumi. Lalaunan kuring jeung wa guru oge
babaturan ngadeukeutan kana wastafel tea, kaciri si enud ngaringkuk handapeun
wastafel, panon bolotot bari leungeun merengkel bangun nu sieun, nempo anu
piikasieuneun. Teu bisa ditanya, teu bisa digulanggaper.... ngagibrig we bari
molotot.
Na jero kaca hareupeun wastafel aya
nu melong bari nyerengeh.
Cag...