Sabtu, 22 Desember 2012

Wastafel

“kade ulah nyikat huntu atawa sibeungeut dina wastafel pas jam duawelas peuting” papagah wa Udan pas mimiti asup ka imah kos di totogan sukawening.  Imah kos  teh lega aya tujuh kamar wangunan baheula, karasa rada geugeuman tapi da keun bae ah loba batur ieuh. Teu nepi kana sabulan ti kuring asup, eta kosan teh geus pinuh ku mahasiswa da tempatna deukeut pisan ka kampus, tinggal leumpang.

“usep” bari leungeunna kahareup ngajak sasalaman.  “enud”, ceuk manehna bari seuri. Tuluy ngawangkong pancakaki ngalor ngidul kawas nu loma.antukna jadi dalit jeung si enud teh, meh kacai babarengan, ulin oge paduduaan,asa cocok jadi balad. Ngan ari sifat keukeuhna mah angger we da geus adat ka kurung ku iga.
Kaasup anu dihulag nyoo wastafel tengah peuting, kalahka nangtang jeung rek dibuktikeun peuting ieu, kabeneran malem jumaah. Satengah dualas geus saged rek nyikat huntu bari teu weleh sura-seuri bangun nu nikmat, padahal sakabeh pangeusi kos tagiwur bisi katempuhan urusan anu can karuhan.

Teng jam dualas,euweuh sora nanaon deukeut wastafel, istuning jempling, simpe, kawas euweuh tandaning kahirupan. Kitu oge sora Uned leungit dihakan bumi. Lalaunan kuring jeung wa guru oge babaturan ngadeukeutan kana wastafel tea, kaciri si enud ngaringkuk handapeun wastafel, panon bolotot bari leungeun merengkel bangun nu sieun, nempo anu piikasieuneun. Teu bisa ditanya, teu bisa digulanggaper.... ngagibrig we bari molotot.

Na jero kaca hareupeun wastafel aya nu melong bari nyerengeh.
Cag...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar