Sabtu, 15 Desember 2012

Ngagaya

Keur anteng we numpak mio anyar beureum euceuy meunang ngiridit ti jang ohim, bari sura seuri kanu papanggih dijalan da asa panggayana pangbeungharna.. Aing tea. Ti tanjakan aki uye nepika lebak deukeut masjid kacamatan nyeumprung si beureum anyar bari biwir teu weleh tebar pesona sajuta imut ka kasaha wae nu panggih kaasup kana domba nu keur ditungtun muru ka pasar salasa. Ngan geus liwat jambatan karek rada geumpeur jeung ngesang bijil teu bebeja tina sisi tarang, malah mah mandor ode nu nanya disisi jalan ge diliwat we. Beungeut sepa hate ratug tutunggulan bari leungeun tipepereket nyekelan gas. Sababna mah saeutik, geuning pas ngerem ku suku katuhu teh euweuhan.. Jadina motor nyemprung kawas nu pundung. "Tulung.. Tulung" kuring gogorowokan bari mio mah tuluy mangprung. Tungtungna.. 'Braaakk.. Gubrag. Motor anyar ringsek nabrak gapura kantor kacamatan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar