Rabu, 23 April 2014

***Teu Dikota Teu Didesa***

Ma Ésih tos rada reugreug ayeuna mah ningali nyi Arum bérag deui. Dua sasih huleng jentul alatan pegat katresna pagujud cinta sareng urang dayeuh ditempat kuliahna. Antukna sakola kaluli-luli, uih ka lembur bari bingung. Padamelanna mung ngalamun dibarung reumbay cisoca. Alhamdulilah ku kanyaah indung ogé kiatna mereketkeun du’a kanu kawasa, ayeuna néng geulis téh tos sumanget deui. Malih meuni rajin pisan ngaos unggal dinten, diwuruk ku Mama Haji kokolot lembur.
Mung hanjakal teu lami, tadi siang kapendak tos nguluwut deui bari inghak-ingkahan. “Kunaon deui nyai?” Ma Ésih naros bari ngusapan pinuh kadeudeuh. “Hapunten ema, geuning teu dikota teu di kampung. Pameget mah buhaya!!”, “Naha kitu geulis?” Ma Ésih kerung. “Muhun kapungkur pa dosén alim mirak bojona, ayeuna di dieu Ki Haji ogé keukeuh alim mirak bojona. Padahal nyai tos sayogi dipihukum janten nu kaopat. Teras ieu kumaha nasibna?” Nyi Arum ngawaler bari nyepeng patuanganna, nginghak. Ma Ésih ngajentul ngaraga meneng.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar