Rabu, 23 April 2014

****ANGIN PEUTING****

Angin peuting nguliwed tukangeun sirah noélan bulu punduk. Antukna sarupaning bulu jadi cararengkat lain wayah. Padahal loba jelema nu keur ngariung di ieu patempatan. Ngadon aranteng ngagéol nurutan artis kampung nu motah di luhur panggung. Uing maksa ngilu ngagéol, tapi beuki hemeng da di panggung katingali geuning nu ngagéol téh sirahna jelema tapi awakna oray. Digigireunna bagong jeung ajag jojing bari calawak. Buru-buru uing ngadeukeutan Mang Juhra, tuluy ngaharéwos titukangeun, “Amang naha nu ngagéol dipanggung téh kawas oray jeung bagong?” Mang Juhra teu ngajawab tapi anteng wé ngoyagkeun raga. Angin peuting beuki karasa nojosan tonggong méh parat kana dada. Ngulikbek na jero beuteung matak seueul kana wawanén. Uing ngadeukeutan deui, bari ngajéwang leungeunna ti tukang, “Amang!!!” karasa leungeunna téh keusrak. Mang Juhra eureun ngageolna. Malik lalaunan tuluy mencrong kana beungeut uing, “Nnngaya naong hah?, ngroook ngrook” Angin peuting karasa ngabéntar kana sirah, bencar.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar