Selasa, 21 Agustus 2012

Tobat Gan.....

Kahandeueul asa geus maratan ubun ubun, ngabodol rasa ngoredaskeun karunya nu kaduruk ku ngabebela na seuneu amarah dina mangsa halodo panghampura. Nu antukna nyokot hiji putusan pikeun ngirim berita singket nu eusina rarasaan mah bakal muaskeun ieu amarah tur ta ngabereskeun nu dipikahayang.
Berita nyebar nu asalna ngan babaturan wungkul teh disebarkeun deui ka jalma luar nu sabenerna euweuh urusan, antukna karajaan jadi harengheng, rakyat jadi baringung pinuh prasangka. Punggawa nyaralametkeun diri masing-masing hayang boga ngaran nya susuganan meunang milik nuluykeun kaajenan mun panglima nu jeneng lengser keprabon ku alatan ieu masalah. Tapi geuning kahayang tinggal kahayang, ku sabab diniatan julig jeung licik, lain panglima anu tumbeng kalahka beuki dibere kapercayaan pikeun ngokolakeun dayeuh ngaheuyeuk nagara nu tangtos tetep tuhu kana parentah raja diraja nu jumeneng pinuh ajrih tur mere tauladan pikeun wadya balad sadaya. Samalah nu nyieun ieu hate hariwang, geuning dina gempungan ahir minggon katukang, panglima teu ngamasalahkeun sagala pitenah nu tumiba ka mantenna. Anggursi ngahampura kana kalakuan kuring. Duh gusti nyanggakeun sadaya-daya, kuring tobat tur sayagi babakti ka nagri jiwa jeung raga. Hiliwir angin pasosore nempokeun jangji kuring bari seuri dibarung rasa cangcaya jangji teh bakal ngajadi. Padahal geus matri dina ati ieu jangji teh asli lain basa basi istuning tina nurani uih deui kana fitri nu hakiki... (Dongeng sonten ti Karajaan Asalnyebat MulungkaHayang)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar