Senin, 19 Agustus 2013

*** HANJAKAL ***

Gelebug angin peuting maturan norowéco na haté nu gudawang. Nyelesep tiis kana iga tuluy meulit muru jajantung ngaguarkeun pamadegan. Eungap sapada harita. Hanjakal mah ceuk kolot gétara ti heula, tangtu karasa sanggeus kajadian tumiba. Tinggal kumaha urang pasrah sumerah atawa ngalawan perbawa siksa pikeun rasa nu leuwih percéka. Pipilih meunang nu leuwih kocéplak meunang nu pécak, éta babasaan ngajorélat nembongan bari ngabegégan, mupuas.
Baheula kabandang rasa katurut ku hadé rupa, jangji nu andalemi matak nyari kana ati. Ari pék téh geuning tungtung na mah codéka. Sulaya kana perkara poho jangji nu geus matri dina sanubari. Padahal nitip percaya wawakil diri istuning hayang ngaronjatkeun harkat martabat jadi rahayat anu bagja tinekenan.
Ayeuna jangji jeung jirim geus mimiti kumelendang balawiri ngenalkeun diri. Rupa-rupa kamonésan. Tangkal jumerit bati dipaku, jalan barala pinuh gambar nu soméah kapaksa. Angin peuting masih maturan guligah rasa rék milih saha keur periode ka hareupna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar