Sabtu, 31 Agustus 2013

***OVER DOSIS***

Prung padungdung, uing mecak jurus bubuka. Teu poho mapatkeun jampé pamaké. Nyambat karuhun ngagupay kawasa alam sangkan nyurup kana raga. Teu kudu lila, sakumaha biasa karasa punduk beurat. Aya hawa panas asup kana puhu ceuli. Nyaliara ka sakabéh urat. Nyulusup na tulang sandi. Getih karasa ngagolak. Awak hampang panon beuki awas. Opat patandang hareupeun kaciri ngaleutikan. Ngahuleng teu bisa ojah. Uing ngagerem. Maranéhna ngajengkang. Kapiuhan.
Keur anteng jurus pamacan, karasa hawa panas nyelesep kana palangkakan. Minuhan beuteung, sup kana jajantung. Eungap tapi ngeunah. Awak karasa beuki hampang, samalah bisa turukal térékél kana tangkal jeung suhunan padépokan. Kabéh hélok kaasup Ki Juhé, guru uing. Uing muih bari mimiti ngabuburak suhunan, ngaruntagkeun tatangkalan. Ngaruntuhkeun padépokan. Uing gégétrét arateul tingkat déwa. Ki Juhé ngabura, teu teurak. Uing motah, malik ngabura. Kabéh mabur muru salamet, sieun di cakar tuluy di cekék. Déwan guru nyarempod. Pamacan jeung siluman monyét galungan na dada uing, sapaéhna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar