|
http://cmokorea.tistory.com/116 |
Tengah peuting di péngkolan nu rada suni kaciri hiji wanoja rancunit
maké mantel bulu ngadeukeutan bapa-bapa jeung nonoman nu keur ngariung.
“Punten bilih aya nu badé ngersakeun, mangga haratis”, éta wanoja bari
mukakeun mantel buluna. “Astagfirullohal adzim, nanaonan ieu téh?”, Abah
Sarmad ngarénjag bari melong. Jang Ibro jeung Cép Duléx ogé mencrong
teu kiceup-kiceup. Mang Bahro tungkul bari kunyam-kunyem babacaan. “Badé
moal?”, wanoja rancunit naros deui kanu karempel. Hookeun. Keur ting
haruleng, katingali dua urang Satpol PP muru ka éta patempatan. Wanoja
rikat nutupkeun deui mantel buluna, ngan teu tiasa lumpat da kabujeng
dicerek.
Di pos keamanan wanoja téh ditalék, “Anjeun ngalanggar Perda Asusila,
wayahna kudu dihukum”. “Teu rumaos ngalanggar abdi mah pa, da tadi mah
sanés icalan. Diharatiskeun malih mah”, eta wanoja ngabéla diri. “Naha
bisa kitu?”, “Muhun abdi téh kaleresan dinten ieu icalan téh mucekil,
malih mah batina ageung. Tah nu nembé nawisan haratis téh dina raraga
CSR”.