Rabu, 23 Juli 2014

**** SAKOLEBAT ****

Belegbeg bodas ngajungkiring nempokeun. Teu loba omong teu loba rénghap, istuning melongkeun. Melong anu kawas taya rasa tapi gilekna panon moal bisa nyumputkeun kereteg haté. “Kunaon teu loba tatanya kawas baheula?” uing miheulaan, da apal adat manéhna mah céréwéd bibir awéwéeun. Bari maksakeun imut manéhna ngajawab, “Kamana waé salira, geus sapuluh taun salira leungit teu puguh laratannana.” Uing ngajubleg, teu nyangka geuning salila ieu téh nungguan. Ari sugan téh da ngan saukur tutunggul nu teu boga rasa. Jadi dina mangsa meunang gawé kaluar ti wilayah jajahan, muka tegalan anyar dipeuntaseun Citarum, uing indit teu loba carita. Padahal baheula, saban poé uing nepungan manéhna. Pasosoré macangkrama bari silih tukeur carita kahirupan. Manéhna ngadongéng sagala pangalaman ti jaman baheula, uing mairan ku dongéng kaayaan ayeuna. Pogot silih simbreuhan katresna.
“Hampura tambelar. Sanajan sakolébat tapi sugan tiasa sakedik nambal gudawang rasa salira.” Anjeun ngabedega teu loba carita, tunggon salawasna di Taman Loji Jatinangor.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar