Rabu, 23 Juli 2014

***** BOA ENYA *****

Pasosoré patalimarga beuki campuh, jelema jiga nu jangjian kaluar kabéh. Aya nu muru tukang kolek, aya ogé nu ngaborong candil. Beulah kénca handapeun tangkal, nu dagang diriung ku barudak jeung rumaja, singhoréng tukang petasan jeung kembang api. “Naha kawas bulan puasa?” Uing ngarasa ahéng. Olohok bari gagaro, “Boa salah tetempoan kitu?” gerentes haté nu kebek ku kapanasaran. “Halik euy, montong ngahalangan nu keur usaha!!!”, karasa awak kabetot katukang. Ditempo téh lalaki tengah tuwuh morongos sabab lapak kolékna kahalangan ku awak uing. Uing gogodeg, “Plakk!!!” karasa aya nu panas kana beungeut beulah kenca. “Sia kudu digampleng heula kakarék nyingkah nya?!!” hawar hawar sora gigireun. Karasa bumi asa tungkeb, karonéng na kongkolak panon. Poék.
Lalaunan panon dibuka, geuing uing geus aya di masigit. Ngagolér bari dirariung. Réang nu tadarusan. Pas rék cengkat, aya sora anteb gigireun,”Geus jang reureuh heula. Keudeung deui adzan magrib.” Uing unggeuk bari cangcaya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar