Rabu, 23 Juli 2014

*** NGUDAG ***

Peuting ngagayuh janari, luhureun suhunan kaciri kingkilaban nyingkabkeun kapoék. Sanajan ukur sajorélat, tapi karasa matak waas. Simpé teu nyamuni deui. Awak begang mamawa rasa, ngajanteng hareupeun gedong sigrong pulas héjo. Imah manéhna. Katiris geus teu karasa nyocoan tina sakabéh juru. Geus baal sabab saban peuting silih mihapékeun harepan. Sanajan uing nyadar yén ngimpi téh kudu aya ukurannana. Kingkilaban ngajorélat deui, méré luang keur mencrong gedong sigrong nu kaciri ngésér beuki ngajauhan. Rurusuhan uing ngudag teu nolih kénca katuhu, embung leungiteun deui tapak kawas baheula. Hanjakal gedong sigrong ngadius mangprung meulah geledegna leuweung kapoék. Ninggalkeun uing nu hahéhoh talag tolog. Kesang ngagarajag, panon rambisak. Teu bisa nempo curuk-curuk acan, komo gedong sigrong nu geus ngaber teu puguh laratan. Uing lumpat sakulampat kulampét muru kahareup ngamodal rasa jeung kahayang. Sugan wé meunang ilapat karuntuyan rejeki. Manggih deui laratan kamana léokna gedong sigrong nu ngaganggayong. Uing lumpat meulah peuting muru papastén.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar