|
Haikupic 150115 |
Saumur umur, karék ayeuna meunang luang ka Jakarta. Éta gé purah ngabantuan ngangkutan sayur kana dolak mang Éméd ti Parongpong. Anjog ka pasar wanci janari. Uing singkil nurunkeun sayur aya kana sapuluh balikan. Ngan unggal ngaliwat kana plang pasar rada ngarandeg. “Padahal ieu téh poé kemis, tapi naha bet plang ngaran pasarna senén?”, Uing nanya ka mang Éméd nu keur ngahanca leupeut jeung ranginang. “Ah dipikiran teuing jang, nu penting mah kiriman tepi.” “Enya atuh ari kitu mah.”
“Jang geura sahur, bisi kaburu imsak”, Mang Éméd nyalukan. Uing gasik ngadeukeutan, sahur leupeut ranginang jeung cihérang. Ni’mat. Réngsé solat subuh di tajug tukangeun pasar, dolak nyemprung balik ka lembur. Uing langsung tibra teu inget di bumi alam.
Lalaunan beunta, awak karasa nyareri. Seungit alkohol jeung bétadin. Gigireun, Mang Éméd nangtung. Rarayna caang cahayaan, imut tuluy ngaléos ninggalkeun uing.
“Info Ndan, lakalantas. Supir maot penumpang salamet”, kadéngé sora petugas keur nelepon.